RANGGON PANYAWANGAN

carpon yus r. ismail

Tribun Jabar, 23-25 Mei 2017

Bada solat subuh di masjid téh henteu terus balik ka imah. Hayoh ngadon ngajanteng ngawaskeun saung ranggon luhureun perumahan. Enya ogé masih poék, katingali belegbeg saung mah. Kamari beurang ningali téh basa ngaliwat tas meuli pulsa di warung Ceu Imih. Masih weweg jeung tambah nyari da puguh tihang awi jeung bilikna dipérnis, enya ogé diadegkeunna 20 taun katukang. Meureun awi jeung kaina anu bobo geus sababaraha kali diayuman. Di hareupna ditulisan: SANGGAR SENI RANGGON PANYAWANGAN. Duka saha anu nambahanana, da baheula mah ngaranna cukup RANGGON PANYAWANGAN.
Disebut ranggon saenyana mah henteu matut, da puguh saung téh kolongna henteu pati jangkung. Ngan lantaran diadegkeunna di lahan luhureun perumahan, jadi ti handap mah asa luhur. Atuh Pa RW jeung Kang Dodo mupakat méré ngaran ka éta saung Ranggon Panyawangan. Puguh atuh lamun geus nyawang pasawahan, pakebonan, pakampungan, solokan tengah sawah, asa jararauh panineungan. Henteu kungsi aya anu protés ku ngaran Ranggon Panyawangan. Barina ogé keur naon ngamasalahkeun anu henteu perlu.
Dua puluh taun katukang basa mimiti diadegkeun, ranggon téh asal ngadeg jeung saayana lain bohong. Harita kuring kakara kelas 3 SMP. Lantaran barudak henteu boga tempat ulin matuh, Kang Dodo anu jadi Ketua Karang Taruna ngumaha lahan luhureun perumahan ka Pa RW. Ari pék ku urut dépéloper dihempékeun asal dipaké keur umum. Der wé diadegkeun ku saréréa. Barudak karang taruna marilu ngakutan awi ti sisi leuweung, awéwéna nyieun konsumsi. Bapa-bapa anu garawé atawa daragang, pasosoré jeung poé minggu mah marantuan. Awi mah ngabadeg di sisi leuweung, rék ngala sakumaha ogé dihempékkeun ku Pa Kuwu.
Henteu kungsi saminggu ranggon téh ngadeg. Poé minggu, bari sakalian kerja-bakti di sabudeureun perumahan, maké numpeng sagala. Unggal gang, aya 13 gang di perumahan téh, ibu-ibuna narumpeng. Pukul sapuluhan, tumpeng aya welasna ngajajar di tengah ranggon. Pa RW pidato, dituluykeun ku Ustad Abu Hasan ngadu’a, der wé balakécrakan. Puguh di jero tumpeng téh sagala aya. Daging hayam, endog, témpé, tahu, kumeli. Tapi ari anu paporit mah angger asin, sambel jeung jéngkol.
**

Aya Ranggon Panyawangan téh keur perumahan kuring mah hiji berkah. Ti saprak Ranggon Panyawangan ngadeg, sakabéh warga perumahan jadi boga tempat pikeun ngumpul. Urang gang kahiji nepi ka gang katiluwelas, jadi alakrab. Barudak sakola, baralik sakola téh ukur saelol ka imahna mah, ukur neundeun tas jeung dahar, tuluyna mah ulin di Ranggon Panyawangan. Sakapeung aya anu henteu dahar-dahar acan, da henteu kungsi lila indungna gogorowokan ngagentraan nitah dahar jeung ganti baju. Sagala kaulinan diayakeun di buruan ranggon da enya lega. Ucing-ucingan, pris-prisan, ngadu kaléci, sapintrong, diulinkeun kumaha raména. Lamun aya indung anu gégéréwékan nyaram arulin di buruan da puguh panas, arulinna téh terus di jero ranggon. Beklen, congklak, dam-daman, catur, atawa lamun manggih kartu garapléh nurutan kolot.
Adan asar barudak bubar da arék ngaji di masjid. Kuruncul barudak rumaja, awéwé lalaki, ngariung sagala diobrolkeun. Tuluyna mah gigitaran bari nyanyi asal ngahaleuang. Lagu anu biasana dihaleuangkeun lamun henteu lagu heubeul anu babari konci gripna, lagu Sunda atawa dangdut. Sakapeung sok aya anu nyanyi lagu-lagu Barat, tapi sok eureun sorangan sabada disurakan da puguh kekecapanna ogé henteu matut, Inggris pérsi Leuweung Tiis téa.
Rumaja anu gigitaran mah terus nyambung siligenti nepi ka peuting. Minangka reureuhna téh kapotong magrib. Aya anu terus ka masjid ngadangu adan magrib téh, aya ogé anu balik heula ngadon dahar. Tapi ku sakitu ogé kolot-kolot téh ngarasa reugreug. Henteu hariwang barudakna kalibet narkoba, pésta oplosan, atawa tawuran. Ongkoh deui Kang Dodo salaku Ketua Karang Taruna, rada leket kana solatna. Enya ogé kitu, barudak awéwé anu milu ngariung di Ranggon Panyawangan jam salapan ogé biasana disarusulan ku adina atawa ku indungna.
Lamun malem minggu, ibu-ibu jeung bapa-bapa karaokéan, tangtu bari ngaliwet. Peuting séjénna aya ogé jadwal cianjuran jeung tembang. Barudak rumaja diajar nyalung sabada aya anu nyumbang calung.
**

Entong ngabayangkeun perumahan Leuweung Tiis Endah siga perumahan di Jakarta atawa Bandung atawa di kota kabupatén. Ieu mah perumahan gagal sisi Leuweung Tiis. Barudak rumaja mah biasana nyarebut LTE, ngarah gaya cenah, singketan tina Leuweung Tiis Endah.
Tadina LTE diadegkeun pikeun pagawé pabrik stik. Tapi saacan LTE anggeus, pabrik stikna bangkrut. Atuh imah di LTE téh karosong. Depeloperna henteu nuluykeun, da moal pipayueun cenah perumahan sisi leuweung mah. Taun 1980 mimiti ngadegna LTE téh, pangeusina bisa diitung ku ramo, cenah sagang téh ukur saurang dua urang. Taun 2000-an mah kaasup gegek, aya tilu ratus imahna anu kaeusi. Puguh harga imahna murah pisan, ukur 4-5 juta. Anu garawé di Bandung atawa Cicaléngka, kapaksa unjam-injeum da harga imah masih murah téa. Ayeuna maké aya anu nawarkeun 30-40 juta. Anu ngeusian waé imah kosong aya nepi ka ayeuna. Imah kosong anu henteu puguh nu bogana da henteu embol-embol, terusna dikontrakeun lima ratus rébu nepi ka sajuta sataunna ku tatanggana.
Lamun hayang ningali masarakat miskin di Indonésia, perumahan LTE bisa jadi contona. Umumna imah témbok batako henteu dipelur, hateup asbés henteu dilalangitan, kitu ti mimiti dieusianana ogé. Umumna kolot-kolot téh garawéna dagang ngampar, ngojég, tukang bas jeung ladénna, séles leuleutikan, gawé di bandar hui atawa di kebon, enya ogé aya saurang dua uang anu jadi guru atawa pns séjénna.
Unggal waktu aya hiji dua imah anu dirarapih, malah diréhab jadi agréng. Umumna imah pns anu gajihna terus naék, imahna ogé maju ka weweg. Anu kaplingna ditambahan jadi dua, malah jadi opat, ogé aya. Bumi Pa Lukman apan opat kapling, jadi siga karaton di antara imah-imah butut sabudeureunana. Imah séjénna aya anu terus diloténgkeun, dijieun garasina, jeung dipager jangkung. Enya ogé henteu karasa sirik atawa nudingna, lamun aya tamu heug tunyu-tanya imah-imah agréng téa jawabanna siga kieu: “Anu éta mah bogana pagawé pajak, anu itu mah pns-na di tempat baseuh, ari anu ieu pajabat di dinas kabupaten.”
**

Ari kuring, ti leuleutik ulin téh ampir unggal poé. Batur ulin jeung saha waé akur. Tapi sanggeus rumaja, sanggeus mindeng idek liher di Ranggon Panyawangan, anu disebut dalit téh jeung Jani, Hasan, Rido, Iwan, Putra. Unggal poé babarengan, dahar sapiring nginum sagelas téh lain babasan.
Enya ogé kitu, kakara yakin ayeuna, horéng sadalit-dalitna jeung sobat geuning henteu bisa neuleuman haté anu pangjerona mah. Nepi ka sakola SMK, Iwan mah di SMUN, hirup téh karasa resepna. Satamat SMK mimiti aya beungbeurat unggal ngariung di Ranggon Panyawangan téh. Gigitaran, ceuceuleuweungan, ngaliwet atawa meuleum sampeu, sakapeung eureun sakedapan. Aya anu dipikirkeun ku uteuk séwang-séwangan. Kuring sorangan masih kapikiran kekecapan Bapa, “Geus lima bulan lulus sakola téh. Nuluykeun sakola mah pimanaeun, néangan gawé atuh kaituh.”
Ngariung téh saukur jeung Rido, Jani, Putra katut Iwan. Hasan mah ti tilu bulan katukang gawé di Bandung. Ustad Abu Hasan ngajujurung ngalamar ka kantor-kantor. “Maneh mah kudu geus macakal. Adi maneh téh aya genep urang deui.  Jung, sugan waé aya milikna. Didu’akeun ku Abu,” saurna.
Kuring anu nganteur unggal isuk indit ka Bandung. Maké motor si kukut, bébék taun tujuh puluhan. Ider-ideran ngurilingan Bandung, unggal isuk nyorétan lowongan kerja dina koran, alhamdulillah aya anu narima jadi satpam. Enya ogé ari tempat gawéna mah henteu cop jeung haté, tempat bilyar apan sok kabéjakeun ogé tempat transaksi anu teu paruguh.
Sabulan ti harita Hasan nélépon, ménta kuring datang deui ka Bandung, ka tempat indekosna. Lantaran sorana aya ku miharep, henteu aya sari heureuy, kuring datang. “Tempat bilyar téh gening leuwih parah ti anu disangka. Di tukangeunana téh horéng kantor judi togel. Gawé téh jadi guligah. Solat waé henteu bisa, da puguh kalah diseungseurikeun ku kabéh babaturan. Leuheung diseungseurikeun, apan unggal rék solat téh dihalang-halang,” ceuk Hasan ngarahuh. Kuring henteu bisa kukumaha. Ras inget ka Ustad Abu Hasan, apan sakitu panatikna. Apan ka anu tahlil atawa muludan ogé nyebutna bid’ah da ngaaya-ayakeun anu euweuh.
Nasib Hasan téh terusna mah jadi rusiah kuring sabatur-batur. Basa katitipan duit ti Hasan pikeun kulawargana, kuring mah mikeunna ogé ka Ustad Abu Hasan bari tungkul. Tuluy ngaléos gagancangan. Teu karasa di juru panon aya anu ngalémbéréh.
Iwan anu terusna indit jauh bari mangtaun-taun cenah henteu balik. Iwan téh saenyana kuliah di Maranatha di Bandung. Tapi duka kumaha dongéngna, ujug-ujug ménta dianteur ka Ciamis. Horéng ka Ciamisna téh ngadon masantrén. Derekdek ngadongéngkeun, cenah geus lila hayang baruntak ka bapana téh. Ti leuleutik bapana anu tutunjuk kudu sakola ka dieu, kursus itu, nepi ka kuliah di Maranatha fakultas Ekonomi.
“Bapa mah anu kapikiranana ngan duit jeung duit. Sagalana kudu jadi duit. Urusan ahérat mah teu ngelemeng saeutik-eutik acan. Bapa teu apaleun beuki gedé mah barudakna ogé henteu sukaeun direjekian cara kitu. Enya, ti mana atuh Bapa bisa ngadegkeun imah agréng siga kitu, acan imah téh apan henteu hiji. Di Jogja tempat adi kuliah, apan meuli imah, itung-itung inpestasi cenah. Di Bandung mah puguh ti uing leutik ogé boga. Acan kebon jeung sawah aya 20 héktarna. Pimanaeun bisa sakitu lamun tina gajih wungkul. Uing téh hayang tobat, hayang ngaleungitkeun rejeki haram anu geus asup kana badan,” ceuk Iwan dua poé sanggeus cicing di pasantrén.
Bapana Iwan téh pejabat di instansi kabupatén anu ngadegkeun imah di opat kapling téa. Basa kuring balik nganteur Iwan, bapana nyarékan laklak dasar, atuh ditambahan kuring ogé dicarékan ku Amih. Lima taun ti harita, sanggeus bapana Iwan pangsiun, tuluyna geringan. Basa kuring kaparengan balik, tuluy ngalongok anjeunna, mani nangis ngadongéngkeun Iwan da cenah embung balik waé. Kuring nyusul ka Ciamis bari mapatahan, kakara Iwan daék ngalongok kulawargana.
Henteu lila sanggeus Iwan masantrén, Rido ogé indit ka Mataram, nuturkeun lanceukna anu geus taunan gawé di ditu. Padahal mah Rido geus gawé di laboratorium di Bandung. Masalahna, basa ngalamar Néng Wiwin, kolotna bet henteu satuju. “Abah daék ngalamar mojang mana waé, asal ulah ka dinya,” saur bapana Rido.
Bapa Rido téh kaasup ustad ogé, solatna biasa di madrasah anu perenahna di tungtung LTE, gang anu katiluwelas. Ari Umina Néng Wiwin, apan ngajar Iqro di masjid. Jadi sacara paham, Umi jeung Abina Néng Wiwin saperti Ustad Abu Hasan anu ngabid’ahkeun tahlil. Ari Ustad Najib, bapana Rido, apan anu osok mingpin tahlil. Enya sok kadangu aya pacogrégan di antara kolot ngeunaan tahlil jeung sajabana téh. Tapi nepi ka kasusna Rido, barudak mah henteu nganggap serieus.
Ari Rido jeung Néng Wiwin, bisa disebut aya haté kadua leutik ti SMP kénéh. Mimiti mah lamun aya Néng Wiwin ka Ranggon Panyawangan, kakara katémbong kurudungna ogé, anu gigitaran bari dangdutan téh sok langsung ngarobah laguna jadi kasidahan. Néng Wiwin saukur imut ngadanguna. Ari Néng Wiwin, ceuk sasaha ogé hésé nimukeun deui mojang anu geulis bawa ngajadi, henteu resep dipulas-polés tapi ku cai wudu ogé meureun leuwih cahayaan,  henteu weléh unggeuk, soméah, dipikaresep ku kolot-budak komo ku bujang sapantaranana mah. Sabada lulus ti pasantrén di Tanjungkerta, Sumedang, Néng Wiwin nuluykeun ka SMK bari ngajar ngaji ngabaturan umina di masjid.
Iwan ogé kungsi pok ka kuring, resep cenah ka Néng Wiwin. Tapi geus kapiheulaan Rido, jadi kajeun ngéléhan. Kuring ogé anu sok diajak Rido lamun hayang panggih jeung Néng Wiwin. Tapi ari geus panggih, lain ngobrol duaan. Ngobrolna téh kudu réaan di Ranggon Panyawangan. Lamun nganteurkeun balik ka bumi Néng Wiwin, leumpangna téh dijarakan dua métér.
Matak basa diulahkeun téh ku kolotna, Rido tuluy pundung. Kuring nganteur nepi ka stasion Bandung, da Rido ka Surabaya heula tumpak karéta api. Sataun ti harita Néng Wiwin dilamar ku ustad ti Garut. Ustad beunghar da cenah aktipis partéy bari jadi anggota DPRD.
Sababaraha bulan ti harita, Jani jeung Putra milu gawé ka Batam, ngadon masang tower. Tapi tuluyna henteu baralik deui, kalah ngadon dagang beuleum hui Cilembu di Batam. Kuring mah gawé di Malang, Jawa Timur, di kebon apel. Kabeneran dunungan téh leket pisan ibadahna. Lamun puasa téh loba karyawan anu diidinan mudik saacan munggah.
**

Diuk di Ranggon Panyawangan bari ngarumbaykeun suku, siga baheula keur rumaja, bari nyawang tingarudatna warna beureum di langit, asa jararauh panineungan. Waktu téh henteu karasa robahna. Keur di Malang mah tilu poé katukang asa henteu sakara-kara, keur di jalan dina karéta api ogé kitu, tapi sabada diuk di Ranggon Panyawangan asa aya anu leungit tina diri.
Ngarénjag téh basa geus carangcang tihang. Ti jalan aya anu ngagentraan. “Asép éta téh?” cenah. Henteu pati jelas pameunteu jeung dedeganana mah, tapi halimpuna mah asa wawuh. Mani ngaranjug barang turun tuluy nyampeurkeun. Néng Wiwin imut mani matak ngalenyap enya ogé masih reyem-reyem.
“Asép geuning tos di dieu?”
“Muhun, kaleresan kénging libur salami Romadon. Néng Wiwin gening tos mudik?”
“Henteu mudik, da tos lami ogé di dieu.”
“Oh, sadayana sareng si Akangna di dieu?”
“Ti kapungkur ogé da atosan. Mung sataun nikah téh. Abdi téh gening saukur ditikah siri, horéng didamelkeun anu katilu.”
“Terasna ka urang mana atuh?”
“Teu acan dugi ka ayeuna ogé,” cenah bari tungkul, terus amitan.
Haté ngalenyap. Anu leungit dina haté téh beuki nambahan. Apan ngan kuring di antara sobat-sobat anu nepi ka umur 35 taun masih ngabujang téh, da puguh dina haté téh saukur aya Néng Wiwin.
**
  

Pamulihan, 17 Mei 2017

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "RANGGON PANYAWANGAN"

Posting Komentar