Jejak Kata :

Carpon Mangle: NUR MUHAMMAD

Written By Mang Yus on Jumat, 20 Mei 2016 | 17.53

Carpon Yus R. Ismail

Mangle no. 2576, 5-11 Mei 2016
Réngsé solat asar, ngadua saperluna, Tardi terus ngalangeu di buruan tajug. Tajug leutik sisi sawah. Buruanana lalening. Tadi saméméh lohor, Abah Sudira apan sasapu jeung lilingih. Kembang bakung diteukteukan dangdaunan anu gararingna. Buah aromanis ditigasan dahan anu harandapna. Caraang ayeuna mah. Plung-plong pamandangan ka sawah anu upluk-aplak jeung pakebonan anu manjang tonggoheun sawah. Tapi kamana Abah Sudira bet acan témbong. Boa sarua waé jeung anu séjén, katungkulkeun teuing ku panén?
Enya di pasawahan téh reuteum ku anu paranén. Kolot-budak, awéwé-lalaki, siga anu paheula-heula ngarit jeung ngagebot. Di sakuriling maranéhna, karung eusi gabah ngajajar nungguan dikilo jeung diangkut kana treuk. Kituna téh siga anu henteu aya eureunna. Peuting ogé geuning mani ramé di sawah téh. Ténda-ténda diadegkeun, pakakas pusuk-pasak sabangsaning kompor, katél, panci, dibarekel. Lamun bisa mah meureun ulah sararé maranéhna téh. Siga anu paudag-udag, pagancang-gancang. Ambuing, haliah dunya, haliah dunya.
Tardi ngagebeg basa karérét di gigireunana aya anu ngajanteng. Abah sudira, geus bararesih, disarung, dikopéah, baju koko. Seungit minyak japaron meleber. Tayohna beberesihna di pancuran anu di tukangeun tajug.
“Atos solatna, Pa?” ceuk Abah Sudira.
“Muhun, ti payun tadi teh. Diantos atuh da teu aya waé.” Tardi némbalan siga anu ngananaha.
“Nyaéta Abah téh kabagéan derep di anu rada anggang. Matak tadi téh miwarang Bapa, upami tos waktosna mah adan waé.” Abah Sudira siga anu ngangluh. “Abah solat heula atuh.”
Tardi unggeuk bari seuri.
“Hanjakal nya urang henteu berjamaah,” gerendeng Abah Sudira saméméh bus ka tajug.
Saditinggal Abah Sudira, Tardi nyerangkeun deui anu keur darerep. Cenah, loba anu datang ti jauhna. Maranéhna datang rombongan. Barudak lembut ogé aya anu dibarawa. Beurang peuting ngarit jeung ngagebot, sawaréh nompo jarami anu geus dipiceun. Dileukeunan deui digebot, ngumpulkan gabah sésa. Beurang-peuting kituna téh. Siga anu bakal terus hirup. Bari poho ka anu méré hirup. Geuning, ratusan urang anu derep di sawah téh, komo ditambah ku anu ngangon meri jeung anu dagang mah, tapi ngan Abah Sudira sorangan anu masih ka tajug unggal waktuna solat mah. Ambuing, haliah dunya, haliah dunya.
Teu kanyahoan, Abah Sudira geus ngajanteng deui di gigireun Tardi.
“Abah mah ieu téh badé nuluykeun deui hanca,” ceuk Abah Sudira. “Ari Bapa naha geuning henteu sapertos biasa?”
“Nyaéta rada hoyong heula  ngalayung pami lauk mah, Bah,” témbal Tardi bari seuri. “Tapi sakedap deui gé neraskeun deui hanca jikir.”
“Mokaha Bapa mah masih kenéh tiasa ibadah sapertos kitu. Abah mah da geus sakieu kakolotan ogé masih siga anu diudag-udag kabutuh. Malum, pangabisa Abah mah saukur buburuh tani. Leuwihna tina wajib téh saukur tiasa tahajud, lamun siangna henteu capé teuing kitu ogé.”
Tardi unggeuk jeung imut basa Abah Sudira amitan. Ambuing, karunya teuing. Ibadah téh ukur saelol. Kumaha bisana nur muhammad nyaangan kana haté lamun ibadah padu waé mah. Saperti si Iroh. Enya, Iroh téh pamajikan Tardi. Apan ari solat téh saukur acong-acongan, da salawasna siga anu rusuh.
**
Geus tilu poé Tardi milu ngadon ibadah di tajug sisi sawah. Maksud téh tajug di landeuheun sawah. Jauh ka sisi jalan mah. Deukeut kénéh ka walungan. Matak jarang anu ngadon solat di dinya. Ceuk Abah Sudira anu sapopoéna ngurus éta tajug, baheula diadegkeun tajug téh ku Haji Sobana maksudna keur anu karuli di sawah. Baheula mah unggal anu karuli di sawah Haji Sobana, unggal lohor jeung asar téh sok ka tarajug heula. Ayeuna mah apan Haji Sobanana ogé tos ngantunkeun. Jadi anu karuli téh mimiti marurengked ka tajug. Tungtungna saukur Abah Sudira sorangan.
“Mangga badé ngiring ibadah mah, henteu kedah nyungkeun idin-idin sagala, da ieu mah bumi Gusti, kanggo urang sadayana,” ceuk Abah Sudira basa Tardi bébéja rék mondok moék ngadon ngaji diri ku jikir neneda asih Gusti. “Di dieu mah geura, insyaallah tiis tingtrim.”
Enya Tardi gé geus ngarasakeun jempling peutingna. Tapi haté téh asa can daék manteng. Asa henteu husu waé. Pipikiran téh sakapeung ngalayang ka si Iroh. Nyaan, henteu bohong, pamajikan jeung barudak téh godaan keur anu ngudag élmu ahérat mah. Meureun éta ogé anu ngahalangan nur muhammad lungsur nyaangan diri. Satitik wé cahaya téh ragrag kana manah, saalam dunya bakal murub-mubyar. Beu! Iroh, Iroh, manéh anu henteu ngarti urusan ahérat mah. Manéh anu geus ngalalaworakeun mah.
Enya, batur keur husu tahajud pukul tilu subuh, si Iroh mah ngadon saksak-siksik, nyieun adonan bala-bala, géhu, pisang. Saleuheung lamun henteu ngaganggu. Apan pokna téh, “Kang, enggeus atuh tahajud téh tong dilila-lila. Anggur bantuan ngagoréng.”
“Na ari manéh, engké deui atuh ngagoreng mah. Dagoan subuh heula,” témbal Tardi rada nyureng.
“Engké mah moal kaburu atuh. Apan bada subuh téh kudu geus nagog di gigireun tukang surabi. Tah atuh pangbalikeun! Kami apan can angeus saksak-siksik.”
“Barina ogé ngungudag teuing haliah dunya, da moal dibawa paéh. Urusan ahérat anu penting mah. Urang kudu ningkatkeun ibadah, neneda asih Gusti sangkan nur muhammad nyaangan batin urang. Manéh apal naon ari nur muhammad?”
“Paribasa, narnar-nurnur bari pagawéan ngajejentul teu ngahasilkeun. Cumah ibadah gé ari nyiksa batur mah!”
“Dasar, manéh mah belegug! Haliah dunya wé anu diuruskeun téh. Iyeuh, kula mah geus umajak, kumaha manéh rék nurut henteuna mah. Kula mah sakadar nerangkeun sakali deui, nur muhammad téh cahaya anu jadi asal sagala mahluk Gusti. Keur dijurukeun urang téh dibarengan ku nur muhammad, atuh balik ogé kudu dicahayaan ku nur muhammad. Urusan dunya mah leutik pisan. Lamun diri urang geus kaancikan nur muhammad, sakahayang urang kacumponan. Hayang naon-hayang naon moal hésé. Tapi anu geus kaancikan nur muhammad mah kétang moal samar polah tipoporosé ngudag haliah dunya, siga manéh!”
“Akang anu belegug mah. Si Itok ampir unggal poé méwék. Éra cenah ditatagih waé ku guru, mayar keur ujian téa dua ratus lima puluh rébu.”
“Naha mayar naon deui, apan sakola SD Negeri mah haratis. Kakara kamari mayar keur ngecét pager, ngaréhab toilét, ayeuna keur ujian?”
“Nyao teuing, tanyakeun wé ka sakola. Da cenah ujian téh kudu mayar itu mayar ieu, dana BOS mah henteu cukup.”
“Dasar jelema, boga kawasa saeutik ogé dimangpaatkeun keur urusan dunya. Bari poho ka ahérat gé éta téh kababawa.”
“Barina ogé, mayar ngecét pager kami anu cakah-cikih, mayar ngaréhab sakola kami anu udar-ider, ayeuna keur mayar ujian kami ogé anu tisusut-tidungdung. Akang mah saukur protés bari cicing! Cing atuh aya gadag saeutik mah!”
“Ari manéh Iroh, ngomong téh abong létah teu tulangan! Kula téh keur ngusahakeun urusan ahérat ieu téh. Nur muhammad anu ku urang kudu diudag téh. Kula kahibaran cahayana mah, manéh gé bakal kababawa!”
“Baku...! Baku...! Baku...!”
Lamun geus kitu mah balem Iroh téh. Waktuna solat subuh, saukur acong-acongan si Iroh mah. Lekum-lekum, gesat-gesut dangdan, rigidig mawa goréngan. Nagog wé di gigireun Ma Enong, tukang surabi di sisi jalan. Teu béak nagog, laju ngider nepi ka béakna. Balik ka imah kira-kira pukul dalapanan. Harita Tardi tas wudu rék solat duha.
“Gancang solat duhana, Kang. Bantuan kami urang mipit kangkung di sawah landeuh. Lumayan urang maro di sawah Mang Samin. Keun kami anu ngajualna ka bandar mah,” ceuk Iroh.
Atuh der paséa deui. Tardi nepi ka gogodeg. “Teu ngarti boga pamajikan téh, haliah dunya wé anu diurus téh!” pokna teugeug.
Anu rada parna mah paséa tilu poé katukang. Budak anu kadua, anu kakara opat taun, si Iyam, gering panas mani nyebrét.
“Bawa ka dokter atuh, Kang, karunya,” ceuk Iroh.
“Komprés wé heula. Ulah sagala hayang anu mayar,” témbal Tardi. “Barina ogé kami keur ngahanca jikir tinggal sababaraha rébu deui, lebar nepi ka ébat mah.”
“Dikomprés mah geus ti dua poé katukang! Kang, jikir mah bisa bari naon waé. Gecruk macul bari nyebut lailahaillallah, gecruk deui bari nyebut subhanallah, gecruk deui bari nyebut hasbunallah wa nimal wakil, gecruk deui bari nyebut nimal maula wa niman nasirl.”
“Dasar, lieur boga pamajikan téh!”
“Akang anu lieur mah! Unggal poé euweuh gadag! Nempo pamajikan tisusut-tidungdung téh kalem-kalem waé. Saleuheung henteu ngariweuhkeun, da ngéjo mah kudu nginum mah kudu.”
“Ati-ati, Iroh ngomong téh! Kawalat siah!  
“Akang anu kawalat! Budak gering cicing waé!”
“Cicing kumaha, sidik kula téh keur mereketkeun diri, neneda asih Gusti, sangkan nur muhammad nyaangan manah. Apan lamun kula kalungsuran rohmat Gusti mah, manéh ogé kababawa.”
“Gandéng!”
Tas paséa harita Tardi ngagejlig téh. Asruk-asrukan saukur dibekelan béas sababaraha canggeum. Nya nepi ka tajug sisi sawah. Tajug anu unggal poé diurus ku Abah Sudira.
**
Tengah peuting jemplang-jempling. Tardi husu jikir. Tapi pipikiranana mah angger henteu bisa manteng. Kasubuhnakeun mah komo bari les-lesan kasaréan. Mani ngarénjag basa manéhna ngarasakeun aya anu anéh. Dipeureumkeun ogé angger katingali anu anéh téh. Aya cahaya nutug ti langit. Cahaya hurung mancur anu anéhna henteu matak sérab. Tapi lain di jero tajug cahaya téh. Gentak Tardi kalur tajug. Enya wé, di luar langit mani hibar. Cahaya téh nutug ka hiji tempat.
“Gusti, ieu panginten nur muhammad anu ku abdi dianti-anti téh,” gerentes Tardi. “Aya ku genah saukur ningalina, tingtrim kana ati. Gusti, tuduhkeun abdi ka saha cahaya téh lungsurna, abdi seja guguru mulut élmuna.”
Tardi gesat-gesut bébérés. Kencling indit muru cahaya anu hurung mancur ti langit nutug ka hiji tempat. Angin ngahiliwir marengan anu lumampah, seger puguh tatangkalan geus waktuna ngaluarkeun oksigén. Sangeus asruk-asrukan bari henteu karasa capé da haté kumejot hayang geura nepi ka tempat cahaya nutug, Tardi ngajenghok barang ningali hiji imah anu murub-mubyar cahayaan. Puguh éta téh imahna. Imah anu ditinggalkeunana tilu poé katukang.
Cahaya ti langit téh rada kasawur da puguh di imah téh lampu néon mani marakbak. Kang Sobri, Jang Maman, Pa Nano, tatanggana, keur masangkeun lampu néon di tengah imah jeung di hareup. Tardi gancang muru imahna.
Kang Sobri, Jang Maman, Pa Nano, ngadon ngajanteng barang ningali Tardi.
“Aya naon, Kang?” ceuk Tardi.
Anu tiluan henteu némbalan. Tardi sorangan kaburu nyurungkeun panto. Di tengah imah, aya anu ngajepat diruruban samping. Iroh jeung Itok ngagukguk ceurik di gigireunana, diarupahan ku tatanggana. **

Cilembu, 25 Maret 2016    

PILIHAN

POHON TUMBUH TIDAK TERGESA-GESA

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni