ARI UING AYA?
Mangle no 2413, 21-27 Pebruari 2013
Ingin baca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik saja DI SINI
Nepi ka sawah téh kakara carangcang
tihang. Tapi anu dibuat mah geus ngahanca dua kotakan gedé. Nu ngarit maksud
téh. Da anu ngagebotna mah acan ngamimitian. Masih ngariung di sisi jalan.
Naranggeuy timbel. Eh, lain timbel meureun disebutna, da bungkusna ogé keretas.
Disampeurkeun téh anu keur ngarit.
“Mang, ari uing aya?” cekéng téh.
Nu ngarit ngajanteng sakedapan. Leungeun
katuhuna masih nyekelan arit. Leungeun kéncana ngaranggeum sadapuran paré.
“Naha da ti kamari ogé henteu ka dieu
deui.”
“Berarti kungsi ka dieu atuh?”
“Puguh wé. Ti mimiti dibuat ogé manéhna
mah pulang anting ka dieu. Ari tos ngalangeu téh dina galengan geuning mani sok
anteng. Tungtungna mah humandeuar, ngananaha, duka ka saha. Kunaon cenah dibuat
téh ayeuna mah henteu saramé baheula. Baheula mah sawah téh jadi tempat
sagalana. Tempat ulin. Tempat harepan, harepan saréréa. Tempat macangkrama.
Tempat bujang jeung lanjang ocon, silih pihapekeun haté, tungtungna mah sabada
dibuat téh apan ka bale nyungcung anu batu turun keusik naék mah. Tempat
sukan-sukan, moro manuk békér, moro hahayaman, kokolécéran, ngagelikkeun
suling, sisindiran. ”
“Teras?”
“Ari ayeuna, dibuat téh mani siga anu
diudag-udag bagong bayangan. Dapuran paré disabetan ku arit. Terus digebot.
Tangtu digebot mah leuwih gancang batan diirik. Kajeun paréna sawaréh
ngaracleng, kajeun nu gacong téh moal deui ngalaman pasosoré ngirik paré bari
ngadéngékeun dongéng Si Andi Jago Tutugan. Atuh hasil gacongna, apan geus
ditungguan di sisi jalan ku mobil bandar. Jadi ka imah téh henteu mawa paré,
tapi mawa duit. Hancengan sapopoé angger waé kana béas raskin anu
dijualbeulikeun.”
Anu ngarit téh nyelang heula neundeun
arit jeung beubeunanganana.
“Pokpokanana téh mani siga anu jararauh
panineungan. Ceuk Mamang téh, da kieu pajamananana atuh, Jang. Praktis apan ari
nyandak artos mah. Atuh pangabutuh, henteu ngan béas jeung lauk asin wungkul.
Apan ayeuna mah kudu aya télévisi, vidéo player, hénpon. Beu atuh upami henteu
rurusuhan mah moal matak kapésér anu bieu. Sok anteng ngalamun dikitukeun téh.
Anu panungtungan mah pokna téh kieu: ‘Nyaéta, Mang, sanés ngananaha kana jaman
anu robah, tapi ngananaha ka urangna anu robah. Mani sagala gagancangan, siga
anu baralap apan urang téh. Bari dina haté mah aya anu leungit, diapilainkeun.
Tah urang téh kaleungitan éta, Mang, kaleungitan anu dina haté, tapi urangna
apan siga anu henteu hayang nyaho, henteu tetelepék maluruh anu leungit téa.’
Tos nyarios kitu mah ngaléos wé anjeunna téh.”
“Teras ka mana?”
“Duka. Ngan saurna badé démo.”
Moal salah, lamun démo mah pastina ogé
ka kota. Apan di kota anu loba masalah mah. Maksud téh, anu loba kapentingan
miara tukang démo. Enya wé di buruan kantor gubernur anu démo keur
ayeuh-ayeuhan. Cenah mah ngadémo rumah sakit pédah mayarna mahal. Basa anu
gogorowokan di hareup turun, diganti ku baturna, éta anu disampeurkeun téh.
“Ari uing aya?” cekéng téh.
Nu démo téh ngahuleng. Neuteup ka
jauhna. Duka naon anu aya dina pikiranana. Komo dina haténa.
“Ari uing aya?”
“Puguh gé kamari mah matak ramé. Anu
démo téh apan unggal poé ogé aya rébuna. Atuh anu didémona, ngajajar masalah,
moal anggeus-anggeus. Rumah sakit mahal, obat generik bagikeuneun dijualan. Duit
pajak milyar-milyar digerejud, diawur-awur ka anu rék néwak, apan nya pulisi
nya jaksa teu béntés da kabagéan. Korupsi teu anggeus-anggeus. Leuweung
dibukbak. Laut ditawu. Minyak, emas, batubara, disedot ku deungeun-deungeun.
Aya mentri nyarios asal engab. Législatif apan piknik unggal waktu ka
mancanagara, ngamonyah-monyah duit nagara milyar-milyar. Ah, pokona mah moal
séép démoeun mah. Tah, kamari téh manéhna datang, terus ka hareup ngomandoan
démo. Tapi pok-pokanana téh siga kieu.”
Tukang démo téh ngahuleng sakedapan.
“Kumaha cenah pok-pokanana téh?”
“Kieu cenah: ‘Gampang ngadémo batur mah.
Da kasalahan batur mah atra katingali. Kumaha lamun anu didémo téh diri urang
sorangan, haté urang sorangan, pikiran urang sorangan. Ka jalan mana urang kudu
abring-abringan lamun anu didémo téh diri urang sorangan? Naon anu kudu
digorowokeun lamun anu didémona téh haté urang sorangan? Babari nyaliksik
kasalahan sorangan ogé, da puguh karasa. Tapi urang iklas ngakuna? Urang wani
ngajejeléh diri sorangan?’ Atuh rébuan anu démo téh jep jempé. Gorowok deui
manéhna: ‘Hayu ayeuna mah urang ngadémo diri urang sorangan. Bari gawé naon
ogé, bari ngadémo batur ogé kaci, tong poho ngadémo diri urang. Apan sakitu
ngahunyudna kalakuan urang anu henteu dipikahayang. Sakitu ngaleuyana kahayang
urang anu henteu dilakukeun. Tah éta téh kudu didémo. Kudu terus-terusan
didémo!’”
“Terasna kumaha?”
“Rébuan anu démo téh mimitina mah enya
jarempé. Tapi tungtungna mah cul-cel anu ngomentaran. Ceuk anu saurang, saha
éta téh anu biantara? Naha wani-wani ngadémo tukang démo? Ceuk anu saurang,
moal salah éta mah oknum. Anu nyusup, anu ngahaja disusupkeun ku musuh. Ceuk
anu saurang, turunkeun...! Turun...! Atuh manéhna téh tungtungna pada
ngaraponan. Terus dialungkeun ka solokan saat.”
“Ayeuna ka mana?”
“Cenah mah teras ngadémo, ngadémo dirina
sorangan.”
“Ka mana?”
“Saurna mah ka tajug sisi sawah.”
Henteu ngengkékeun deui, terus disusul
ka tajug. Anu aya téh anu tas macul keur reureuh.
“Mang, ari uing aya?” cekéng téh.
“Puguh matak reureuh di dieu ogé sugan
wé aya deui. Ari pék téh geuning nyamos. Kamari mah enya aya di lebet tajug.
Solat katingalina mah, teras jikir. Tapi anu atra kakuping mah ngagukgukna.
Mani ngareunah ngupingna ogé anu nangis téh. Mani siga anu kanyenyerian. Tapi
mani asa plong ngemplong. Enya, Emang gé hoyongna mah siga kitu. Hoyong tiasa
nangis ngagukguk siga kitu. Hoyong gaduh waktos kanggo nangis siga kitu. Tapi
keur anteng Emang ngupingkeun, anjeunna lugay teras kaluar. Saurna téh: ‘Lain
di dieu... lain di dieu tempat uing mah. Tempat uing mah di alam ramé. Loba
kénéh parabaneun. Gedé kénéh tanggungjawab anu kudu dianggeuskeun di alam ramé.
Lain di dieu...’ Terasna mah angkat waé.”
“Ka mana?”
“Saurna mah ka pasar, badé balantik.”
Di susul téh ka pasar henteu kaburu.
Tukang pindang anu ngadongéng téh.
“Enya kamari mah aya dagang di dieu.
Tapi da henteu lami. Dagangna tuda mani polos.”
“Polos kumaha?”
“Ari dagang di dieu kedah sagala
diketrukeun élmu pangabisa téh. Naha élmu anu lantip atawa élmu anu atra. Kedah
sagala dipapatkeun jampé pamaké téh. Atuh anu atrana, kurangan ngilo téh saons
mah. Sidik batina pami kitu mah. Eh, da ieu mah polos téa. Daganganana ogé
numpuk kénéh waé.”
“Atuh rugi?”
“Rugi pantes. Duka terasna kumaha da
henteu nyarios deui perkawis dagang mah. Nyarios ogé badé istirahat heula
cenah.”
“Istirahat di mana?”
“Di bumina.”
Imahna téh sisi sawah. Ngareunah keur
niis mah. Tapi da panyangka téh lain keur niis. Manéhna téh reureuh tina
baluweng.
Diketrokan teu aya anu némbalan. Geuning
pantona teu dikonci. Disurungkeun, sirah nolol bari uluk salam.
“Sampurasuunn... punntteenn...! Ari uing
aya?”
Taya anu némbalan.
“Ari uing aya...?”
Sora téh asa lalaunan. Tapi kalimah “ari
uing aya?” henteu eureun-eureun, bulak-balik di jero imah. Mantul ka ditu ka
dieu, mantul kana hordéng mantul kana lalangit mantul kana jandela mantul kana
tihang mantul kana meja mantul kana ubin mantul kana témbok... terus nyulusup,
nyulusup kana karpét nyulusup kana gelas nyulusup kana lomari nyulusup kana
lampu nyulusup kana simbut nyulusup kana piring nyulusup kana baju nyulusup
kana kasur... terus ngubeng, ngubeng di jero imah ngubeng di jero kamar ngubeng
di jero kendi ngubeng di jero jamban ngubeng di jero dada.
Rarasaan mah, enya rarasaan, geus aya
sabulanna uing téh di imah. Sorangan. ***
Griya Bandung Indah, Nopember-Desember
2012
0 Response to "ARI UING AYA?"
Posting Komentar