PA SUTAR JEUNG UCING
Tribun Jabar, 12-14 Mei 2015
Pa Sutar téh jelema beunghar.
Kakayaanana aya di mana-mana. Angka tabunganana ngabring dina rékening. Surat-surat
berharga, sertipikat, surat usaha, rapih dina lomari husus. Bumina aya lima.
Bumi anu hiji ditempatan ku kulawargana, istri jeung dua putrana anu mangkat
rumaja. Bumi anu dua mah dikontrakeun da tadina ogé minangka investasi,
nyadiakeun keur barudak cenah lamun engké geus sawawa. Bumi anu hiji deui
ditempatan ku Empi, istri anom anu ditikah sacara siri. Bumi anu hiji deui mah
dikosongkeun, saukur dilongokan ku Mang Engkos jeung Bi Erum, ewe-salaki purah
sasapu-ngepél jeung beberesih di buruan. Bumi anu ieu mah paragi niis ari Pa
Sutar nuju baluweng manah, nuju hoyong nyalira.
Sapertos ayeuna, tos dua dinten Pa Sutar
niis di bumi kosongna. Anjeunna téh nuju gering pikir nguluwut émutan.
Diputer-puter ogé uteukna, kudu kumaha ngungkulan masalahna, weléh henteu
kapendak carana. Nganggé jalan itu nganggé jalan ieu, sapertosna mah bakal
mentok.
Mimitina mah pedah aya wartos ti Rudi,
stafna di kantor. “Pa, abdi mendak wartos, bakal aya audit kana proyek-proyek
taun ieu,” ceuk Rudi. “Upami salamet proyek taun ieu, proyék anu sanésna ogé
moal diboker deui. Tapi upami aya indikasi penyelewengan, proyék anu kapengker
ogé bakal diungkab deui.”
Béja éta anu matak Pa Sutar nguluwut
téh. Sok kaduhung lamun geus kitu mah. Taun kamari téh kapikiran pikeun eureun.
Geus waktuna pikeun beberesih kalakuan. Ongkoh deui apan beunghar mah enggeus. Pamaréntah
apan ti pusatna keur ngahangkeutkeun clean
governement téa. Ruput-rapat atawa acara apan dipahing pisan diayakeun di
hotél.
Tapi unggal ngajukeun proyék,
disatujuan, sok lebar lamun dileupaskeun ka batur téh. Komo bari jeung kudu
nolak huduah-hadiah ti pengusaha. Huduah-hadiah atawa panyogok apan saukur béda
istilah wungkul. Éta téh asup kana korupsi. Matak Pa Sutar ngarti basa ngobrol
jeung Rudi, sagala rencanana téh bakal mubah.
“Rudi apal saha pengawasna?” ceuk Pa
Sutar harita.
“Saurna mah ti Pusat. Gampil waé upami
hoyong terang mah, kantun nanaroskeun, tapi kanggo naon?”
“Ajak atuh makan-makan, atawa
jalan-jalan saperti biasana.”
“Ayeuna mah moal tiasa kikituan, Pa. Upami
urang kitu téh malah tiasa malindes ka diri urang.”
Éta anu matak jadi bangbaluh Pa Sutar
téh. Ari rék disanghareupan saperti anu henteu tuah henteu dosa, pasti
kapanggih. Ti saprak jadi Kabid Sejarah dan Kepurbakalaan apan manéhna mah ngajukeun
proyék téh saenyana keur sorangan. Ténder téh tungtungna mah dimeunangkeun ku
perusahaanana. Perusahaan manéhna anu maké ngaran jeung alamat fiktif. Ceuk
paribasana mah tukang béca ogé bisa dititah marap jeung datang ka kantor maké
kaméja beresih. Buruhan waé sajuta dua juta mah. Komo deui proyék anu pangajina
kurang ti saratus juta anu henteu kudu ténder, pasti leuwih gampang
ngakalanana.
Enya, apan ku cara proyék siga kitu Pa
Sutar bisa investasi dina kebon dina sawah dina bumi salima-lima, ogé sanggup
ngabéayaan Empi anu boros saenyana hirupna. Tapi Pa Sutar henteu bisa miceun
Empi. Eukeur mah boga budak hiji anu keur meumeujeuhna lucu, kakara dua taun,
Empi mah geulis rancunit asa taya bandinganana, matak sono unggal waktu.
Tah, lamun diaudit hiji proyék wé, terus
disusud perusahaan anu meunang proyékna, pasti kanyahoan fiktifna. Lamun disusud proyék
séjénna, proyék taun-taun anu kaliwat, pasti kanyahoan carana sarua. Pasti
milyaran anu ditudingkeun ka manéhna. Boa terus ka pengadiln mah jadi
tersangka, dipecat jadi pns, investasina boa dijabelan. Wirangna pasti kabawa
nepi ka iraha ogé, jaba boa jadi sangsara deui, boa Empi ogé kapaksa
ditinggalkeun.
**
Upami nuju gering pikir, niis di bumi
kosong téa, Pa Sutar mah leuwih resep ngalangeu di balkon loténg. Calik dina
korsi jati anu ngahaja dipesen ti Jepara. Ningalikeun barudak arulin sapanjang
gang. Ibu-ibu balanja sayuran. Atawa nengetan kalakuan tukang dagang lamun
henteu aya anu meuli. Ti balkon loténg mah atra katingali. Tapi ti handap pasti
rada hésé nyidik-nyidik anu aya di luhur. Matak sok laluasa lamun ngintip batur
téh.
Réa kalakuan jelema anu henteu waé pikaseurieun,
tapi ogé pikangéwaeun, lamun keur nyorangan. Tukang céndol, tukang baso tahu,
tukang cilok, kumaha kalakuan maranéhna lamun keur nagog nungguan roda
sosoranganan, ah horéam ngadongéngkeunna ogé. Ibu-ibu anu keur nyorangan di
téras, ngarasa buni da sakuriling imahna dipager, sok réhé ningali kalakuanana.
Tapi sababaraha kali niis kadieunakeun
anu jadi puseur perhatian Pa Sutar téh bumina Pa Dedi. Bumi anu pahareup-hareup
jeung bumi Pa Sutar. Sarua bumi anu mindeng kosong. Komo Pa Dedi mah da nganjrekna
ogé di Jakarta. Henteu katitih sabulan sakali ngeusian bumi éta téh. Bumi
agréng enya ogé ti saprak diréhab acan kungsi dieusian enya-enya. Ngan sabeulah
témbokna rada hideung, kacérétan tai kalong anu patinggulantung di téras unggal
peuting. Téhelna mah diberesihan téh herang deui. Tapi témbokna mah sigana kudu
dicét deui.
Ti saprak sabulan katukang bumi Pa Dedi
aya eusian, saurang bapa-bapa, duka saha. Naha badéga Pa Dedi, atawa dulurna,
atawa saha, Pa Sutar henteu terang. Unggal Pa Sutar niis, éta bapa-bapa aya
nungguan bumi Pa Dedi. Sigana nungguan anu nawar bumina da dina pager aya
plang: DIJUAL, HUB: nomer télépon ini.
Pa Sutar apal pisan bumi anyar diréhab
pangna arék dijual téh. Dua bulan katukang, basa Pa Sutar keur niis, peutingna
jol Pa Dedi sakulawarga. Gembok pager dibuka, bus mobil ka garasi. Cetrék konci
panto diputerkeun, tapi panto téh henteu muka. Didorong-dorong angger henteu
muka. Tungtungna ngumaha ka Pa RT. Da puguh harita Pa Sutar gé keur di buruan
tas ngeusi pulsa, Pa Sutar nyampeurkeun ka bumi Pa Dedi.
Panto téh terus didobrak. Pantes waé rék
hésé muka ogé da di jerona rapang paku pamageuh. Korsi di ruang tamu
acak-acakan. Kasur ti kamar parindah ka tengah imah. Runtah keretas nasi
bungkus, botol inuman, cangkang kadaharan, pabayatak di mana-mana. Anu matak
muriding, di handapeun kasur pabalatak kondom urut aya welasna. Sigana bumi Pa
Dedi téh dijadikeun tempat pésta duka ku saha. Arasupna téh ngaliwatan jalan
tukang, terus naraék kana témbok. Di luar témbok apan jalan simpé jeung poék.
Pedah kungsi kagiridig ku euwah-euwah
meureun bumi Pa Dedi téh dijualna. Sababaraha urang katingali kungsi ngobrol
jeung si bapa anu nungguan bumi Pa Dedi. Tapi sigana acan mupakat, jadi plang
téh acan dicabut. Duka kumaha mimitian, Pa Sutar ogé bet kapikiran ngaluarkeun
bumi paragi niisna.
“Gusti, abdi réla ieu bumi diical,
hasilna dibagikeun ka panti-panti asuhan, asal kahariwang abdi énggal
disirnakeun. Abdi moal deui ngalakukeun padamelan anu atos-atos,” gerentes Pa
Sutar. Enya ogé ngagerentes ka diri sorangan, Pa Sutar ngarasa henteu yakin
dirina ngadangueun. Terus ngodokan pulpén tina tas, geus kacepeng mah gutrut wé
nulis, nuliskeun gerentes haténa.
**
Enjingna basa Rudi megat di tempat
parkir, Pa Sutar reuwas. “Pa, nembé pisan abdi mendak wartos, audit ngadadak
téh dinten ieu,” ceuk Rudi. “Tapi tenang Pa, auditna téh geuning acak. Anu
diaudit di Dinas urang mah dipiliih Bidang Pendidikan Luar Sekolah.”
Duka Pa Sutar téh reuwas ku atoh. Duka
reuwas ku inget kana gerentes haténa. Da mulang ti kantor téh terus ka bumi
paragi niis téa. Anjeunna ngahuleng. Doa téh geuning diijabah, Gusti téh
geuning nyaaheun, ceuk haténa. Tapi ngajual imah ieu terus hasilna
disumbangkeun ka panti-panti, naha moal lebar? Pangaji bumi ieu téh moal kurang
ti tujuh ratus juta. Harga taun kamari éta téh. Beunghar ogé atuh lalawora
teuing ari sodakoh pangaji sakitu mah.
Pa Sutar téh ayeuna mah uleng mikir
sanés ku kasieun. Tapi asa henteu tenang haténa margi kungsi ngagerentes téa.
Lamun ceuk ustad mah meureun nadar disebutna. Tapi da acan pok ka sasaha. Lamun
henteu dilakukeun téh asana moal nanaon. Anggap waé niat anu henteu jadi
dilakukeun.
Kitu ulengna émutan Pa Sutar. Tapi
unggal badé dipohokeun, gerentes haténa téh nguruncul deui. Henteu tenang
rarasaan téh lamun henteu dilakukeun. Ari kituna, namina ogé gerentes haté,
moal tiasa ical tina haté.
Nuju hulang-huleng ngarasa lebar sareng
ngarasa hutang, lar téh aya ucing
ngaliwat dina suhunan, terus ka teras balkon, blus kana kaca nako. Pa Sutar émut,
éta téh ucing piaraanana. Manéhna anu meulina gé sataun katukang. Tadina mah
kado keur ulang taun putrana, ari pék henteu resepeun. Terusna mah dibawa wé ka
bumi ieu, diurus ku Mang Engkos. Gancang Pa Sutar ngageroan Mang Engkos.
“Mang, ari ucing anu buluna hawuk téh
anu urang?” saur Pa Sutar.
“Muhun, ucing candak Bapa téa,” témbal
Mang Engkos. “Ku Emang téh sering dileupaskeun ayeuna mah. Karunya henteu aya
baturna, mangkaning katingalina téh tos begér.”
“Kana kandangkeun, Mang. Tong
dikencarkeun ayeuna mah.”
Basa ka bumi Pa Dedi aya anu kungsi
nawar téa, balikna dipegat ku Pa Sutar.
“Naha teu acan mupakat kénéh?” ceuk Pa
Sutar.
“Muhun. Mani keukeuh hoyong tujuh ratus
satengah. Ari abdi wantunna mung tujuh ratus.”
“Tah, upami ka bumi abdi, wantun
sabaraha? Ieu gé da ngaréhab mah teu acan lami.”
Anu nawar imah téh ngahuleng. Terus nengetan
ka sakuriling bumi Pa Sutar. “Anu Bapa ogé badé dikaluarkeun? Hoyong sabaraha?”
cenah semu atoh.
“Hayu waé tingalian ka lebet.”
Terus wé anu duaan téh ka jero bumi. Anu
rék meuli téh nengetan ka sakuriling rohangan, sagala ditanyakeun. “Ka bumi anu
Bapa ogé sami waé, abdi mung wantun tujuh ratus juta,” pokna téh sanggeus diuk
pahareup-hareup.
“Kieu wé ayeuna mah,” saur Pa Sutar
ragu-ragu nerangkeun. “Bumi ieu mah diicalna mung lima juta rupiah.”
“Lima juta?” Anu meuli téh ngajenghok,
reuwas, henteu percaya kana dédéngéanana.
“Muhun lima juta rupiah. Tapi anu mésér
bumi ieu, kedah sakantenan mésér ucing itu,” saur Pa Sutar bari nunjuk kandang
ucing, terus déhém deui. “Kumaha kersa?”
“Sabaraha pangaos ucingna?” Anu rék
meuli leuwih ati-ati nanyana.
“Ucing mah henteu tiasa ditawis,
pangaosna genep ratus salapan puluh lima juta rupiah.”
Anu rék meuli téh nyéréngéh. Manéhna
nyangka Pa Sutar téh heureuy. Tapi sanggeus sababaraha kali ku Pa Sutar dikeukeuhan
kudu kitu hargana, anu rék meuli téh satuju. Enya, apan dijumlahkeun mah angger
waé bumi jeung ucing téh tujuh ratus juta rupiah. Harga sakitu téh apan manéhna
geus wani.
Énjingna transaksi jual-meuli téh
disaksian ku notaris. Balik ti notaris Pa Sutar nyimpang ka panti asuhan, terus
sodakoh lima juta rupiah, saharga bumina. Kaluar ti panti asuhan téh Pa Sutar
sura-seuri. Pa Sutar ngarasa dirina pinter. Ceuk haténa, ngan jelema pilihan
anu bisa ngakalan kaayaan rumit siga kitu. Enya ogé di jero haténa, di jero
hatina anu pangjerona, Pa Sutar ngarasa bodo leuwih ti saacanna.
Dina saku Pa Sutar aya buku tabungan anu
jumlahna genep ratus salapan puluh lima juta rupiah, ladang ngajual ucing. Basa
ramo-ramona nyekelan buku tabungan téa, Pa Sutar seuri deui. Manéhna ngarasa
tetep beunghar. Tabungan ieu mah henteu kudu disodakohkeun da ladang ngajual
ucing. Enya ogé di jero hatina, di jero haténa anu pangjerona, Pa Sutar ngarasa
sangsara leuwih ti saacanna. ***
Pamulihan, 20 April 2014
0 Response to "PA SUTAR JEUNG UCING"
Posting Komentar