KAHADEAN JAPATI
Usum halodo taun ieu aya ku lila. Unggal
poé panonpoé mani morérét. Pasti sasaha ogé horéam indit-inditan. Ogé hiji
japati anu nyayang di sisi leuweung. Manéhna hayangna mah males-malesan ngiuhan
dina tangkal anu ngarandakah. Tapi henteu bisa kitu. Apan manéhna téh boga anak
anu masih parabaneun.
Ti isuk kénéh éta japati gegeleberan ka
ditu ka dieu. Maksudna mah néangan sugan aya sésa bungbuahan anu bisa dibikeun
ka anaknya. Tapi di sakuriling sayangna mah geus euweuh anu bisa dipulungan.
Tungtungna mah manéhna hiber ka jauhna. Bakat ku nyaah ka anakna kitu peta téh.
Tapi henteu bisa kebat hiber téh poé éta
mah. Japati téh reureuh dina tangkal mahoni. Langlayeuseun tayohna mah pedah
kamari kurang dahar jeung panas mani morérét.
Rada nundutan japati téh di tempat anu
iuh mah. Tapi kagareuwahkeun ku sora anu ngabeledag tarik pisan. Japati téh
nepi ka tikoséwad bakat ku reuwas.
“DOR...!” Sora bedil tayohna mah. Di
handapeun tangkal mahoni aya paninggaran anu keur pupurilitan ngagaro
tonggongna.
“Kasebelan siah! Sireum atah adol!”
Paninggaran téh kutuk gendeng.
Japati téh sanggeus sadar mah gancang
hiber deui. Jantungna ratug. Reuwas manéhna téh. Pasti paninggaran téh asalna
mah nojokeun congo bedilna téh ka manéhna. Ngan lantaran aya sireum anu nyoco
tonggongna, bedilna jadi henteu puguh sasaran.
Nepi ka soré éta japati anu
langlayeuseun téh henteu manggih dahareun. Tong boro keur anakna, dalah keur
manéhna ogé sakadar keur nguatan tanagana pikeun balik henteu manggih
kakacangan sahiji-hiji acan. Sawah jeung pakebonan anu biasana dipelakan paré
jeung palawija ku patani ngahgar, taneuhna bareulah.
Lahaola japati téh nyimpang ka
pakampungan jelema. Sugan waé aya anu miceun sangu sésa atawa naon waé anu bisa
didahar. Di hiji suhunan imah japati téh eunteup. Panonna mah ngulincer ka ditu
ka dieu.
Mani reuwas japati téh basa di handapeun
imah aya jelema ngalung-ngalungkeun kadaharan. Jagong jeung kacang héjo sigana
mah. Tikorona langsung turun naék. Masih kapikiran ku manéhna, kumaha lamun
kadaharan éta téh saukur pangbibita? Da maksud éta jelema téh saenyana mah néwak
manéhna.
Ah, henteu nanaon ditéwak ogé. Henteu
ditéwak ku jelema ogé manéhna mah bakal paéh langlayeuseun. Japati téh terus
ngageleber nyampeurkeun jelema anu ngalung-ngalung kadaharan téa. Geus dina
taneuh mah terus wé nyorokcok macokan jagong jeung kacang héjo. Macokna rada
rusuh da puguh lapar geus ti tadi.
Sanggeus beuteungna karasa pinuh japati
téh kakara inget deui ka jelema anu marabna. Geuning dirina henteu ditéwak? Eta
jelema téh kalah ngasongkeun baskom leutik eusi cai. Japati téh nginum
sawaregna. Komo apan manéhna téh apan keur nyusuan, kudu rada loba nginum. Boa
ieu jelema téh apal ka dirina. Da biasana mah jelema jarang anu apal yén japati
téh hiji-hijina manuk anu sok nyusuan anakna.
Geus seubeuh bari mekel kacang héjo
jeung jagong saeutik dina bahamna, japati téh terus hiber. Eta jelema geuning
boro-boro néwak, manéhna hiber ogé kalah gugupay.
Nepi ka sayangna anak-anak japati mani
récét. Bari ngalolohan anak-anakna, japati téh ngahuleng. Aya ku ahéng
pangalaman poé ieu mah, gerentesna. Dua kali nyawana ampir ngalayang. Manéhna
geus pasrah. Tapi bet aya anu nulungan, bari manéhna henteu apal kumaha
jujutanana. Paninggaran anu keur ngokang bedil ngadak-ngadak tonggongna digégél
sireum. Jelema anu marab ku kacang héjo jeung jagong, tayohna mah nulungan,
lain arék néwak saperti kalolobaanana jelema.
“Henteu kudu héran, Japati,” ceuk hiji
sora. Oh, malaikat leuweung geuning aya di gigireunana. “Eta téh hadiah pikeun
kahadéan anjeun salila ieu.”
“Maksadna kumaha?” Japati téh kalah
nanya.
“Inget meureun basa aya sireum keur
gugurayangan dina jukut di biwir balong. Eta sireum téh ragrag ka balong da
angin ngadadak ngagelebug. Sireum téh ampir-ampiran tiwas da unggal ngojay ka
sisi kabawa deui ku angin. Apan anjeun muragkeun salambar daun ka deukeut éta
sireum.”
Japati téh unggeuk.
“Baheula aya manusa tukang dagang anu
dirampog bari dirogahala di leuweung. Eta tukang dagang téh langlayeuseuh
kalaparan, tungtungna ngalungsar di handapeun tangkal kai. Apan anjeun anu
muragkeun jagong ka lebah bahamna, nepi ka éta tukang dagang téh jagjag deui.”
Japati téh nginget-nginget naon anu
kungsi kaalamanana. Da unggal nulung ogé apan manéhna mah henteu pamrih nanaon.
“Nulung ka anu butuh nalang ka anu susah
téh saperti tabungan. Hiji waktu, naha di dunya kénéh naha engke di ahérat,
tabungan téh bakal jadi bekel anu munel,” ceuk malaikat leuweung téh.
Japati téh unggeuk bari dina haténa mah
ngucap sukur ka Yang Agung. ***
0 Response to "KAHADEAN JAPATI"
Posting Komentar