BAJU
Mangle, 8 Nopember 2012
Ingin baca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik DI SINI.
“Ku naon Pipi téh?” Pamajikan
nu ti tadi meusmeus ngintip meusmeus ngelol, nyampeurkeun.
“Nyaéta teu ngarti.”
“Teu ngartos ku saha?
Hoyong kataksir ku saha atuh Pipi téh? Mani samar anggé kitu. Rap itu rap ieu
téh asa kirang nécis waé. Padahal apan éta acuk anu saraé sareng arawis.”
“Ari taeun téh. Ieu mah
lain heureuy. Enya ogé aralus jeung marahal, baju téh mani euweuh anu
ngareunah. Rap itu rap ieu, asa hareudang, arateul, malah aya anu matak nyeri
nepi ka nyanyautan sagala.”
Mimi molohok. Teu
ngarti meureun. Ari kituna, tong boro manéhna, apan kuring ogé teu ngarti.
“Pipi téh teu damang?”
cenah bari ngarampa tarang kuring. “Asa haneut wajar sakieu mah.”
“Nyaéta da asa séhat.
Ngan unggal maké baju asa teu ngarareunah. Maenya ka kantor maké kolor jeung
kaos sangsang wungkul mah.”
“Huss...!”
**
Bubar kantor téh henteu
langsung mulang. Nyimpang heula ka Dokter Hani. Bisi asup angin, kembung, atawa
panyakit ringan lainna anu nyababkeun hareudang waé téh. Umur téh meureun geus
maju ka ma’lumeun, kasakit saeutik gé bisa karasana parna. Apan ayeuna téh
ampir 65 taun.
“Naha da teu aya
tanda-tanda panyawat, Pa,” ceuk dokter anu daréhdéh téh. “Henteu kembung, radang, atanapi demam. Ku
abdi diresépkeun vitamin waé. Tapi saéna mah Bapa general check up ka Rumah Sakit.”
“Apan nembé dua minggu
kapengker, Néng.” Ngaenéngkeun ka dokter téh, da apan manéhna téh sobat Déti,
budak anu nomer dua.
“Kumaha hasilna?”
“Alhamdulillah...
sadayana ogé saé, séhat....”
Dokter téh kerung. Tapi
teu lila ogé seuri mani marahmay. Pokna téh, “Panginten Bapa téh aya kahoyong
anu teu acan....”
“Puguh wé kahoyong mah
aya.”
“Sok wé nyarios ka
abdi, siap menjaga rusiah,” cenah siga ka babaturanana. Puguh atuh dokter téh
ti SMP idek-liher di imah, jadi teu asa-asa deui ngaheureuyan ogé.
“Bapa téh hoyong
diacuk....” Ngahaja kalimat téh teu dianggeuskeun. Apan dokter mani nyeukeukeuk
seuri. Tadina mah sugan wé kabawa gumbira, ngilu seuri sakeudeung mah. Tapi da
piseurieunna ogé asa ngajauhan. “Hoyong diacuk” téh lain heureuy geuning, da
jeung enyana.
“Apan Bapa téh ayeuna
ogé diacuk.”
“Nyaéta hoyong diacuk
anu ngareunaheun, anu matak tiis kana awak, anu matak seger kana pikiran....”
Dokter Hani ngabetem.
Teu ngarti meureun budak téh. Nya puguh, tong boro manéhna, apan kuring gé teu
ngarti.
**
Bet panasaran. Enya ogé
pikiran mah yakin, ngan rarasaan wungkul hareudang jeung nyanyautan unggal maké
baju téh. Tapi unggal poé suku mah ngaléngkah ka pasar atawa ka toko baju.
Unggal baju anu ceuk rarasaan perlu dicobaan gancang dicobaan. Meureun geus ngarébu
baju nu dicobaan téh. Tapi nu ditéangan mah acan kénéh kapanggih. Nepi ka hiji
waktu, duka di toko baju naon ngaranna, bet ditutur-tutur ku pelayan toko.
“Bapa téh hoyong acuk
anu kumaha? Di dieu mah sagala aya, modeu anu pangénggalna dugi ka modeu
kapungkur, masih aya stokna.”
“Kieu, Neng...,” pok
téh kararagok. Da puguh meuli ogé can tangtu. “Bapa mah mung sakadar ningalian
sareng nyobian, mésér henteuna mah duka....”
Pelayan téh imut. Mani
kayungyun.
“Teu sawios cios
henteuna mésér mah,” pokna mani halimpu. “Abdi mah mung nerangkeun supados Bapa
gaduh piliheun anu langkung seueur.”
Pelayan mawa baju
sasetél tina lomari.
“Tah anu ieu mah matak
gagah anu nganggéna. Cobi geura ku Bapa, abong upami henteu matak sumanget waé,
saur Chairil Anwar mah hoyong nambih umur ogé sarébu taun deui. Modeu ieu téh
kapungkur kantos dianggo ku Hitler sareng Lenin.”
Teu loba tatanya, baju
téh ditampanan, terus diajaran di kamar anu ngan ditutupan ku hordéng. Teu
percaya tadina mah aya baju anu modeuna mangaruhan kana awak, atawa kana
pikiran meureun. Tapi barang rap baju meunang milih pelayan toko téh dipaké,
enya waé mimiti karasa haneut kana awak. Sumanget téh, teuing sumanget keur
naon, meureun sumanget hirup, asa jadi rosa. Hayangna mah gancang balik,
nganggeuskeun hanca pagawéan, ngarencanakeun deui proyék-proyék keur taun
hareup.
Sabaraha ogé hargana
baju téh bakal dibeuli. Meureun ieu baju anu ditéangan téh. Tapi acan ogé suku
ngaléngkah, awak mani ngadégdég. Baju téh héhéaban, nyongkab, beuki panas. Késang
lain deui rembes tapi nyurulung. Mun teu gancang dilaan mah meureun awak téh
dibeuleum nyaan.
Nyampeurkeun pelayan
toko téh bari haruhah-haréhoh siga anu tas lumpat jauh.
“Wah... teu kiat, Néng.
Panas teuing acuk téh!”
Si enéng kalah imut.
Manéhna milih deui baju tina lomari.
“Upami anu éta panas
teuing mah saé nyobian anu ieu waé. Anu ieu mah matak dingin, seger, nyecep.
Modeu ieu téh seueur dipilih ku kiai anu jembar panalarna anu luhung élmuna.
Upami tokoh ti mancanagara mah anu kantos nganggo modeu ieu téh Mahatma Gandhi
sareng Sidharta Gautama alias Budha téa.”
Baju ditampanan, terus
diajaran deui di kamar paragina. Dangdak-déngdék di hareupeun eunteung, baju téh
aya ku basajan, tapi mani nyecep kana awak. Asana téh tiisna tembus kana tulang
kana daging. Kana pikiran mawa tenang. Kana haté mawa tengtrem. Tapi acan ogé
buleud niat rék meuli, baju téh beuki tiis. Tenang jeung tengtrem robah deui.
Da awak mimiti ngadégdég, ngagibrig, ngahodhod, tungtungna suku teu bisa ngaléngkah-léngkah
acan, meureun ngabeku. Baju téh gancang dilaan.
“Wah, sami waé, Néng.
Nu ieu mah tiris teuing acuk téh.”
Tadina mah hayang
gancang mulang. Asa teu pararuguh rarasaan. Meureun lain bajuna anu anéh téh,
tapi haté jeung pikiran kuring anu gering. Tapi pelayan toko rikat pisan mawa
deui baju tina lomari.
“Upami anu tadi teu aya
anu saluyu sareng salira Bapa, saéna mah cobian anu hiji ieu. Mudah-mudahan
tiasa ngahibur. Biasana anu nuju baluweng milarian acuk mah osok cocog waé
sareng modeu anu ieu mah. Ieu téh modeu anu kapungkur mah kantos diaanggo ku
Chaplin sareng Bing Slamet.”
Geus horéam saenyana
mah ngajaran baju téh. Tapi barang rap, lajag-léjég, kurang kerung, runyah-rényoh,
tangtu di hareupeun eunteung, mimiti kuring seuri. Sura-seuri, kuam-keom,
umat-imut, masih ditahan-tahan, tungtungna mah ngagakgak, ngagukguk, ngagikgik.
Na aya kalakuan téh mani lalucu. Enya kalakuan sorangan. Bet tararémbong sagala
anu kungsi dilakukeun. Boa enya hirup téh saenyana mah bobodoran. Da éta wé
seuri téh teu aya eureunna. Ngagakgak, ngagukguk, ngagikgik. Ieu beuteung mani
sééleun. Cimata nyurulung teu katahan. Caréham cangkeul. Tapi piseurieun teu
béak-béak. Matak taak. Ieu awak. Ieu awak lir aya nu nyangkalak.
“Wah, sami waé, Néng. Sanés
modeu acukna panginten anu lepat. Tapi awak Bapana anu gering. Wios teu kedah
nawisan deui modeu anu énggal. Bapa badé permios waé. Nuhun kana perhatosanna.”
Pelayan toko téh imut.
Asa kaubaran haté téh ningalina. Tadina mah sieun manéhna ngambek. Meureun ceuk
pikirna, geus mantuan milihan baju, nyobaan wé sababaraha kali, meuli mah
henteu.
“Bapa téh hoyongna anu
kumaha atuh?” pokna téh mani halimpu, teu aya sari-sari ngambek atawa judes.
“Bapa mah milarian anu
cocog sareng awak Bapa, teu kedah anu modeuna bersejarah atanapi up to date.”
“Pami kitu mah Bapa
kedah ngaput nyalira, diukur sacekapna badan Bapa. Kaleresan di dieu mah teu
aya. Êta mah kedah uih deui ka banjar karang pamidangan. Apan anu nyandak tiis
dingin téh hartosna uih deui ka suci, ka fitrah, ka lembur matuh.”
Gebeg, asa aya anu
anéh. Aya anu sésélékét kana haté. Gancang amitan. Nepi ka imah gé teu lila.
Bébéja ka Mimi rék mulang heula ka lembur, hayang nadran ka Bapa jeung Ema. Teu
nungguan manéhna tatanya, da katingalina téh héraneun ku rencana kuring nu
ngadadak, kuring gancang ngabiur ka lembur.
**
Di makam Ema jeung Bapa
kuring ngalimba. Ngado’a. Réngsé ngado’a haté mah terus ngagerentes: “Ema,
Bapa, horéng tungtungna mah lalampahan hirup téh nuduhkeun ka jalan
pangbalikan. Apan abdi aya di dieu téh lantaran milarian acuk anu cocog sareng
awak sareng lelembutan. Geuning acuk anu cocog sareng unggal diri téh acuk
mangsa suci, mangsa bayi. Naha di mana atuh, Ema, acuk cacandakan abdi anu
dianggé nuju bayi?”
Undur ti makam kebat ka
tukang ngaput. Cenah, keur kuring orok ngaput téh sok di anjeunna. Puguh
langganan saréréa anjeunna mah. Langganan mangsa keur orok. Apan Ema keur orok,
Bapa keur orok, Aki keur orok, Nini keur orok, Uyut keur orok, jeung luluhur
kuring saterusna keur orok, apan ngaputna téh di anjeunna.
“Abdi téh hoyong acuk
anu cocog sareng awak. Anu matak tiis kana pikir, matak ngareunah kana manah,
matak nyaman kana badan,” cekeng téh.
Enya ogé tos sepuh
pisan, tukang ngaput téh mani gesit ngukur awak kuring, ngagambar pola, ngaguntingan,
tungtungna ngaput ku mesin jaman baheula pisan. Ngan sajam baju téh anggeus.
Kuring mayar jasana ku ngado’a. Da ngan anjeunna tukang ngaput anu teu kersaeun
dibayar ku nanaon ogé, iwal ti ku do’a.
**
Peuting harita kénéh
kuring amitan. Nepi ka Cibiru kakara inget can ngabales sms. Apan ti beurang
mula Mimi nélépon ngan teu diangkat, nga-sms ngan teu dibales. Bisi
hariwangeun.
“Pipi tos di Cibiru.”
Kitu ngabales sms téh. Paling ogé limalas menit deui nepi ka imah.
“Muhun diantosan. Ieu
di bumi tos ramé nu ngabagéakeun. Apan barudak ngumpul. Deti, Leni, Eri, araya
jeung incu-incu Pipi.” Tilu menit aya deui sms: “Ogé aya Hani, Santi, Panca,
Uday, Rifki.” Nu disebutan pandeuri mah sobat-sobatna barudak. Ti rumaja kénéh
maranéhna téh idek-liher di imah, asa geus jadi anggota kulawarga. Pastina ogé
Dokter Hani ngadongéng ka anu séjénna.
Bet ras inget kana
baju. Ngahaja eureun heula mobil téh. Hayang ngajaran. Barina ogé mending
dipaké ti dieu kénéh. Ngarah mun barudak nanya, ku naon Pipi téh siga anu teu
damang, ka ditu ka dieu ngadadak bari teu ngajak sasaha? Tah jawabanna téh baju
ieu. Pipi téh milarian baju modeu baheula cacandakan keur orok. Baju ieu
geuning anu pangareunahna dipaké mah. Kana awak seger, kana pikiran tenang,
kana haté lugina.
Enya wé di buruan mani
ngajajar mobil. Mobil aralus. Hargana ogé kana dua ratus nepi ka genep ratus
jutaan. Enya, barudak téh henteu pikahariwangeun ku matéri mah.
Bél dipencét. Teu lila
sada aya nu leumpang. Tapi teu siga ramé. Tayohna mah ngan saurang anu muka
panto mah. Nu séjénna pastina ogé narungguan di taman tukang. Boa keur ngarencanakeun kejutan keur kuring. Enya,
barang bray panto muka nu katémbong téh ngan Mimi sorangan.
“Mi, gaya nya. Ieu téh
modeu acuk Pipi keur orok. Ngareunaheun ieu mah kana awakna, Mi. Matak nyecep,
tiis dingin, tengtrem kana haté ogé.”
Tapi Mimi kalah
calawak. Teu lila beretek lumpat ka jero imah bari gogorowokan. “Ay... aya...
pocc... poccoongng...!”
Kuring rungah-ringeuh.
Terus milu lumpat nuturkeun Mimi. “Manna, Mi, manna poccoongng...?”
Enya wé di taman tukang
keur ngarariung. Anak incu aya puluhna geuning. Dina meja ngabayak dahareun,
sagala aya. Tapi barang naringali ka kuring, ngan buriak téh lalumpatan bari
tingjarerit. Méja didupak korsi ditincak piring katoél prang préng prong.
“Ay... aya... pocc...
poccoongng...! Aya poocccoongng...!”
Nu labuh nu tisolédat
nu kasurungkeun brag brig brug. Teu lila panto kamar patingjarablog. Cetrék
cétrék sada konci disosikeun. ***
Bandung, September 2012
Mangle, 8 Nopember 2012
0 Response to "BAJU"
Posting Komentar