PAIS LAUK

carpon yus r. ismail

Mangle 12-1-2017 MUAT no 2614, 9-15 Februari 2017

Arin ngabesét lauk emas bari pipikiranna mah ngalayang ka mana-mana. Enya, hanyir lauk téh henteu ngaganggu deui kana angseuna. Bakat ku geus biasa. Ampir unggal poé atuh nyieun pais lauk téh. Ngan ayeuna, mais lauk 3 kg ayeuna, asa béda, béda pisan, rarasaanana jeung mais lauk anu biasa. Enya, apan pais lauk emas téh keur oléh-oléh mulang. Mulang sanggeus lima taun mendem rasa kangen, sedih, ambek kapegung, ngarasa salah, sieun, jeung duka rasa naon deui.
Lauk anu geus dibesét, disisit jeung diberesihan téh diturihan lebah tonggongna. Biasa Arin mah lamun mais téh sok kitu, ngarah bungbu nyerep pisan kana lauk. Ti SMP atuh diajar pusuk-pasak puas-pais téh. Atuh sanggeus SMA lamun mais téh tara dibaturan ku Amih salaku guruna. Tapi sabada paisna asak mah, Amih ngacungkeun jempolna ogé mani duanana.
“Pais lauk pasakan Arin mah bungbuna nyerep nepi kana tulang-tulangna,” saur Amih.
Téh Anis jeung Téh Elis, lanceuk-lanceuk Arin, camberut sok nepi ka monyong-monyong waé ngupingkeun pamuji Amih téh.
“Pais Rini waé anu dijempolan ku Amih mah. Pami Anis anu mais mah Amih no komén,” ceuk Téh Anis.
“Anis mah apan ngan hébatna nyeplok endog atawa ninyuh emih instan. Anu kitu mah sanes keterampilan, Geulis, tapi kapaksa haha.” Téh Elis anu némbalan téh. “Ari Arin apan calon anu ngagentos Amih, chep keluarga.”
Arin imut lamun inget ka jaman harita. Tapi imut anu maur. Imut anu kaganggu ku rasa anu pagaliwota dina dadana. Rasa anu pasesedek hayang geura betus, saperti hanyir lauk anu hayang geura disawur ku bungbu-bungbuan.
Arin ngaberesihan konéng, jahé, muncang, surawung, séréh, jeung bungbu anu séjénna. Sanggeus diblénder, bungbu téh dioséng sakeudeung, diendogan ngarah ngahariji, diolés-olés kana lauk, luar jero. Seungit bungbu melenghir. Seungit anu enya ogé ampir unggal poé kaangseu, tapi Arin tara bosen. Seungit anu sanggup ngaleungitkeun hanyir lauk. Angseu hanyir di jero haté Arin ogé hayang gancang disawur, diganti ku nyambuangna seungit bungbu.  
**

Salila ngabungbuan lauk téh ingetan Arin mah ngalayang ka mangsa katukang, mangsa rasa anu bau hanyir téh nyerep di jero haténa. Harita Arin jeung Kang Irman, salakina, masih ngontrak imah tipeu 21 di perumahan sisi sawah. Kang Irman ngojég di gapura perumahan. Enya Kang Irman téh sakolana mah lulus sarjana, gelarna ogé S.Sos, tapi ngalamar ka ditu ka dieu acan kabiruyungan aya anu narima.    
Arin sorangan ahli gizi lulusan D3, geus ngalamar ka ditu ka dieu. Aya éta ogé rumah sakit anu narima lamaranana, tapi jauh di Sumatera Utara. Arin jeung Kang Irman geus mupakat bebetah téh di dieu waé, di Sumedang. Ngarah henteu jauh ka Bandung ka kolot jeung dulur-dulur Arin, henteu jauh ogé ka Kuningan ka kolot jeung dulur-dulur Kang Irman.
Mimitina mah basa tés CPNS anu kasalapan kalina. Harita Arin daptar terus miluan tés, bari dina haté mah henteu aya harepan anu ligar saperti tés kahiji atawa kadua. Puguh apan pangalaman kalautna ogé dalapan kali. Ari pék hiji sore aya tamu anu ngaku deukeut jeung panitia CPNS, atawa  tamu téh ngaku salah saurang panitiana ogé kitu, Arin henteu inget. Arin ngan inget kieu pokpokanna tamu téh:
“Ibu Arin hasil tésna saé. Lebet lima besar mah. Tapi ayeuna téh, dua dinten deui sateuaan pengumuman, waktosna nangtoskeun,” ceuk tamu téh. “Bapa mah mung hoyong ngadugikeun, Ibu Arin téh lebet formasi anu lulus. Tapi kedah dijagi entong dugi ka aya anu ngagésér. Nya, alakadarna waé, tanda nganuhunkeun ka panitia anu ngajagi formasi lulus téa. Ageungna cekap wé 40 juta rupiah. Wios Bapa anu urus-urusna mah. Artos éta ogé engké waé pasihkeunna mah saatos aya pengumuman. Enjing ku Bapa diantos kasanggemanana.”
Masalahna, harita aya Amih nuju nganjang. Peutingna kajadianana mah. Amih tetep maksa, sanggupan paménta tamu téh. Saurna, duit 40 juta mah hentu gedé dibanding gajih jeung kalaluasaan jadi PNS mah.
“Arin kudu apal, aya taripna hayang jadi PNS ngaliwatan jalan tukang téh. Ratusan juta taripna ogé. PNS jaman ayeuna mah béda jeung jaman Aki,” saur Amih. “Baheula mah enya, PNS téh saukur kabagéan gajih henteu cukup sabulaneun jeung béas béar sakarung. Ayeuna mah PNS golongan panghandapna ogé terjamin pangabutuh sapopoéna, ngahenang-ngahening mangsa pangsiunna. Jual waé motor jeung perhiasan maskawin, injeum heula, sésana mah ku Amih ditalangan. Atawa bébéja ka kolotna Irman, pasti nalangan lamun henteu méré ogé.”
“Tapi abdi apan tos mupakat sareng Kang Irman. Kenging ngiringan tés CPNS, sukur upami lulus, tapi henteu sosogok najan sarupia ogé,” ceuk Arin bari mamangku Putri, budakna anu kakara opat taun, tuluy dibawa ka kamar rék digolérkeun. Tapi basa balik ti kamar, Amih megat deui.
“Anu kitu mah lain sosogok atuh, Rin. Saukur nganuhunkeun geus ngajaga hasil tés Arin anu lulus ngarah ulah aya anu ngagésér. Sosogok mah lamun urang méré tiheula, gedéna ogé nepi ka ratusan juta ayeuna mah.”
“Eta mah apan mung istilah, Amih.”
“Manéh téh pinter nya, tapi bodo!”
“Amih, naha nyarios kitu?”
“Enya, ti leuleutik, ti SD kénéh, manéh mah asup waé réngking. Kuliah ogé hasilna alus. Manéh téh budak Amih anu pangpinterna. Tapi naha némbal-némbal waé! Mémangna geus kapikir, ti mana bakal boga duit keur meuli imah, nyakolakeun budak, ngabéayaan pangabutuh sapopoé anu beuki susah ieu?”
“Rejeki mah tiasa ti jalan mana waé ogé, Amih. Kang Irmah ngojég unggal dinten. Abdi sok kénging ogé pesenan ngadamel pais lauk, risoles, goréngan. Gusti Alloh anu ngatur rejeki mah, tugas urang mah mung ihtiarna.”
“Tapi saukur kitu mah henteu cukup!” Amih henteu tiasa deui nyumputkeun benduna. Ambekanana ditahan ulah kerep teuing. “Lamun hasil ngojég cukup, maenya ngontrak imah butut siga kieu! Moal mungkin eusi imah siga kieu! Rumah tangga nanahaon henteu boga mesin-cuci mesin-cuci acan. Mesin-cuci téh lain barang méwah jaman ayeuna mah, tapi manéh henteu sanggup meuli anu kitu waé ogé!”
“Amih!” Arin henteu sadar saperti anu nyentak. “Naha Amih nyarios kitu? Amih téga…!”
“Entong so suci! Kudu réalistis hirup mah. Naon hartina manéh mindeng nelepon ka Amih, nginjeum itu nginjeum ieu bari mayar mah apan henteu. Amih gé nyaho, manéh nélépon téh butuh jang meuli béas! Ti tilu budak Amih, ngan manéh anu rumahtanggana pikawatireun!”
Arin henteu sadar nginghak dina korsi. “Amih téga…! Amih ngaraheutan hate Arin,” pokna bari beuki ngagukguk.
“Lantaran manéh bodo! Pikiran manéh téh cupet!” Ambekan Amih turun-naék gancang. “Manéh pikir, salakina Nisa henteu kaluar duit keur jadi pulisi? Tilu ratus juta leuwih ngurus-ngurusna ogé. Manéh pikir, si Sutardi tatangga urang henteu kalur duit keur jadi pagawé Pemda? Saratus juta leuwih béakna ogé, bapana réla ngajual sawah. Tapi ayeuna maranéhna hirup senang, henteu ngontrak imah sagedé pelok siga manéh, henteu meusmeus ménta meusmeus ménta, siga manéh!”
“Amih, tos cekap!” Arin henteu sadar nyentak. “Entong ngabandingkeun Arin sareng saha waé ogé. Unggal diri ogé gaduh cecepengan hirupna masing-masing. Pantes waé nagara pinuh ku koruptor, lantaran masarakatna waé sapertos Amih! Arin jangji moal nyungkeun-nyungkeun deui ka Amih!”
Amih reuwas ngadangu sora Arin anu sada nyentak. Kakara harita Arin nyentak saperti kitu. Amih asup ka kamar. Tina tungtung socana aya anu ngalémbéréh. Enjingna sabada solat subuh, Amih amitan. Arin masih inget anu diucapkan Amih harita.
“Amih henteu réla manéh balik saacan pikiran manéh robah!” saur Amih. Arin molohok ngadanguna. Tapi sanggeus Amih ngajauhan dibawa béca, Arin ngagukguk kanyenyerian.
**

Lima taun sanggeus kajadian éta Arin henteu wani balik. Henteu kungsi nélépon, komo nginjeum duit saperti biasana lamun kapaksa henteu boga béas atawa jajan keur Putri. Imah kontrakan téh ayeuna geus kapimilik. Irmah henteu deui ngojég. Unggal peuting manéhna balanja ka pasar. Aya duaan anu ngabantuan Arin pusuk-pasak. Isuk-isuk pasakan téh dibungkusan pelastik, tuluy diiderkeun ku tukang gandong. Aya sapuluh urang tukang gandong anu unggal poé ngiderkeun pasakan Arin. Tina hasil usaha pasakan éta Arin jeung Irman bisa meuli imah, nyakolakeun Putri, meuli mobil paragi balanja, jeung nabung saeutik-saeutik keur modal ngadegkeun warung sangu engké.
Salila lima tauh Apih, Téh Anis jeung Téh Elis, sababaraha kali nélépon. Hiji waktu mah Téh Anis ngabéjaan Amih teu damang. Tapi lantaran saukur batuk, ogé Amih siga anu alim dilongok ku Arin, Arin henteu jadi mulang. Kakara ayeuna tékadna geus buleud. Arin bakal mulang. Saukur dua jam perjalanan. Maenya Amih henteu ngahampura ari ningali Arin mawa mobil sorangan jeung béja imah kontrakan téh geus kapimilik.
“Kukumaha ogé, Bunda, pais lauk buatan Bunda mah langkung pelem,” ceuk Irman bari ngesun pipi pamajikanana. Arin tangtu waé reuwas. Ti tadi pipikiranana mah keur ngacacang, jadi henteu apal salakina asup ka dapur.
Tapi reuwas anu saenyana mah datang sajam ti harita basa Arin keur nyusun pais dina présto. Ayo sora mobil eureun, tuluy klakson disada, di buruan. Basa Arin ngintip tina kaca nako, katingali Apih turun tina mobil. Tuluy Téh Anis, barudak, sareng Amih. Arin ngadégdég. Kangen, sedih, sieun, pagalo dina haténa.
“Ateu Rini, kita datang memberi kejutan!” Téh Anis ngagorowok. Barudak mah geus lalumpatan ka jero imah.
Arin henteu kuat basa nangkeup Apih, anu nyelek dina tikoro téh bedah. Arin ngagukguk basa nangkeup Amih. “Amih, Arin engké wengi anu badé ka Amih,” pokna sanggeus rada leler.
“Henteu nanaon Amih anu tiheula ka dieu. Amih kangen ka anak-incu,” saur Amih bari nengetan sakuriling eusi imah.
“Amih bagja Arin geus bisa meuli imah, boga mobil,” saur Amih basa ngabaturan Arin neruskeun nyusun pais lauk dina presto.
“Ah, bumina ogé alit sareng teu acan direnovasi, Amih. Mobilna ogé tilas.”
“Amih téh beuki kolot. Beuki mindeng geringan. Amih téh mindeng ngahuleng ayeuna mah. Enya, keur kolot saperti Amih, harta téh geuning beuki euweuh hartina. Baheula mah enya, harta lubak-libuk téh siga anu enya nyugemakeun jeung matak reueus. Ayeuna mah henteu deui. Aya deui anu matak reueus salain harta.”
Arin henteu bisa ngabadé ka mana léokna ucapan Amih saterusna.
“Arin anu bener mah. Henteu sakuduna ngondang rejeki ku ngahalalkeun sagala cara,” saur Amih. “Lamun seug Arin nurut kana saran  Amih baheula, meureun Arin moal sabagja ayeuna. Arin moal ngarasa reueus saperti ayeuna. Amih ogé reueus ku Arin. Arin budak Amih anu paling sagalana. Hampura Amih, nya.”
Arin molohok ngadanguna. Komo basa panangan Amih nyolodor ngajak sasalaman.
“Amih rido jeung ihlas ménta dihampura ka Arin. Lantaran Arin anu bener. Arin anu hébat.”
Tapi lain panangan Amih anu ditarima Arin. Sampéan Amih anu ditangkeup Arin bari nginghak. “Arin anu kedah dihapunten mah ku Amih….” Sorana pacampur jeung inghak. ***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PAIS LAUK"

Posting Komentar