Jejak Kata :
Home » » SAWEN

SAWEN

Written By Keluarga Semilir on Selasa, 18 Juli 2017 | 00.51

carpon yus r. ismail

Galura, Minggu I April 2017

Henteu réa anu apal saha ari Sawén. Manéhna cicing jeung ninina di saung butut di tengah kebon. Unggal poé Sawén indit ka sawah. Sorangan. Leumpangna mandiri, béda ti batur, da puguh péngkor jeung kéngkong. Dina tonggongna ngadaplok tas gandong kuleuheu eusi bekelna; timbel jeung cai entéh.
Sawén unggal poé tunggu paré anu geus sumedeng koneng. Manéhna diuk di saung ranggon, ngabetot tali-tali satarikna lamun ningali manuk sabubuhan eunteup dina dapuran paré. Tali téh ranteng ka unggal juru sawah, digantungan kaléng dina pancuh-pancuh awi. Atuh disada unggal dibetot téh; kontrang kontrang kontrang! Manuk téh haliber sarieuneun.
Enya, henteu réa anu apal saha ari Sawén. Entong boro urang jauh, batur sakampungna ogé saukur apal budak idéot tukang tunggu sawah. Tapi kahirupan mah ngabogaan aturanna sorangan. Duka kumaha mimitina, Sawén ujug-ujug kakoncara ka mana-mana. Entong boro batur sakampung, urang kampung-kampung tatangga ogé, nyaraho saha ari Sawén.
Enya, éta téh lantaran kahayang Sawén anu mahiwal. Sawén hayang kawin ka bebegig. 
**

Nini Jumsih geus lima iangan kalur-asup saungna. Tapi unggal ngarandeg, manéhna bingung, naon anu kudu dilakukeunana. Sakali kaluar saung henteu mawa nanaon, sanggeus ngahuleng salila-lila di buruan kakara inget arék ngala cai di pancuran. Kadua kali kaluar imah bari mawa panci, sanggeus lila ngajengjen di buruan bingung panci téh eukeur naon. Katilu kali kaluar imah teu mawa nanaon, sanggeus ngahuleng di buruan kakara inget émbér henteu kabawa. Kaopat kali kaluar imah bari mawa émbér, sanggeus nangtung salila-lila di buruan ogé henteu inget keur naon émbér téh.
Enya, Nini Jumsih téh keur baluweng pipikiranana. Manéhna kalut pedah peuting Sawén geus pok deui paméntana anu anéh.
“Awén hoyong kawin, Ni,” ceuk Sawén.
Nini Jumsih imut. Baju anu keur ditambalna disimpen dina palupuh. “Kawin ka saha?” pokna.
“Bebegig.”
Nini Jumsih kerung. “Naha?”
“Bageul, Ni. Bebegig mah bageul.”
Éta anu nyababkeun Nini Jumsih baluweng. Geus tujuh kali Sawén ngedalkeun kahayangna téh. Peuting mah malah bari ceurik. Mimitina Nini Jumsih nganggap heureuy, tapi ari terus-terusan mah....
“Ni, kawinken Awen. Kawinken Awen ka bebegig,” ceuk Sawén.
Nini Jumsih henteu bisa némbalan nanaon. Saukur bisa neuteup incuna, tuluy nangkeup pageuh pisan. Tina tungtung panonna aya anu ngalémbéréh maseuhan kulit karijut.
“Naha Nini alim ngawinkeun Awen,” ceuk Sawén bari ceurik. Cimatana pacampur jeung acay tina tungtung biwirna.
Éta anu nyababkeun Nini Jumsih baluweng. Isuk-isuk geus lima kali kaluar-asup imah bari henteu puguh anu dimaksud. Sanggeus Sawén indit ka sawah, biasana Nini Jumsih tuluy ka bumina Haji Kodir. Salila ieu Nini Jumsih ngandelkeun hirup ti kahéman Haji Kodir sareng Ibu Hajah Enah. Nini Jumsih babantu di bumina, Sawén nalingakeun paré di sawah. Éta téh aya buruhna, buruh anu cukup keur hirup duaan. Saung Nini Jumsih ogé apan diadegkeun ku Haji Kodir di kebonna.  
Poé éta mah Nini Jumsih henteu ka bumina Haji Kodir. Nini Jumsih ngahuleng di hareupeun hawu anu ruhakna geus pareum. Manéhna inget ka dua puluh taun ka tukang basa lembur ibur. Aya awéwé keur bureuyeung kapiuhan di sisi leuweung. Awéwé anu ngaranna Surining téh asalna mah ti kota. Apruk-aprukan ka sisi leuweung téh néangan paraji anu sanggup ngaleungitkeun kandunganana.  Tapi sanggeus diurut, kandungan Surining henteu waé kaluar. Surining malah kapiuhan. Sababaraha poé diurus ku urang lembur. Basa brol jabang bayina anu kakara genep bulan téh, Suriningna mah henteu katulungan.
Sawén téh budak Surining anu terus diaku incu ku Nini Jumsih. Kitu ogé sanggeus urang lembur euweuh anu daékeun ngurus Sawén da kanyahoan cacad. Ti leuleutik geus seubeuh pangjejeléh jeung panghina batur. Disebut idéot, gélo, budak jadah, jeung sesebut pikagilaeun séjénna. Tapi Sawén mah ngabalesna saukur ku sura-seuri. Pikeun Nini Jumsih, angger yakin Sawén téh budak anu bageur jeung normal.
Pabeubeurang Nini Jumsih ka sawah. Manéhna diuk di gigireun Sawén bari neuteup pasawahan. Paré anu baleuneur sumedeng konéng. Abrulan manuk beuki mindeng datang. Tapi ngan eunteup sakeudeung da Sawén kaburu ngabetot tali. Kontrang-kontrang-kontrang.
Di juru kotakan lebah wétan aya bebegig téh. Dijieunna apan ku Nini Jumsih sorangan. Sawén ngabantuan ngakutan jaramina ti tukangeun saung. Sanggeus jadi tuluy dibajuan, baju awéwé, sirahna ditopian warna kayas.
“Bebegig itu anu bageur ka Sawén téh?” ceuk Nini Jumsih.
“Uhun, Ni. Seling ngadongéng, seling ajak ameng. Bageul ka Awén. Sapeltos Nini.”
“Henteu nanaon lamun Nini ngobrol ka bebegig?”
“Moal tiasa, Ni. Bebegig ngan nyalios ka Awén, ngan ameng saleng Awén. Ilaha Ni, Awén Nikah ka bebegig? Nikah di Pa LT waé, Ni.”
Nini Jumsih imut.
**

Ti Pa RT éta béja Sawén hayang kawin ka bebegig nyebar. Sakabéh urang kampung langsung arapaleun. Aya anu nyeungseurikeun, aya anu gogodeg, aya anu saukur kekecrék, jeung réa anu ngoméntaran.
Juragan Sutar anu nyababkeun Sawén leuwih kawentar. Bandar hasil tani anu ogé réntenir téh ti taun kamari geus aya rencana pikeun nyalon kuwu. Basa ngadangu béja Sawén hayang kawin ka bebegig, manéhna seuri ngagakgak. “Dasar, jelema idéot,” gerentesna. Tapi seurina tuluy eureun. Manéhna ngarasa boga ide anu cemerlang. Gancang tim suksesna dikumpulkeun, tuluy rapat. Beurangna manéhna biantara di hareupeun warga.
“Sawén hayang kawin ka bebegig téh entong saukur digeuhgeuykeun. Da henteu saukur lucu. Tapi ieu téh masalah moral. Kumaha bisana jelema kawin ka bebegig?” ceuk Juragan Sutar. “Urang percaya, Sawén jeung Nini Jumsih téh lain dukun, lain tukang santét, lain tukang sihir. Tapi moral anu goréng patut wungkul anu nyababkeun hayang kawin ka bebegig diturut! Lembur urang mah kudu beresih tina ancurna moral siga kitu! Jadi urang entong cicingeun! Lamun sim kuring jadi kuwu....!”
Juragan Sutar jeung puluhan urang lembur anu ngadukungna tungtungna ngarencanakeun ngabringkeun Sawén ka balé désa. Sawén kudu diadili. Sawén bakal dibabawa ku Juragan Sutar pikeun conto ancurna moral. Peutingna maranéhna ngumpul, marawa obor, bring ka saung Nini Jumsih.
Tapi Sawén nyampak suwung. Sawén geus kabur. Aya urang lembur anu karunyaeun, tuluy gura-giru ngabéjaan Nini Jumsih. Sawén kabur ka sisi leuweung, nyumput.
“Nyumput di nu suni, nya. Tong wara kaluar saacan Nini anu ngagentraan,” ceuk Nini Jumsih.
Juragan Sutar ambek basa kasampak Sawén geus kabur.
“Ieu henteu bisa diantep! Kukumaha ogé ancurna moral kudu dibéréskeun. Lembur urang kudu nyepeng Imtaksolgé, Iman Takwa Soleh Ogé. Jadi... Hayu, urang udag si Sawén ka leuweung!”
Jelema surak ayeuh-ayeuhan. Tuluy ngabring ka sisi leuweung. Nini Jumsih balilihan bari andeprok dina taneuh. Juragan Sutar ngagupayan tim suksesna.
“Pingpin waé rombongan ka sisi leuweung, nya. Lamun geus katéwak, gancang nga-WA. Abringkeun wé ka balé désa, ngarah sakabéh warga apal urang anu ngalakukeunana. Entong poho, mekel kopi-rokok jeung lalawuhna saseubeuhna keur anu ngasruk ka sisi leuweung,” ceuk Juragan Sutar.
“Bapa moal ngiring?”
“Puguh ieu éncok jadi deui.”
**

Peuting karasa tiris jeung simpé basa Juragan Sutar balik nyorangan. Anu ayeuh-ayeuhan beuki ngendoran da ngajauhan. Basa nepi ka imahna, gedong dua tingkat anu buruanna lega tur éndah, anu ayeuh-ayeuhan henteu kadangu deui. Juragan Sutar ngarérét jam tangan emasna, ampir pukul dua welas. Basa panto dibuka, pamajikan Juragan Sutar nungguan dina sofa. Imut aya ku manis dina keureut beungeut anu rancunit.
Juragan Sutar ka kamar mandi. Mandi cai haneut tina shower. Terus nginum cai haneut jeung pél viagra. Pamajikanana anu henteu weléh imut téh dipangku, tuluy dibawa ka kamar. Sababaraha menit satuluyna Juragan Sutar hahéhhoh mandi késang. Bareng jeung nepi kana mamaras birahina aya béja kana hp-na.
“Bos, Sawén tos katéwak,” ceuk béja dina WA.
Juragan Sutar imut. Ditangkeup sakali deui pamajikanana anu henteu weléh imut. Diusapan pipina, gadona, turun kana tenggekna, nyasar tonggongna anu lemes. Cetrék! Tombol anu aya dina tonggong pamajikanana dipencét. Samenit satuluyna Juragan Sutar kérék di gigireun pamajikanana anu henteu weléh imut.
**


  

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni