SAWEN
Galura, Minggu I April 2017
Henteu réa anu
apal saha ari Sawén. Manéhna cicing jeung ninina di saung butut di tengah
kebon. Unggal poé Sawén indit ka sawah. Sorangan. Leumpangna mandiri, béda ti
batur, da puguh péngkor jeung kéngkong. Dina tonggongna ngadaplok tas gandong
kuleuheu eusi bekelna; timbel jeung cai entéh.
Sawén unggal poé
tunggu paré anu geus sumedeng koneng. Manéhna diuk di saung ranggon, ngabetot
tali-tali satarikna lamun ningali manuk sabubuhan eunteup dina dapuran paré.
Tali téh ranteng ka unggal juru sawah, digantungan kaléng dina pancuh-pancuh
awi. Atuh disada unggal dibetot téh; kontrang kontrang kontrang! Manuk téh
haliber sarieuneun.
Enya, henteu réa
anu apal saha ari Sawén. Entong boro urang jauh, batur sakampungna ogé saukur apal
budak idéot tukang tunggu sawah. Tapi kahirupan mah ngabogaan aturanna
sorangan. Duka kumaha mimitina, Sawén ujug-ujug kakoncara ka mana-mana. Entong
boro batur sakampung, urang kampung-kampung tatangga ogé, nyaraho saha ari
Sawén.
Enya, éta téh
lantaran kahayang Sawén anu mahiwal. Sawén hayang kawin ka bebegig.
**
Nini Jumsih geus
lima iangan kalur-asup saungna. Tapi unggal ngarandeg, manéhna bingung, naon
anu kudu dilakukeunana. Sakali kaluar saung henteu mawa nanaon, sanggeus
ngahuleng salila-lila di buruan kakara inget arék ngala cai di pancuran. Kadua
kali kaluar imah bari mawa panci, sanggeus lila ngajengjen di buruan bingung
panci téh eukeur naon. Katilu kali kaluar imah teu mawa nanaon, sanggeus
ngahuleng di buruan kakara inget émbér henteu kabawa. Kaopat kali kaluar imah
bari mawa émbér, sanggeus nangtung salila-lila di buruan ogé henteu inget keur
naon émbér téh.
Enya, Nini Jumsih
téh keur baluweng pipikiranana. Manéhna kalut pedah peuting Sawén geus pok deui
paméntana anu anéh.
“Awén hoyong
kawin, Ni,” ceuk Sawén.
Nini Jumsih
imut. Baju anu keur ditambalna disimpen dina palupuh. “Kawin ka saha?” pokna.
“Bebegig.”
Nini Jumsih
kerung. “Naha?”
“Bageul, Ni.
Bebegig mah bageul.”
Éta anu
nyababkeun Nini Jumsih baluweng. Geus tujuh kali Sawén ngedalkeun kahayangna
téh. Peuting mah malah bari ceurik. Mimitina Nini Jumsih nganggap heureuy, tapi
ari terus-terusan mah....
“Ni, kawinken
Awen. Kawinken Awen ka bebegig,” ceuk Sawén.
Nini Jumsih
henteu bisa némbalan nanaon. Saukur bisa neuteup incuna, tuluy nangkeup pageuh
pisan. Tina tungtung panonna aya anu ngalémbéréh maseuhan kulit karijut.
“Naha Nini alim
ngawinkeun Awen,” ceuk Sawén bari ceurik. Cimatana pacampur jeung acay tina
tungtung biwirna.
Éta anu
nyababkeun Nini Jumsih baluweng. Isuk-isuk geus lima kali kaluar-asup imah bari
henteu puguh anu dimaksud. Sanggeus Sawén indit ka sawah, biasana Nini Jumsih
tuluy ka bumina Haji Kodir. Salila ieu Nini Jumsih ngandelkeun hirup ti kahéman
Haji Kodir sareng Ibu Hajah Enah. Nini Jumsih babantu di bumina, Sawén
nalingakeun paré di sawah. Éta téh aya buruhna, buruh anu cukup keur hirup
duaan. Saung Nini Jumsih ogé apan diadegkeun ku Haji Kodir di kebonna.
Poé éta mah Nini
Jumsih henteu ka bumina Haji Kodir. Nini Jumsih ngahuleng di hareupeun hawu anu
ruhakna geus pareum. Manéhna inget ka dua puluh taun ka tukang basa lembur
ibur. Aya awéwé keur bureuyeung kapiuhan di sisi leuweung. Awéwé anu ngaranna
Surining téh asalna mah ti kota. Apruk-aprukan ka sisi leuweung téh néangan
paraji anu sanggup ngaleungitkeun kandunganana. Tapi sanggeus diurut, kandungan Surining
henteu waé kaluar. Surining malah kapiuhan. Sababaraha poé diurus ku urang
lembur. Basa brol jabang bayina anu kakara genep bulan téh, Suriningna mah
henteu katulungan.
Sawén téh budak
Surining anu terus diaku incu ku Nini Jumsih. Kitu ogé sanggeus urang lembur
euweuh anu daékeun ngurus Sawén da kanyahoan cacad. Ti leuleutik geus seubeuh
pangjejeléh jeung panghina batur. Disebut idéot, gélo, budak jadah, jeung
sesebut pikagilaeun séjénna. Tapi Sawén mah ngabalesna saukur ku sura-seuri.
Pikeun Nini Jumsih, angger yakin Sawén téh budak anu bageur jeung normal.
Pabeubeurang
Nini Jumsih ka sawah. Manéhna diuk di gigireun Sawén bari neuteup pasawahan.
Paré anu baleuneur sumedeng konéng. Abrulan manuk beuki mindeng datang. Tapi
ngan eunteup sakeudeung da Sawén kaburu ngabetot tali. Kontrang-kontrang-kontrang.
Di juru kotakan
lebah wétan aya bebegig téh. Dijieunna apan ku Nini Jumsih sorangan. Sawén
ngabantuan ngakutan jaramina ti tukangeun saung. Sanggeus jadi tuluy dibajuan,
baju awéwé, sirahna ditopian warna kayas.
“Bebegig itu anu
bageur ka Sawén téh?” ceuk Nini Jumsih.
“Uhun, Ni.
Seling ngadongéng, seling ajak ameng. Bageul ka Awén. Sapeltos Nini.”
“Henteu nanaon
lamun Nini ngobrol ka bebegig?”
“Moal tiasa, Ni.
Bebegig ngan nyalios ka Awén, ngan ameng saleng Awén. Ilaha Ni, Awén Nikah ka
bebegig? Nikah di Pa LT waé, Ni.”
Nini Jumsih
imut.
**
Ti Pa RT éta
béja Sawén hayang kawin ka bebegig nyebar. Sakabéh urang kampung langsung
arapaleun. Aya anu nyeungseurikeun, aya anu gogodeg, aya anu saukur kekecrék,
jeung réa anu ngoméntaran.
Juragan Sutar
anu nyababkeun Sawén leuwih kawentar. Bandar hasil tani anu ogé réntenir téh ti
taun kamari geus aya rencana pikeun nyalon kuwu. Basa ngadangu béja Sawén
hayang kawin ka bebegig, manéhna seuri ngagakgak. “Dasar, jelema idéot,”
gerentesna. Tapi seurina tuluy eureun. Manéhna ngarasa boga ide anu cemerlang.
Gancang tim suksesna dikumpulkeun, tuluy rapat. Beurangna manéhna biantara di
hareupeun warga.
“Sawén hayang
kawin ka bebegig téh entong saukur digeuhgeuykeun. Da henteu saukur lucu. Tapi ieu
téh masalah moral. Kumaha bisana jelema kawin ka bebegig?” ceuk Juragan Sutar.
“Urang percaya, Sawén jeung Nini Jumsih téh lain dukun, lain tukang santét,
lain tukang sihir. Tapi moral anu goréng patut wungkul anu nyababkeun hayang
kawin ka bebegig diturut! Lembur urang mah kudu beresih tina ancurna moral siga
kitu! Jadi urang entong cicingeun! Lamun sim kuring jadi kuwu....!”
Juragan Sutar
jeung puluhan urang lembur anu ngadukungna tungtungna ngarencanakeun ngabringkeun
Sawén ka balé désa. Sawén kudu diadili. Sawén bakal dibabawa ku Juragan Sutar
pikeun conto ancurna moral. Peutingna maranéhna ngumpul, marawa obor, bring ka saung
Nini Jumsih.
Tapi Sawén
nyampak suwung. Sawén geus kabur. Aya urang lembur anu karunyaeun, tuluy
gura-giru ngabéjaan Nini Jumsih. Sawén kabur ka sisi leuweung, nyumput.
“Nyumput di nu
suni, nya. Tong wara kaluar saacan Nini anu ngagentraan,” ceuk Nini Jumsih.
Juragan Sutar
ambek basa kasampak Sawén geus kabur.
“Ieu henteu bisa
diantep! Kukumaha ogé ancurna moral kudu dibéréskeun. Lembur urang kudu nyepeng
Imtaksolgé, Iman Takwa Soleh Ogé. Jadi... Hayu, urang udag si Sawén ka
leuweung!”
Jelema surak
ayeuh-ayeuhan. Tuluy ngabring ka sisi leuweung. Nini Jumsih balilihan bari
andeprok dina taneuh. Juragan Sutar ngagupayan tim suksesna.
“Pingpin waé
rombongan ka sisi leuweung, nya. Lamun geus katéwak, gancang nga-WA. Abringkeun
wé ka balé désa, ngarah sakabéh warga apal urang anu ngalakukeunana. Entong
poho, mekel kopi-rokok jeung lalawuhna saseubeuhna keur anu ngasruk ka sisi
leuweung,” ceuk Juragan Sutar.
“Bapa moal
ngiring?”
“Puguh ieu éncok
jadi deui.”
**
Peuting karasa
tiris jeung simpé basa Juragan Sutar balik nyorangan. Anu ayeuh-ayeuhan beuki
ngendoran da ngajauhan. Basa nepi ka imahna, gedong dua tingkat anu buruanna
lega tur éndah, anu ayeuh-ayeuhan henteu kadangu deui. Juragan Sutar ngarérét
jam tangan emasna, ampir pukul dua welas. Basa panto dibuka, pamajikan Juragan
Sutar nungguan dina sofa. Imut aya ku manis dina keureut beungeut anu rancunit.
Juragan Sutar ka
kamar mandi. Mandi cai haneut tina shower. Terus nginum cai haneut jeung pél
viagra. Pamajikanana anu henteu weléh imut téh dipangku, tuluy dibawa ka kamar.
Sababaraha menit satuluyna Juragan Sutar hahéhhoh mandi késang. Bareng jeung
nepi kana mamaras birahina aya béja kana hp-na.
“Bos, Sawén tos
katéwak,” ceuk béja dina WA.
Juragan Sutar
imut. Ditangkeup sakali deui pamajikanana anu henteu weléh imut. Diusapan
pipina, gadona, turun kana tenggekna, nyasar tonggongna anu lemes. Cetrék!
Tombol anu aya dina tonggong pamajikanana dipencét. Samenit satuluyna Juragan
Sutar kérék di gigireun pamajikanana anu henteu weléh imut.
**
0 Response to "SAWEN"
Posting Komentar