Jejak Kata :
Home » » RT 01

RT 01

Written By Mang Yus on Selasa, 18 Juli 2017 | 19.54

carpon yus r. ismail

Galura 6-3-2017 MUAT minggu II Maret 2017

Di perumahan kuring milih ketua RT téh teu weléh harénghéng. Ramé. Maksudna mah tangtu waé néangan pamingpin anu bisa mawa katingtriman jeung kamajuan. Tapi jadina téh malah manghélokeun batur.
“Di komplek uing mah, papada embung jadi ketua RT téh. Milihna ogé dapon waé, atawa warga mah satuju-satuju waé sasaha ogé asal ulah dirina,” ceuk ki sobat.
“Di lembur urang ogé sarua. Malah aya ketua RT anu geus ngajabat tilu puluh taun da warga séjén arembungeun,” ceuk sobat anu séjén. “RT mah patukang-tonggong jeung kuwu, bupati, komo gubernur jeung presiden. Hayang jadi bupati mah kudu sanggup jeung ngorbankeun sagala rupa, jadi RT mah embung ogé dipapaksa.”
“Matakna, RT manéh mah aya ku ahéng, euy....!”
Kuring saukur kéom. Ti baheula da enya kitu koméntar urang luar mah. Tapi kuring sorangan malah hélok téh ku kampung, lembur, perum, komplek, atawa kota séjén. Jadi ketua RT téh paembung-embung. Ceuk paribasana kajeun sakola saukur nepi ka kelas tilu SD, asal bisa maca jeung marap, daékeun jadi ketua RT, nya diparilih jadi RT.
Meureun pedah di perumahan kuring mah loba jalma ngarti. Aya dosen, wartawan, dokter, pengarang, pns, bloger, networker, jeung pagawé widang anyar anu holna tina internet jeung matak kerung anu anyar nyaho. Matak milih ketua RT téh nyaan-nyaan dibadamikeun. Apan kuring ogé kajeun keur rada rarieut, basa dipariksa ka dokter, éh di ruang pariksa téh kalah ngabahas piértéeun. Kitu ogé basa balik jamaah di masjid, di pangumbahan motor, di sakola basa ngajemput budak, komo deui basa ngopi di warung pisgor Nini Kamah.
“RT anu rancingeus bakal bisa ngajaga lingkungan. Pabrik tahu téh moal sangeunahna teuing miceun limbah ka solokan anu matak bau sapanjang gang. RT anu rancingeus bakal bisa ngajaga kaamanan. Moal aya barudak mabok, pungli jeung jugar-jégér ngulampreng. RT anu rancingeus bakal bisa ningkatkeun kamajuan. Anu ngalanggur téh lain dijauhan, komo bari dituding puak-paok mah, tapi dibina pikeun sanggup berkarya nyata,” ceuk dosén Dayat basa keur ngopi pasosoré di garduh ronda. “RT anu rancingeus bakal bisa ningkatkeun kaagamaan, ka dituna méntal spiritual warga. Moal aya anu puak-paok, tupa-tipu, da apan anu kitu mah dosa.”
“Atuh lamun kitu mah, naon tugasna hansip, Pa?” ceuk kuring mairan.
“Tugasna hansip mah angger, ngajaga dreum.”
“Ngajaga dreum?” Kuring kerung. Anu araya di dinya ogé milu marolohok.
“Enya, apan lamun aya anu hajat geuning di jalan hareupeun imahna téh sok aya dreum, tah gigireunana téh apan sok aya hansip ngajaga.”
“Haha... teu ramé ah, ngabodor téh!”
**

Tangtu waé sabulan saacan pamilihan RT 01, nyaéta RT kuring téa, geus ramé diskusi, obrolan, padungdengan, di mana-mana. Masalahna, RT anu ayeuna karasana tegas, ngawasa jeung sologoto teuing. Maksud téh loba anu nyeri haté ku haok kadua gaplok Pa Sersan salaku ketua RT.
“Amang mah moal poho basa si Kode dicabok ku RT. Matak mani hayang geura diganti tah RT gejul téh,” ceuk Mang Amat, tukang baso di hareupeun perumahan.
“Naha kumaha kitu kajadianana, Mang?” ceuk kuring panasaran.
“Eta ogé ari salahna mah salah Si Kode téh. Manéhna ngarinum jeung sobat-sobatna di hareupeun gang. Tapi apan ngaranna ogé budak keur meujeuhna sasangkleng jeung sagala hayang nyobaan. Sakola SMK-na ogé kakara kelas dua.”
“Oh, wajar wé atuh, Mang. Ngarah kapok meureun,” ceuk Jang Usdi, ketua Remason alias Remaja Masjid Onlen.
“Ah, henteu wajar ogé, Jang. Si Kode téh bolon kénéh pisan. Papatahan heula, atawa panggil wé atuh Amang salaku kolotna. Lain ojol-ojol gampleng....”
Kuring saukur nyengir.
Kang Ahdi terus mairan. Pokna téh, “Ari ku sologotona mah heueuh. Apan jikan uing ogé nepi ka ceurik. Cenah, ditunjuk-tunjuk dicarékan lak-lak dasar.”
“Naha ku naon deui kitu, Kang?” Kuring bet panasaran deui waé.
“Enya pedah di solokan tukangeun imah runtah ngabadeg. Kumaha cenah lamun ngijih datang, tangtu gorong-gorong kapengpet, atuh perumahan bakal banjir.”
“Nya wajar waé atuh, Kang, da enya bener,” ceuk Jang Darso, ketua Bodrek alias Bodor Rea Kumis.
“Ah, henteu wajar ogé, Jang. Kuduna mah RT téh tatanya heula, nalungtik heula, saha anu miceun runtah ka solokan téh. Apan terusna mah kanyahoan anu miceun runtah téh urang girang, tapi runtahna terus kabawa ku cai.”
“Atuh kumaha terusna, Kang?” Kuring panasaran.
“Si RT enya ménta dihampura. Tapi apan jikan uing ceurikna enggeus, nyeri haténa henteu kapupus ku sakadar ménta dihampura. Atuh uing, apan salakina, angger boga rasa pikeun ngabales.”
“Is, teu kénging dengdam, Kang.”
“Heueuh lamun ngumbar napsu. Apan kajadianana ogé geus lila. Akang mah saukur hayang milu kompanye pikeun ngaganti RT pikasebeleun siga kitu.”
Dibandungan téh, loba pisan anu henteu satuju, nyeri haté, kasigeung, ku polah RT anu ayeuna. Ditambah deui ku anu nalungtik, cenah, siga anu heueuh RT ayeuna téh tegas jeung wanian. Padahal aya kasempetan mah angger... korupsi. Dana itu proyek ieu pembagian itu pembagian ieu, ukur sawaréh anu dibagikeun.
Atuh padungdengan téh raména ngeunaan ‘RT anu kumaha anu diharepkeun téh?’ Jawaban anu sapuk dipilih ku réaan, anu demokratis cenah. Élmu modéren demokrasi mah, jadi entong nyoba-nyoba henteu satuju ari embung disebut bodo mah. Matak calon RT ogé loba, aya belasna. Keun waé, ngarah loba piliheun.
**

Surak ayeuh-ayeuhan basa Pa Culna kapilih jadi RT téh. Henteu arék kitu kumaha, Pa Culna téh minangka tangtungan anu dipikahayang ku jalma loba. Pinter, heueuh deui da anjeunna mah guru besar, profesor doktor téa. Atuh sabada kapilih téh langsung disusun pengurus anu ngarti dina widangna séwang-séwangan.
“RT urang ayeuna téh urang sebut waé RT Revormasi,” ceuk Pa Culna basa biantara dina sukuran di balé RT.
Mimitina mah enya réa anu neundeun harepan. Sagala pasoalan, rék leutik rék gedé, dipadungdengkeun nepi ka mupakat. Tapi jadina téh ngayayay. Runtah anu kabawa cai di solokan ogé tungtungna numpuk da lila teuing madungdengkeun arék dikumahakeun éta runtah. Atuh basa datang ngijih téh bet ngalaman caah.
Barudak rumaja anu sok ruang-riung bagadang di hareupeun gang kanyahoan patinggalolér mabok oplosan. Pulisi terusna daratang da cenah aya anu nepi ka henteu nyawaan sagala.
“Ceuk panalungtikan pulisi, barudak pésta oplosan téh henteu sakali ayeuna. Naha RT henteu apal kitu kalakuan barudak siga kitu?” ceuk Pa RW. “Da moal mungkin atuh lamun hansip RW atawa pulisi kudu nalingakeun sakabéh tempat mah.”
“Terang mah  tos lami, Pa RW. Tapi ieu masalah téh kedah ditalungtik ati-ati sareng dipadungdengkeun ku sadayana warga. Apan ngarah langkung demokratis téa,” ceuk réngréngan RT anu mangjawabkeun.
Atuh beuki dieu beuki réa anu kuciwa ku RT Revormasi téh. Mimiti cul-cel anu ngajejeléh jeung nganaha-naha. Calon RT anu tiheula éléh mimiti ngung-ngong nyalahkeun warga. Cenah, salah warga ogé naha henteu milih maranéhna.
Kadieunakeun malah kapanggih korupsi di RT ogé leuwih réa. Da puguh RT téh jelema pinter téa, proyék ti nagara beuki réa. Warga mah jarang anu apal. Aya anu apal ogé terusna ngahéphép da kabagéan jatah. Komo deui hansip, DWW alias Dewan Wawakil Warga, apan ayeuna mah baroga motor-mobil séwang-séwangan.
Lila kénéh ogé kana milih RT, rarasaan téh di perumahan kuring mah geus sahéng. Anu masang pamplet jeung ngabagikeun salebaran black-kampanye téa, diskusi, seminar, debat kusir, debat kopi, debat pasar, wah matak ngajelengéng kana ceuli. Atuh banjir angger unggal usum ngijih, kakurangan cai angger usum halodo, pungli jeung korupsi beuki mahabu, bencana alam asa di ditu di dieu, anu miskin beuki katideresa, anu susah beuki payah, anu beunghar anu pinter beuki ngakal.
“Asa mendingan jaman Pa Sersan, nya,” ceuk Jang Usdi.
“Ah, sapanjang sistemna kieu mah, sasaha ogé jadi RT bakal riweuh,” ceuk Jang Darso.
Kuring ukur seuri, seuri maur, seuri nyeri da di jero haté mah kuring téh geus ngabangingik, ceurik kanyenyerian. ***

6 Maret 2017 

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni