PANON
Tribun Jabar, 23-25 September 2014
Lalaki
kasép téh anjog ka gapura kota basa panonpoé meleték. Cahaya surya mancawura di
langit wétan. Dangdaunan anu masih dibeungbeuratan ku ciibun patinggurilap lir
berlian anu ngagarantung. Angin ngahiliwir, ngajakan sabangsaning manuk pikeun
tembang, sabangsaning lauk pikeun ngibing.
Tapi sanés
éndahna alam anu ngalantarankeun urang kota kalaluar ti imahna, terus molohok
matasimeuteun di buruan. Éndahna alam mah biasa pikeun maranéhna. Biasa rumeuk
jeung disaput pepedut, da puguh aya anu ruksak dina diri maranéhna. Puluhan
taunurang kota éta henteu bisa ningali jeung ngarasakeun pamandangan anu éndah.
Anu
ngalantarankeun maranéhna matasimeuteun mah nyatana panon lalaki kasép téa. Panon
cureuleuk, dipager bulu anu lalentik, adu manis jeung kucap-kiceupna. Panon anu
pas némpél dina pameunteu beresih cahayaan. Bet siga surya meleték, murubmubyar
cahaya nira.
Sabada
lalaki kasép téa ngaliwat, urang kota mimiti patingkecewis.
“Deuh, aya
ku éndah éta panon. Moal salah, panon deungdeuleueun siga kitu mah, bakal bisa
ningali pamandangan alam jadi éndah,” ceuk anu saurang.
“Baruk,
ceuk saha éta téh?” Anu lain nanya.
“Apan
kajeueung ku anjeun ogé kumaha éndahna éta panon. Kakara ayeuna apan urang
kawénéhan nyaksian panon saéndah kitu.
Moal salah, panon deungdeuleueun siga kitu mah, bakal bisa ningali
pamandangan alam jadi éndah.”
Anu patingkecewis
beuki nambahan. Itu ieu cruk-crek tibelat kana panon cureuleuk lalaki kasép anu
tadi ngaliwat. Terus maranéhna ngaralamun, ngabayangkeun deui basa lalaki kasép
téa ngaliwat. Lamun seug boga panon saéndah kitu, tangtu hirup bakal leuwih
sugema, leuwih bagja, leuwih sampurna.
**
Kota leutik téh saenyana keuna kana sesebutan kota
sasakala. Mimitina mah basa krisis monétér jadi sasalad. Inflasi henteu kaburu
katulungan. Hahargaan apung-apungan lir silalatu di imah anu kahuruan. Tong
boro sabangsaning lauk, sabangsaning daging, sabangsaning bungbuahan, dalah
lauk asin ogé jadi deungeun sangu anu méwah pikeun kalolobaan urang kota. Duka
saha anu ngamimitianana, di unggal juru kota loba jalma ngagandong karung,
api-api néangan rongsokan, padahal mah ngulincer ngawaskeun anjing. Lamun aya
anjing bongoh, gabrug waé dirontok, peletok beuheungna diparieuskeun, terus
diwadahan kana karung. Anu séjén ngadepong dina suhunan imah atawa ngulincer
témbok gang, ngadodoho ucing. Aya ogé anu asruk-asrukan ka anu bala, ngungudag
oray anu sawan. Aya ogé anu ngadodoho di jero got, néwakan beurit dina
sayangna. Sasatoan éta téh dijual ka tukang dagang sisi jalan anu geus teu
kaduga ngolah gulé atawa saté tina daging sapi atawa daging domba.
Basa warga
kota loba anu ngadahar anu henteu ilahar, pagawé pamaréntahan kota mah
makmak-mekmek sorangan. Lain rusiah deui lamun unggal proyék pamaréntah
dipotong lima puluh persén, tangtu pikeun dibagi-bagi di antara maranéhna. Basa
krisis téa ngarayap ka puncerna, loba masarakat anu henteu kaduga meuli béas, pagawé
pamaréntahan kota mah ngadon macangkrama ka mancanagara, leleson di vila-vila,
balanja sabangsaning barang anu cenah mérekna kawentar sakuliah dunya.
Pasilitas
umum raruksak. Tapi saha anu maliré? Asal di imah bararesih, genah, merenah,
henteu kudu riweuh runtah patulayah di imah tatangga. Silihtalingakeun
silihasah silihasih silihasuh kantun ungkara dina dongéng dina pantun dina
wayang. Tong boro jeung papada mahluk Pangéran séjénna, dalah jeung papada
jalma ogé, rasa sakanyeri sakapeurih téh henteu karasa deui.
Basa krisis
aya di puncerna, gilek panon salingintip salingcuriga salingdodoho. Tungtungna
silihpaok silihcopét silihherengan silihsiku silihgégél. Teu pira anu
diparebutkeunna mah saukur sahuap dua huap dahareun. Badis waé anjing, badis
waé ucing, badis waé oray, badis waé beurit. Tangtunganna mah enya jalma, tapi
anu ngaguruh di jero dada, saha anu nyaho anu ngaguruh di jero dada?
Basa krisis
téa mimiti neutneutan kaubaran ku hutang trilyunan dollar US ti mancanagara, jujualan
sabangsaning kakayaan laut atawa pertambangan, tabéat warga kota mah henteu
robah. Jlug-jleg imah gedong. Tempat wisata di mana-mana. Pasilitas umum
dioméan. Tapi warga kota henteu bisa ningali deui kaéndahan. Rusiah di antara
maranéhna.
**
Peuting aya
ku simpé. Kitu biasana. Mangtaun-taun. Kota téh siga kuburan. Maju ka tengah
peuting aya anjing babaung, ngalanglaung. Dituturkeun ku babaung anjing
séjénna. Sigana ratusan anjing, rébuan anjing, malah meureun jutaan anjing. Aya
ogé sora ucing. Ucing uang-éong. Uang-éong anu api-api bageur padahal licik.
Aya ogé sora hereng, hereng ucing ngarebut hancengan batur. Aya ogé sora oray
hoshosan. Ngadéngéna matak cengkat sabulu-bulu. Aya ogé sora beurit
ciciricitan. Ciricit anu licik, tukang tipu, hawek.
Enya ogé
sora-sora sasatoan téh pagaliwota di langit kota, di jalan-jalan mah éstuning
combrék. Satpam ngahékok di garduhna. Teu aya saurang ogé anu wani ngulampreng.
Komo niatna jalan-jalan, ngararasakeun éndahna peuting. Ongkoh, apan warga kota
téh henteu bisa ningali jeung ngararasakeun kaéndahan. Kitu rusiahna.
Sapeupeuting
biasana sora-sora anu matak muringkak téh disaradana. Kakara eureun lamun geus
aya sora adan ngalanglaung di kajauhan.
Tapi
peuting ieu mah aya anu béda. Sora-sora sasatoan téh dituturkeun ku kalaluarna
warga kota ti imahna masing-masing. Maranéhna siga anu euweuh kaéra deui
kanyahoan ku tatanggana, dulur-dulurna, kawawuhanana, yén maranéhna babaung,
uang-éong, ciciricitan, hushas-hoshos. Maranéhna ngabring, minuhan jalan, ka
wates kota.
Horéng
maranéhna téh muru saung sisi sawah. Saung anu saukur dicaangan ku lampu tébéng
jeung cahaya bulan. Saung tempat pangreureuhan lalaki kasép anu tadi isuk
ngaliwat ka tengah kota.
Di
hareupeun saung téh aya pelak kekembangan. Eros, herbras, sedep malem, bakung,
malati, dahlia, jeung duka kembang naon deui. Kekembangan anu ngan sakotéap
ancur diidek anu daratang. Pa walikota anu jadi pingpinan rombongan ngagedor
panto saung. Lalaki kasép anu keur ngagolér dina palupuh, ditilaman ku samak
salambar, uyup-ayap kana panto. Terus noong ti sisi panto. Acan ogé sidik saha
anu datang, panto locot didudut ku rombongan anu terus babaung, uang-éong,
ciciricitan jeung hushas-hoshos. Lalaki kasép téh dicangkalak. Awakna
didangheuakeun, panonna dicokél ku séndok.
**
Pa walikota ngajaran panon lalaki kasép téa.
Kaleutikan saenyana. Henteu
pas panon cureuleuk téh dina pameunteu anu jebag mah. Tapi pa walikota
kucap-kiceup, terus ningalian sakuriling. Tatangkalan, langit, bulan,
béntang-béntang, cai balong anu gugurilapan katojo bulan, asa euweuh anu robah.
Panon lalaki kasép téh henteu bisa ngarobah pamandangan jadi éndah. Bohong béja
téh. Béja anu nyebutkeun yén panon éndah lalaki kasép anu duka urang mana jeung
arék ka mana téh bisa ningali pamandangan jadi éndah.
Panon téh
dicoplokeun tina kongkolak pa walikota, belewer dialungkeun. Pa sékda rikat nyanggap. Panon téh terus dicobaan. Tapi
hasilna sami mawon. Terus pa kepala dinas, pa kabid, ibu camat, pa kuwu, jeung
warga kota séjénna, nyarobaan panon éndah téa. Tapi hasilna sami mawon. Panon
éndah téh henteu bisa ningali pamandangan anu éndah.
Pa walikota
tangtu waé bendu. Asa dilejokeun. Panon lalaki kasép téh dialungkeun kana panci
gedé. Nu séjén rikat nyieun hawu jeung ngumpulkeun suluh. Panon éndah téh
digodog. Bungbu-bungbuan diasupkeun. Digulé cenah maksudna mah. Gulé panon
éndah lalaki kasép anu duka urang mana jeung arék ka mana. Janari leutik gulé
téh asak. Terus maranehna botram, balakécrakan. Duka sabaraha mejikom eusi
sangu dibawa ti imah-imah.
Pa walikota
sugema. Sakabéh warga kota sugema. Gulé téh geuning matak ngalimed. Sapiring
metung sangu cukup kakeclakan cai gulé panon éndah téa matak deudeuieun.
Rarasaan mah sakabéh warga kota acan kungsi dahar gulé sangeunah kitu. Gulé anu
henteu bisa dibandingkeun, da béda kelas, jeung gulé anjing, gulé ucing, gulé
oray, gulé beurit. Komo jeung gulé sapi atawa gulé domba.
Anu
balakécrakan patingeureuleu teurab. Terus babaung, uang-éong, hushas-hoshos,
ciciricitan. Geus capé mah patinggalolér di sisi jalan. Maranéhna henteu
arapaleun, engké sabada lilir, téténjoan maranéhna bakal robah. Maranéhna bakal
ningali pa walikota, pa sekda, dulur-dulurna, tatangga-tatanggana, kawawuhan
maranéhna, maranéhna sorangan, robah wujudna. Dedeganana mah enya jelema. Tapi
sirahna aya anu jadi anjing, jadi ucing, jadi oray jadi beurit.
Kitu
sasakalana.
**
Kacarioskeun
lalaki kasép anu duka urang mana jeung badé kamana téa. Anjeunna imut nyalira
bari ngalangeu dina jandéla saung. Imut ningali pamandangan alam aya ku éndah.
Pamandangan pangéndahna anu kantos ditingalina. Pamandangan pangéndahna anu sapertosna
moal tiasa diungkarakeun ku sajak atanapi gambar. Anjeunna yakin, moal aya
panyajak atanapi pelukis anu sanggem nyatet kaéndahan sapertos kitu.
Saleresna anjeunna
téh salahsaurang warga kota ogé. Kapungkurna, sateuacan warga kota robah
kalakuan, anjeunna kenging ilapat. Ilapat yén kota téh bakal robah. Anjeunna
tangtu waé alim ngiring robah. Nya gerentes haténa nuduhkeun kedah nyepi di
hiji guha. Hirup di jero guha. Mangtaun-taun. Anu dilakukeunna di jero guha
saukur ngadoa sareng puasa. Ngadoa sangkan ditingalikeun pamandangan anu
pangéndah-éndahna.
Hiji enjing
anjeunna lugay. Manahna ngagerentes miwarang lungsur ka kota anu mangtaun-taun
dikantunkeun. Teras kajadian anu matak muringkak lumangsung di saung sisi
sawah. Socana dicokél ku séndok. Tapi henteu aya getih anu kaluar. Anjeunna
dialungkeunka kana rungkun sedep malam. Sabada anu ngarogahala bubar, anjeunna gugah,
terus ningali ka sakurilingna. Anjeunna ngahuleng ngaragameneng. Tina kongkolak
socana ngalémbéréh cai anu wening. Teras imutna mekar. Kaéndahan téh, kaéndahan
anu saenyana téh, geuning nyaksrak saawak-awak. Kaéndahan téh, kaéndahan anu
saenyana téh, horéng katingali sabada henteu gaduh soca.
**
Pamulihan,
14
Maret
2014 / Agustus 2014
0 Response to "PANON"
Posting Komentar