MONGKLENG PEUTING

carpon yus r. ismail

        Mangle no. 2617, 23-29 Februari 2017

Angin ngijih sumélékét kana jékét. Girimis masih ngeprul basa kaluat ti imah téh. Mongkléng aya ku teu kaciri curuk-curuk acan. Rada lila panon téh adaptasi saacan kajeueung ari belegbeg mah. Ti soré mula basa hujan ngagebrét listrik pareum. Untung sapanjang jalan ieu mah euweuh tatangkalan anu rungkad.
        Warung, ruko, anu ngajajar sisi jalan ngabelegbeg basa léngkah nuturkeun jalan. Euweuh warung anu buka. Mobil-motor gé taya anu ngaliwat, abong ka jalan pasisian, enya ogé masih kaasup kota ari administrasi pamaréntahan mah. Biasana lebah dieu téh aya warung anu buka beurang-peuting. Tapi kapaksa meureun ayeuna mah tutup.
           Di kajauhan aya kios anu katingali ngetit lilinna. Salawasna hirup mah siga kieu; modal leutik mah saukur meunang sésa. Waktu warung-warung tutup lantaran geus peuting atawa kapaksa siga ayeuna, kios-kios bisa leuwih nyenghap. Anu butuh roko siga kuring atawa obat nyamuk atawa obat-obat warung, pasti ka kios éta datangna.  
          “Roko Jang, tilu batang wé,” ceuk kuring bari noong liang kios. Budak kira umur limalas taunan téh rikat ngaladangan.
             Angin masih karasa nyecepna enya ogé jékét diselétingkeun nepi kana beuheung. Roko téh disedot leuwih tarik batan biasa. Ti soré tadi tuda mani haseum sungut téh. Tapi kahiji hujan ngagebrét, kaduana mindeng rada utang-itung ayeuna mah lamun hayang ngaroko téh. Niat mah apan ti sababaraha bulan katukang ogé eureun. Tapi lamun hayang-hayang teuing siga ayeuna mah nya kapaksa wé meuli.
            Ari kituna, pangasilan ladén tukang témbok téh geuning henteu gedé. Enya, ladén uusuman anu diajakan gawé lamun kapaksa tukang témbok euweuh batur. Keur aya mah pagawéan, lumayan keur béas-béas waé mah cukup. Tapi apan kudu nyimpen bisi réngsé pagawéan henteu nyambung kana pagawéan séjén. Matak roko mah meuli téh lamun kapaksa teu kuat nyanghareupan tiris siga ayeuna.
         Sanggeus pindah pacabakan hirup susah siga ayeuna téh geus kabayangkeun. Tapi da kudu disanghareupan. Disanghareupan kalayan ngareunah haté. Saré dina dipan saukur ditilaman samak, sakapeung bari ngadangukeun patingbeletokna hujan ninggang séng, atawa riweuh mawa émbér, panci, baskom, keur nandéan anu bocor; jadina téh biasa.
Imah téh pantesna mah disebut saung. Rupek, bahanna asal ngadeg. Triplék, kai-kai urut saayana, séng, lanténa aduk kurang semén jadi babari barohak di ditu di dieu. Tapi kuring mah leuwih sugema nyebut imah. Aya rasa reueus unggal neuteup ieu imah. Lantaran di ieu imah aya késang, kasabaran, jeung bukti yén kuring bisa hirup di jalan bener anu dipiangen.
Ngagebeg keur ngalamun kagareuwahkeun ku juru panon anu ningali aya awéwé di peuntaseun jalan. Lebah dinya téh biasana mah dipaké mangkal tukang bajigur, emih tékték jeung kuéh putu. Tapi peuting ayeuna mah henteu saurang-urang acan tukang dagang téh. Meureun pedah hujan ngagebrét ti beurang kénéh.
Teu kaampeuh biwir mah ngarenyu imut ningali awéwé téa ngarapetkeun jékétna anu bangun gombrang. Moal jauh ti ungkluk, gerentes teh. Lamun ayeuna biwirna henteu ngenyot roko, meureun can aya langganan anu datang. Ah, lamun seug kuring masih saperti baheula, meureun manéhna geus diajak ka markas. Pésta nginum téh apdol dibaturan anu geulis siga kitu mah. Teurab jeung nyakakak téh pasti leuwih ngeunah.
Tapi ayeuna mah saukur ngabayangkeunana ogé geus ngabirigidig. Enya, dina diri téh geu buleud tékad pikeun ninggalkeun sakabéh pagawéaan kotor. Nodong, nyopét, meres, pésta nginum sapeuting jeput, geus dikubur dina ingetan. Baheula gé keur ngalajur napsu, naon anu disangka kanikmatan dunya diudag, mindeng kuring ngajurahroh. Keur sorangan mah, keur ngararasakeun kereteg ati dina simpé, mindeng haté téh ngarakacak. 
Salaku gegedug kuring bisa ngumbar kahayang. Tapi hiji beurang, hiji beurang aya kajadian anu leuwih nyeri batan dikadék leuwih panas batan dibéntar gelap. Basa hudang sanggeus sapeuting jeput pésta mabok, di gigireun aya awéwé anu masih bubulucun. Dina kasur-kasur séjén anu diamparkeun di handap patinggalolér balad-balad kuring jeung awéwé anu patingboléklak ngan satengah awakna kasimbutan. Botol-botol inuman, asbak roko jeung cangkang kacang pasoléngkrah.
Dina kasur ranjang mah ngan kuring jeung awéwé bulucun anu masih tibra. Lantaran hayang ka cai bari léngkah kahalangan, awéwé bulucun téh diguyahkeun. Barang manéhna malik kuring ngajenghok. Sakedapan molohok bari jantung ngadadak ratug. Awéwé bulucun anu cenah meunang nyéwa ti warung remeng-remeng tukangeun pasar téh, nyatana mah adi kuring. Manéhna datang ti lembur sataun katukang. Cenah, teu sanggup ngadu milik di kota bari modal saukur tanaga. Kuring teu engeuh tadi peuting mah basa datang ka markas téh, puguh keur mabok pisan. Atuh manéhna sarua geus mabok bari digaléntoran ku si Banténg. Ku kuring geuwat dibetot da katingali téh pangméncrangna.
“Hapunten, Kang. Kapaksa Kang, mimitina mah kapaksa,” ceuk Euis, adi kuring.
Harita kuring ngarasa bentrok anu pangrongkahna bari kuring sorangan anu kasoran. Lain dina biwir, caréham, irung, ceuli, saperti lamun ditonjok musuh, anu karasa téh. Tapi dina haté anu ngajeletit téh, raheut anu gudawang téh. Kuring ngagorowok terus ngagedig ninggalkeun markas. Kuring leumpang, terus leumpang, bari euweuh anu dituju. Ampir unggal peuting henteu saré sakerejep. Ujug-ujug ngagukguk, ujug-ujug murubut cipanon, bakat ku nyeri nyanyautan. 
“Euis, enya urang téh bodo jeung malarat,” ceuk kuring basa hiji peuting manggihan adi. “Tapi ulah terus-terusan jadi bangsat lantaran malarat. Hayu jeung Akang urang ngarobah jalan hirup.”
Tapi Euis gigideug. Cenah, saacan panggih jeung kuring geus cukup pangalaman bajoang di jalan bener mah. Puguh waé kuring anu lima taun katukang basa mimiti ngumbara bari buleud tékad pikeun ngarobah nasib, nyenangkeun kolot jeung ngajujurkeun adi hiji-hijina sakola, ngajulaeu.  
Kuring indit bari henteu puguh anu dituju. Di tempat anyar, nyatana di dieu, kuring sagawé-gawé. Kungsi jadi tukang runtah, ngali taneuh keur kabel télépon, tungtungna jadi ladén tukang témbok. Unggal meunang buruh kuring nyimpen keur meuli imah anu padémpét-démpét di sisi rél karéta api. Tungtungna imah anu jadi kareueus téh kabeuli. Imah anu cenah tanahna mah saenyana bogana PJKA.
Matakna kuring seuri, anu saenyana mah maur jeung peurih, basa ningali awéwé dijékét gombrang di peuntaseun jalan téh. Pameuteuna katingali sakolébat basa ngaburinyay tatit. Ningali pameunteuna anu bersih jeung calana training panjang, dina haté téh aya anu robah. Boa manéhna mah awéwé bener. Boa keur nungguan girimis anu ngagedéan deui. Asa manghariwangkeun. Peuting-peuting paroék, sieun ngulampreng jelema teu lenges. Matak kapikiran pikeun nulungan.
Kuring meuntas jalan rada rusuh.  Si Jékét Gombrang téh muringis ningali kuring. Pantes waé, curiga puguh atuh kudu. Apan beubeungeutan kuring bari aya codét tapak kasabet balati dina pipi masih pikasieuneun. Henteu nanaon disangka kitu ogé. Apan anu penting mah haté anu beresih, anu ihlas rék nulung.
Kuring imut sanggeus aya di hareupeun Si Jékét Gombrang anu siga rék ngajauhan. Sugan waé kacirieun. Apan imut mah minangka uluk salam pangihlasna.
“Aya anu tiasa dibantosan?” ceuk kuring. Si Jékét Gombrang téh murungkut. Kuring gancang imut jeung ngunggeuk.
“Maksad téh, naha Ibu nuju ngantosan girimis atanapi bilih sieun badé uih.”
Si Jékét Gombrang masih ngabetem. Kuring kudu ma’lum, meureun masih ati-ati. Kukumaha ogé, peuting mongkléng siga kieu mah kudu leuwih waspada.
“Saleresna abdi hoyong ngabantosan karerepet Ibu, bilih sieun uih. Tapi abdi ngartos, Ibu pasti langkung sieun dianteur abdi.”
“Oh, punten. Maksad téh sanés kitu. Abdi mung hareugeueun, geuning masih aya jalmi anu perhatosan sapertos Bapa,” pokna bari imut. Kakara katingali, enya ogé henteu pati jelas, pameunteuna anu semu-semu pias.
“Wengi bari poék kieu mah tos sakedahna urang téh curiga. Komo Ibu mah apan istri. Ari abdi, nyaketan téh puguh ngiring hariwang.”
Si Jékét Gombrang henteu némbal deui. Girimis tinggal muruhpuyna. Tirisna mah henteu robah ti tadi ogé.
“Bilih Ibu badé uih?” ceuk kuring sanggeus sajongjongan ngabaretem.
“Duka atuh.”
“Naha?”
Si Jékét Gombrang malah neuteup. Kakara kuring engeuh, manéhna téh siga anu bingung. Pokna téh bari ngabalieur, “Upami Bapa peryogi ku abdi, badé dikumahakeun ogé abdi mangga, asal aya buruhna.”
Tikoro ujug-ujug karasa tuhur. Anu dipikasieun téh kajadian. Dina haté mah angger yakin, manéhna téh awéwé bageur. Pok téh ampir teu kadéngé, “Kunaon?”
“Abdi téh peryogi artos. Pun anak harééng. Kedah enggal dicandak ka dokter. Tos teu aya deui icaleun di bumi téh. Kecuali... diri.”
“Hanjakal, abdi mah teu gaduh artos,” ceuk kuring bari dina haté mah aya anu nyelekit.
“Punten, henteu sakedahna abdi kikieuan,” gerentes Si Jékét Gombrang bari ngusap panonna. “Pun lanceuk tos ti kamari milari artos, tapi acan mulang kénéh. Saur tatanggi mah, copét anu kamari katéwak terus digarebugan téh... pun lanceuk.”
Kuring ngarahuh. Puguh apal kana dunya siga kitu. Aya ku telenges ari malarat, maksa saha waé pikeun ngalakukeun kalakuan anu bisa jadi pangdipikaceuceubna.   
“Miskin téh peuheur,” ceuk kuring, halon. “Tapi ulah nepi ka urang tisungkruk ka jalan buruk. Urang kudu yakin bisa ngayonanana. Urang kudu....”
“Budak Bapa kungsi sakit-keras terus Bapa teu boga nanaon pikeun mawa budak ka dokter?”  Si Jékét Gombrang némbalan semu sinis. Jarijina anu laléncop ngusap deui pipina anu baseuh.
Kuring gideug. Puguh budak mah acan kungsi boga.
“Omongan Bapa téh saukur tai pedut!”
Kuring teu ngomong deui. Si Jékét Gombrong gé ngabetem.
“Ibu uih waé ayeuna, ku abdi dianteur. Saha anu terang di bumi aya anu tiasa dilakukeun pikeun nulung putra Ibu,” ceuk kurin sanggeus sababaraha lila patingharuleng.
“Kumaha anu tadi?”
“Anu mana?”
“Bapa kénging hoyong naon ogé ti abdi, asal aya buruhna.”
“Teu sudi aing kudu ngalakukeun kitu deui!” Tungtungna betus ogé anu ti tadi dipegég téh. Si Jékét Gombrang reuwas. Terusna mah ngabaretem. Girimis tinggal ngeprulna.
“Hayu urang uih. Putra Ibu karunya...,” ceuk kuring leuleuy deui.
Si Jekét Gombrang ngaléngkah lalaunan. Kuring nuturkeun. Poék masih mongkléng. Tatangkalan jeung warung sisi jalan patingbelegbeg. Kakara ogé sapuluh léngkah, Si Jékét Gombrang ngarandeg.
“Budak téh saukur bisa ditulungan ku duit,” pokna. Acan bisa ngabadé naon maksudna, dina beuteung lebah kénca karasa aya anu nyecep, balati Si Jékét Gombrang anu geus nyoékeun jékét jeung kaos kuring. ***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MONGKLENG PEUTING"

Posting Komentar