HOAK
Mangle no
2620, 17-23 Maret 2017
Kakara ogé disalin baju, diuk
dina sofa bari maca koran, jikan nyampeurkeun tuluy diuk di hareupeun.
“Kang, aya berita segar deui
di RT urang.”
“Anu paséa deui? Ah, biasa anu
kitu mah atuh, Jeng.”
“Eh Si Akang mah, kupingkeun
heula atuh ari teu terang mah.”
Bari panon mah masih manco
kana koran, kuring apal, Ajeng pastina baeud. Tapi keun baé. Kuring saenyana
mah anu kudu jéngkél mah. Unggal balik gawé manéhna bakal nyampeurkeun bari
pokna, “Kang, aya berita seger di RT urang.” Lain mawa cai, nanya ka salaki téh
hayang kopi atawa entéh. Komo basa kuring apal, ‘berita segar’ anu
ditepikeunana téh horéng saukur hoax alias bohong.
“Tapi anu ayeuna mah
nyaan-nyaan berita segar, Kang.” Jikan embung éléh. “Salaku Ketua RT, Akang
wajib terang.”
“Enya, berita naon?” ceuk
kuring bari ngalipet koran.
“Akang terang apan Si Géboy?”
“Si Géboy?”
“Muhun, tukang jamu anu sok
nguriling di RT urang, anu rambutna panjang, kulitna umyang konéng, anu henteu
weléh umat-imut waé.”
“Oh, apan urang ngalanggan
lain? Tapi... hahaha, ayeuna mah dilandi Si Géboy?” Kuring seuri mani ngeunah.
Jikan jeung ibu-ibu di RT kuring mah nyaan aya-aya waé. Sababaraha urang anu
jadi korban hoax terusna meunang lalandian. Sataun katukang, Sutar jeung Dinar
anu mindeng paséa nepi ka ngagujrudkeun tatangga, apan dilandi Kulawarga Tom
& Jeri. Nonoy anu indekos di bumi Ibu Santi dilandi Tukah Kuéh lantaran
kanyahoan gawéna di diskotik, duka naon maksudna. Ayeuna tukang jamu gandong
anu ampir unggal poé nguriling di RT ieu dilandi Si Géboy?
“Si Géboy téh ayeuna mah Kang
geus wani ngarayu bapa-bapa di RT urang. Kaperego cenah keur unyan-inyen basa
Pa Yana meuli jamuna. Malah jeung Pa Ujang mah cenah sok jangjian di luar
perumahan. Bahaya apan Kang lamun diantep mah?” ceuk Jikan nyoroscos.
“Jamu manéhna apan ngeunah,
Jeng. Kapaké ku awak Akang gé.”
“Raos mah enya, Kang. Tapi bahaya.
Kumaha lamun Akang ogé karayu, abdi apan anu....”
“Aya-aya waé, Jeng. Masak
naon, Akang asa geus lapar. Engké deui ngadongéng mah, nya?”
Kuring nangtung, neundeun
koran dina méja, terus ka dapur. Jikan baeud, meureun apan kuring ngahaja nutup
obrolan.
**
Kakara ogé disalin baju, diuk
dina sofa bari maca koran, jikan nyampeurkeun tuluy diuk di hareupeun.
“Kang, Si Géboy ayeuna mah
beuki wani. Cenah, Pa Iman anu cicingeun ogé dikiceupan. Acan aya ogé afair
jeung Pa Adang, Pa Barid....” Jikan geus nyoroscos deui waé nepikeun kanyahona
poé ieu. Aya ku hébat Si Géboy, kakara sapoé ogé geus nambahan sababaraha urang
bapa-bapa anu cenah karayu.
“Bu Iman, Kang, kamari merego
pisan. Waktu Bu Iman ka pasar, Si Géboy keur duaan jeung Pa Iman di jero bumi.
Apan culangung anu kitu téh, Kang?”
Kuring api-api unggeuk. Jikan
meureun apal kuring henteu daria ngabandungan gosipna. Manéhna nyekelan
leungeun, ménta kuring leuwih merhatikeun.
“Kang, ari kituna Si Géboy
pantes waé ngaganggu, lantaran manéhna téh randa, ngora kénéh apan kakara 25
taun umurna téh, geulis jeung seksi deui.” Jikan nambahan beritana.
Kuring mah saukur seuri maur.
Jikan jeung ibu-ibu di RT kuring mah nyaan hébat, kakara sababaraha poé ogé
tukang jamu téh dicuriga langsung ngabaris infona ngeunaan Si Géboy. Ti mimiti
Si Géboy randa, boga budak hiji, nepi ka masalah anu ngajadikeun manéhna
pipisahan. Nyaan-nyaan teliksandi anu rancagé apan anu kitu téh.
“Kang, ibu-ibu téh tos
ngarencanakeun bakal nyekal Si Géboy. Manéhna henteu meunang deui dagang jamu
ka wewengkon dieu. Bahaya Kang upami diantepkeun mah. Engké kumaha lamun
sadayana bapa-bapa dirayuna.”
Kuring neundeun koran, terus
neuteup jikan.
“Kumaha tah pamendak Akang?”
“Entong wara nindak siga kitu
atuh, Jeng. Apan kakara gosip, cenah, kajadianana ogé. Boa saukur hoax
wungkul.”
“Ari Si Akang, ti minggu
kamari abdi ngadongéng téh henteu percanten?”
Jikan terusna baeud.
**
Kakara ogé disalin baju, diuk
dina sofa bari maca koran, jikan nyampeurkeun tuluy diuk di hareupeun.
“Kang, abdi mah hoyong Akang
jujur. Terus-terang waé, naon anu kantos dilakukeun Akang?”
Tangtu waé kuring reuwas. Komo
basa ningali panon jikan anu rambisak.
“Aya naon, Jeng?”
“Aya naon?” Jikan jebéng.
Cimatana mimiti aya anu ngeclak. “Naon anu ku Akang dilakukeun tilu dinten
kapengker?”
“Tilu dinten kapengker?”
Kuring mikir. “Akang nyémah ka imah si Bili, terus catur.”
“Enjing-enjingna apan Akang
henteu ka kantor? Waktos abdi ka pasar?” Sora jikan ayeuna mah rada naék.
“Aduh, Jeng, Geulis. Tenang
heula. Entong baper,” ceuk kuring
bari ngusapan pipina. “Kunaon bet nangis sagala?”
“Naon anu ku Akang dilakukeun
tilu dinten kapengker? Waktos abdi ka pasar?”
Kuring kerung, nginget-nginget.
Pok téh, “Akang apan henteu ka mamana, Jeng. Ngan maca koran, dugi ka Ajeung
uih. Oh enya, waktu di dapur Ajeng ku Akang ditangkeup, tuluy dici....
Jikan nyiwit. “Sanés anu éta,
Kang!” pokna tarik. Enya gé kitu, pameunteuna mah bareubeu. “Waktos abdi teu
acan uih ti pasar, naon anu ku Akang dilakukeun?”
Kuring kerung deui. “Akang
ngan maca koran,” pok téh.
“Maca koran? Ari Si Géboy anu
lebet ka bumi? Naha masih maca koran?”
“Oh, hahaha….” Kuring ngabarakatak.
“Akang enya meuli jamu saperti biasa, Jeng. Ngan harita Akang embung kaganggu
maca koran. Jadi tukang jamu téh, saha geuning landianna... enya Si Géboy, ku
Akang dititah ka jero. Tos kitu mah nya atos wé”
“Tapi ibu-ibu nyariosna sanés
kitu. Cenah Si Géboy téh lami di lebet bumi. Bu Enok mah malah ningali Akang...
nepak bujurna sagala.”
“Ah, naha masih dipercaya hoax
siga kitu, Jeng. Carita anu kitu mah tos ditambahan di dtu didieu, ngarah
ramé.” Kuring nangkeup jikan, celengok dicium. “Ayeuna mah mending urang emam.”
**
Basa kuring balik gawé, di imah
loba jelema. Kakara ogé kuring muka panto, jikan nangtung terus nuyun kuring
sangkan diuk di hareup. Ibu-ibu aya kana welasanana keur ngariung. Di hareup,
Si Géboy diuk émok dina karpét bari tungkul jeung siga anu nginghak.
“Kaleresan Pa RT tos sumping.
Sabada rapat tilu kali” ceuk Bu Eli ngawakilan anu lain. “Perkumpulan ibu-ibu
RT 007 tos mupakat, Pa RT dipiharep janten saksi. Ieu putusan téh ngeunaan
manéh, Géboy. Mangga Bu RT, mangga bacakeun hasil rapatna.”
Si Géboy beuki tungkul,
inghakna beuki kadangu. Jikan
ngaluarkeun keretas tina sakuna. Pokna téh, “Atas nama Perkumpulan Ibu-Ibu RT
007, sabada nalungtik, nimbang-nimbang, terusna mutuskeun, ti mimiti poé isuk
tanggal 20 Maret, tukang jamu anu ngaran landianna Si Géboy, henteu meunang
deui dagang di wilayah RT 007.”
Si Géboy reuwas. Tuluy dangah,
neuteup ibu-ibu nguriling. Biwirna anu ti tadi rapet engab meueusan, “Naha
kunaon?”
“Kunaon?!” Bu Iman maju.
Teuteupna aya ku sinis ka Si Géboy. “Ti mimiti manéh dagang jamu di dieu, katenangan
téh kaganggu!”
“Panon manéh anu cureuleuk
kucap-kiceup geus ngaganggku katenangan,” ceuk Bu Yani bari ngaburilengkeun
panonna anu siga lauk koki.
“Komo deui manéh téh randa!”
ceuk anu séjén.
Si Géboy neuteup ka kuring,
siga anu ménta tulung. Inghakna beuki atra. “Abdi téh salah opo toh,
Bu?” pokna dina logat Jawa. Pipina anu bareubeu baseuh ku anu merebey ti juru-juru
panonna. “Abdi téh hanya dagang jamu. Abdi téh hanya usaha kanggo
menghidupi budak sareng
Simbok. Kalau henteu dagang jamu, ti
mana deui atuh bisa makan? Abdi anu tanggung jawab hidup-matinya budak sareng
Simbok.”
Ibu-ibu baralem. Si Géboy
nyusutan cipanonna bari satékah-polah ngeureunan inghakna. Tuluy nangtung
lalaunan, ngagandong jamuna, tuluy ngaléos.
Ibu-ibu saukur neuteup
langgéorna Si Géboy. Saréréa baralem. Henteu aya deui anu sinis atawa molotot.
Meureun mimiti aya rasa kaduhung dina pikiran jeung haté maranéhna.
Ku kuring digebrag méja.
Ibu-ibu rareuwas.
“Puas ayeuna mah? Sanggeus Si
Géboy salaku saingan bisa diéléhkeun, ibu-ibu puas?” Kuring nangtung. Diteuteup
téh ibu-ibu saurang-saurang, kalah tarungkul. “Si Géboy téh ka dieu saukur
néangan sahuap dua huap. Bari aya tanggung jawab, budak jeung indungna. Kunaon
kudu dicuriga anu kaleuleuwihi? Komo kudu nepi ka diusir siga tadi?!”
Ibu-ibu masih baralem jeung
tarungkul.
“Si Géboy téh leuwih hébat
batan ibu-ibu anu aya di dieu!” ceuk kuring, terus ka kamar bari ngabantingkeun
panto. Nepi ka bubar ibu-ibu téh henteu kadangu deui réa omong saperti biasana.
Ti harita Si Géboy tara
katingali deui dagang jamu ka wewengkon RT kuring. Ti harita ogé jikan tara
ngadongéngkeun deui gosip. Meureun kabiasaan ibu-ibu ngagosip rada aya erém.
Atawa meureun aya rasa kaduhung geus nuduh anu lain-lain ka Si Géboy.
Padahal harita... waktu si
Géboy datang kebeneran jikan keur ka pasar, kuring ngabenyeng leungeunna.
“Pantes wé dilandi Si Géboy gé
da éta imbit mani éplok kitu,” ceuk kuring ngaharéwos. “Panon anu cureuleuk,
pipi umyang, jeung biwir ngeusi, saha anu henteu hayang ngeukeupan.”
Si Géboy merod. “Jangan Pa...
Jangan Pa,” cenah bari rurusuhan mawa gelas jeung duit, terus kaluar imah.
***
0 Response to "HOAK"
Posting Komentar