MAEN BAL
Cerpen ini pernah dimuat Tribun Jabar, tapi lupa tanggalnya.
Belesat manéhna lumpat
muru bal nu ditajong sataker kebek. Bal ngabelesur luhureun jukut. Sorana
harus, bangbaraan, handaruan. Jujukutan pating garupay kaanginkeun. Manéhna
geus nguntup. Bal téh sakilat kasusul. Habek deui ditajong. Belesat deui manéhna
nyusul.
Teu nolih kénca katuhu. Bal
téh digiring ku manéhna ti tungtung gawang. Gilek ka kénca gilek ka katuhu basa
aya musuh nu ngahadang. Pating belesur nu nyléding. Manéhna ajleng-ajlengan
bari nyapit bal. Musuh hareugeueun da najong tempat kosong ngahadang saukur
kalangkang. Kiper musuh reuwas barang ningali nu mawa bal mani mengpengan.
Kiper téh taki-taki. Legana gawang sakali deui dideupaan. Dampal leungeunna
ditiup sababaraha kali.
Saenyana manéhna téh
kiper. Unggal maén bal manéhna kudu siap di handapeun gawang. Ngajaga ulah nepi
ka boboléh. Enya manéhna téh kiper nu hébat. Can pernah sakali ogé gawangna
kajeblosan. Sakumaha tarikna ogé anu najong anu ngaheden anu balikbandung, hih
ku manéhna mah dianggap kaulinan. Bal téh pageuh dina dampal leungeunna. Apan
lalandianana ogé Si Gegep, Si Leugeut, Si Solmetbal.
Tapi hiji waktu, enya
dina hiji waktu, duka detik anu ka sabaraha dina maén bal ieu, manéhna ngarasa
bosen. Bosen jadi kiper. Bongan kiper mah tara ngasupkeun. Apan sok aya kiper
nu maju ka hareup, pangpangna dina detik-detik panungtungan, sabada
kasawelasanana bobor karahayuan.
Nya manéhna ngagiring bal
ti tungtung gawangna. Tapi lain pédah kasawelasanana bobor karahayuan. Manéhna
mah maju ka hareup ngagiring bal sosoranganan lantaran didorong ku anu ngaguruh
dina dadana. Ujug-ujug aya rasa anu ngajujurung pikieun lumpat, najong bal
sataker tanaga, ngulinkeun bal ku suku, tuur jeung sirahna basa musuh megatan.
Musuh anu kaliwatan
henteu antepan. Maranéhna ngudag sataker kebek. Atuh bék nu can kaliwatan
ngepung nu mawa bal. Tapi manéhna lain jago atah-atah. Boro-boro sapuluh urang
musuh, sarébu urang ogé bakal diayonan. Nu nemprang bincurang nu nakol
cecekolan nu muru tuur sakabéhna nyamos.
Kiper beuki reuwas barang
ningali nu ngagiring bal mengpengan téh tinggal adu hareupan jeung manéhna.
Suku, leungeun jeung uteukna rancingeus. Nu ngagiring bal beuki ngadeukeutan.
Sapuluh meter salapan meter dalapan meter tujuh meter genep meter lima meter
opat meter tilu meter dua meter deui paadu hareupan. Kiper téh réplék nubruk
bal. Tapi bal kalah melentung ka luhur sababaraha sénti tina awak kiper. Bal
téh dicapit ku anu ngagiringna.
Nu lalajo surak
ayeuh-ayeuhan. Ngabobotohan. Pating corowok. Pating saruit. Arengklak-engklakan.
Arajleng-ajlengan. Tukang baso nakolan mangkok, hilap ngaladangan. Tukang
odading kalah ngibing, teu terangeun odading aya nu ngajingjing. Sora angin dina pucuk awi taya dayana. Manuk-manuk
calinutrung ngaraos kawon ku anu surak ti lapang maén bal.
Salengkah dua lengkah
tilu lengkah bal tinggal diceploskeun. Ditajong saeutik atawa diantep ogé pasti
ngaliwatan gawang. Nu lalajo ngabaretem. Nu surak nu engklak-engklakan nu
ajleng-ajlengan nu gogorowokan nu susuitan
areureun sakedapan. Sadayana nahan ambekan. Bari dina hate siap surak leuwih ti
nu tadi. Atuh bobotoh kasawelasan nu bakal bobor karahayuan leuwih jempling
deui. Maranéhna pasrah. Sumerah. Leuwih ti siap pikeun carinakdak atawa
paungku-ungku jeung papada baturna.
Saréréa ngantosan bal ngajeblos
kana gawang.
Bal ngagulusur dina
jukut. Sapuluh deupa salapan deupa dalapan deupa tujuh deupa genep deupa lima
deupa deui bal ngaliwatan garis gawang. Tapi teu disangka ku saha waé ogé, ku
nu lalajo ku pamaén ku tukang dagang ku wasit ku barudak ku aki-aki ku
nini-nini, ngan sakilat bal méngkol ngaliwatan tihang di luar jaring. Bobotoh
ngabaretem. Badé surak ngadadak sapertos gaang katincak. Sadayana reuwas.
Parias. Bobotoh kasawelasan nu teu jadi bobor karahayuan bungah. Bungah
kapaksa. Henteu ngabekas.
Enya ogé tos kaluar tina
pakalangan, nu ngagiring bal téh henteu ngendoran lumpatna. Atuh buriak nu
lalajo lalumpat ngarudag nepi ka kalang panungtung. Wasit gancang niup piriwit,
tapi lantaran kagebah ku anu lalumpatan piriwitna kateleg, berekah teu aya anu
terangeun. Sadayana marolohok, ngarembang kadu, marata simeuteun, caralangap. Demi
anu ngagiring bal beuki tarik lumpatna. Ngendoran sotéh pédah kudu gulak-gilek ngaliwatan
tatangkalan. Sakebonan tatangkalan kaliwatan. Réngsé pakebonan laju ngaliwatan
pasawahan. Manéhna lulumpatan dina galengan. Rambutna ririaban. Anjog ka padésaan,
kolot budak awéwé lalaki naringalikeun. Tapi manéhna henteu ébat. Bal dicoo.
Dihédenan. Digorolongkeun tina sirah nepi kana tungtung suku. Bosen diulinkeun
habek ditajong sataker kebek, belesat nyusul kadia paser kadia angin kadia
cahaya. Teu eureun-eureun. Teu capé-capé. Béak désa ganti lembur béak lembur
ganti leuweung béak leuweung ganti kota béak kota ganti laut béak laut ganti
gurun. Napasna ngahégak. Késang ting kareclak. Tapi lumpatna beuki ngabelesat.
Désa, kota, pulo, nagara, benua, kaliwat sakilat-sakilat. Tapi gawang kahayang nu
diwangwang can tembong ngalangkang.
**
Gawang nu kumaha atuh nu
dipikahayangna téh? Manéhna teu bisa nerangkeun. Mimitina, enya mimitina ku
naon maén bal ieu ingkar tina aturan FIFA, basa ngajentul handapan gawang
manéhna ningali anu imut ngagelenyu. Imut anu maut seuseukeut rasa dina
manahna. Imut anu terus sumebar salapangan maén bal. Eunteup dina bal nu
diarudag ku kabéh pamaén. Puguh wé sakumaha tarikna ogé bal ditajong atawa
dihéden, ku manéhna katéwak. Da dina dadana aya sinyal anu ngagerakeun
leungeunna sukuna panonna jeung nu aya dina sakujur badanna pikeun nangkeup
imut anu aya dina bal. Kahayangna mah malah bal téh didedetkeun kana dadana
ngarah awor jeung dirina.
Tah, basa angin gugupay
dina pucuk-pucuk awi, basa langit mimiti kasumba, imut ngagelenyu téh napel
deui dina lambey anu éndah taya papadana. Putri geulis kawanti-wanti endah
kabina-bina ngajanteng di sagigireun gawang.
“Naha Putri mani téga seja
ngantunkeun Akang,” ceuk manéhna. Sorana dareuda nahan rasa anu ujug-ujug
nyaksrak dina badanna.
“Sanés ngantunkeun, Kang,
mung tumut kana aturan.”
Manéhna peureum. Duh, éta
soanten mani halimpu nyulusup ka lebet kalbu.
“Aturan saha, Geulis?”
“Aturan anu Kagungan Aturan,
anu ngawasa dunya nyata sareng dunya rasa. Apan urang mah sanés muhrim, janten
teu acan tiasa ngumbar cinta sakama-kama.”
“Geuning sapertos di
dunya nyata, kedah ka KUA sagala. Apan cinta mah….”
“Kedah aya ijab kabul di
dunya rasa ogé. Apan anu micinta sareng nu dipicinta téh kedah awor. Tah, dina
ijab kabul éta ngawitanna awor téh.”
“Hayu atuh….”
“Sanés hayu. Sim abdi mah
darma utusan anu ngawartosan. Cinta Salira mah geulisna ogé teu tiasa
digambarkeun ku lukisan sareng sajak. Mangga waé geura pilari gawang anu aya
dina wangwangan. Tah jebloskeun bal anu parantos dibuleud-buleud dina manah
téh. Widadari anu dipilari ku Salira téh janten kiperna.”
Putri geulis téh teras
gugupay. Aya ku lempay. Tapi cenah sakadar utusan. Kumaha geulisna widadari anu
saenyana?
Tah, ti harita manéhna
beuki kumejot hayang geura ngagiring bal manah ngotektak gawang cinta milari
widadari anu nyamuni. Hayang geura nyeploskeun bal rasa anu beuki motah dina
manah, teras sumarambah kana bayah kana jajantung kana salega badanna.
**
Sabada mulan-malén
mileuweungan mikotaan milautan migurunan manéhna reureuh di sisi dayeuh. Kesang
pating garenclang dina tarang. Angin ngahiliwir mépéndé anu reureuh. Tapi
manéhna teu bisa peureum sakerejep. Aya rasa nu beuki ngagalura dina dadana. Rasa
anu nyedek kana tikoro kana panon kana sakujur badanna. Hayangna mah midangdam
hayangna mah ngagukguk hayangna mah ngageuri. Duh, di mana atuh gawang Salira
téh, Geulis….
“Diubek ge saalam dunya
moal aya, da gawang mah ayana di jero dada,” saur hiji sora. Gebeg. Dirérét
kénca katuhu, taya sasaha. Naha saha?
“Di antosan di dieu,
Jungjunan. Sing hawatos ka anu ngantosan.”
Sanggeus yakin mah éta
sora téh ti jero badanna, habek manéhna najong bal satarikna. Belesat lumput
muru urat muru getih muru tulang. Enya we gawang teh mimiti ngalangkang.
Kiperna taki-taki, rambutna ririaban. Euleuh... geuning kiperna mani geulis.
Geulis anu kareueut, giung, matak teu emut di bumi alam.
“Mangga lebetkeun,” saur
kiper. Imutna maut. Maut haté anu teu kaopan.
Manéhna ngajengjen.
“Enggal atuh lebetkeun.”
Manéhna ngabalieur.
Gawang téh ditinggalkan. Enya wé, sabada sapuluh léngkah, kiper anu geulis
kawanti-wanti téh salin jinis jadi sétan anu pikagilaeun. Terus nyakakak, ngabiur
ka alak paul.
Habek manéhna najong deui
bal. Belesat lumpat. Manéhna yakin, hiji waktu mah, enya hiji waktu, gawang
Cinta téh bakal kasorang. Haténa midangdam, ngageuri, ngagukguk, teu kiat nahan
kangen anu beuki ngagalura. Unggal najong bal rasa kangen minuhan sakujur
badanna. Duka dugi ka iraha manéhna bakal kiat nahan rasa. Duka di léngkob haté
palebah mana rasa téh bakal bedah ka gawang Cinta.
Cenah, saur tukang
dongéng, dugi ka rébuan taun ti harita, anu kawénéhan mah sok ningali anu
ngagiring bal ngalangkang dina méga, kokolébatan sapertos angin dina pucuk
tatangkalan. ***
Bandung, Désémber 2011
Tribun Jabar,
0 Response to "MAEN BAL"
Posting Komentar