IMUT NU ENDAH

carpon yus r. ismail
Mangle, no 2607, 15-21 Desember 2016

Si ema téh imut bari unggeuk basa paamprok teuteup. Kuring gancang ngabales imutna bari haté mah ngalenyap, terus tungkul atawa ningali ka tempat séjén. Acan kungsi kuring wani neuteup imutna salila-lila enya ogé haté mah hayang kacida. Éndah imut si ema téh. Tapi duka kumaha, haté téh sok ngalenyap, asa aya anu nyérését henteu pupuguh.
Kuring sok gancang mangbungkuskeun sangu, ditambahan ku témpé atawa tahu goréng,  sambel, kuah waé saeutik. Si ema téh imut deui basa nampanan nasi bungkus, unggeuk minangka nganuhunkeun, terus indit duka ka mana.
Mindeng kuring neuteup léngkahna anu antaré nepi ka si ema méngkol. “Tos langganan nya si ema téh kénging jatah di dieu.” Mindeng ogé kuring kagareuwahkeun ku langganan anu henteu kanyahoan datangna.
Enya, kuring téh kairut ku imut si ema. Imut anu éndah. Imut anu ihlas. Imut anu saenyana geus puluhan taun, tilu puluh taun leuwih salila ngumbara di Jakarta, dipisono mekar dina tungtung biwir saha waé ogé. Tapi basa kuring ngarasakeun keleterna basa ningali imut si ema, kuring malah henteu kuat. Anu nyérését dina haté téh hayangna mah dibaturan ku ngagukguk, sedih duka ku naon. 
“Ah, anéh si Mimih mah. Maenya aya imut saéndah kitu, nepi ka ngalangkang terus,” ceuk Kang Adang, salaki kuring basa peutingna ngobrol.
“Nyaan Kang. Rarasaan téh asa bagja ningali imutna. Tapi ogé aya rasa sedih, sedih anu matak ngagukguk kanyenyerian, tapi duka sedih ku naon.”
Kang Adang ngajembél pipi bari nangkeup. Lamun geus kitu mah kuring tara bisa ngadongéng deui.
**

Si ema rutin datang ka warung kuring sabada magrib. Anjeunna ngajengjen di deukeut panto. Lamun Nyi Imas, anu ngabantuan ngaladangan, anu mimiti ningali, manéhna pasti gancang bébéja ka kuring. Kuring geus wanti-wanti ka Nyi Imas, lamun si ema datang keun ku kuring nyieun nasi bungkusna. Duka kumaha, asa ku sugema haté téh bisa mangmungkuskeun sangu keur anjeunna. 
Enya, ayeuna téh asa beuki réa galandangan di Jakarta. Budak ngamén ku kecrékan, baramaén, tukang elap kaca mobil, anu daragang, rabeng di stopan-stopan. Hawa kota téh asa beuki bayeunyang. Cenah mah sanggeus inplasi, hahargaan ngajaul nérékél. Éta ogé ari pagawé nagri mah bisa ngimbangan dan gajihna milu nérékél. Ari pagawé swasta, usaha leuleutikan, beuki koréh-koréh cok. Komo deui ceuk koran, korupsi téh angger mahabu di luhur di handap. Ari keur masarakat leutik anu cenah disubsidi pamaréntah kayaning raskin atawa gas 3 kg, henteu ditalingakeun. Raskin hapeukna matak ongkék anu henteu biasa. Gas 3 kg langka duka dimaénkeun agén duka enya kurang produksina da pamaréntah siga anu hare-haré. Ceuk béja ti lembur, harga gas téh nepi ka 30 rébu rupia, padahal katangtuanna mah ngan 20 rébu nepi ka konsumen téh. Atuh lamun kitu mah pamaréntah téh méré subsidi keur jelema-jelema curaling anu ngamangpaatkeun kaayaan keur kauntungan sorangan.  
Aya ku sarakah ari jelema. Hésé néangan anu ajeg tangtungan sanggeus nyanghareupan panggoda harta mah. Mindeng kapikiran, lamun seug kuring ogé boga kasempetan, boa-boa…. Ah, asa sieun hirup épés méér siga kitu. Hirup bari haté teuas alahbatan batu.
Ari kituna, ayeuna mah rarasaan téh henteu cukup modal keyeng usaha téh. Unggal peuting, waktu ngitung beubeunangan, mindeng kerung bari misah-misah keur gajih dua urang pagawé, séwa tempat, mayar listrik, balanja, jeung anu séjénna. Ah, meureun wé ieu mah suka-duka warung sangu leutik. Da réstoran, kafé, hotel, anu lalega, maréwah mah apan, moal ngangluh saperti kieu. Kajeun mayar penyanyi, tukang sulap, stand-up komedi, marahal ogé henteu nanaon. Ngagajih koki, pelayan anu gareulis-karasép, nyieun taman jeung tempat anu nyaman, marahal ogé henteu nanaon. Enya, anu ngadon ngopi, nongkrong, balakécrakan, di tempat siga kitu mah henteu kireum-kireum mayar nepi ka jutaan rupia ogé. Enya, keur maranéhna mah barang dahar téh lain sakadar ngasupkeun idangan kana sungut sangkan seubeuh. Tapi ogé dahar téh hartina pésta, pangalaman, hiburan, curak-curak, sukan-sukan.
Béda jeung anu dalahar atawa marungkus sangu di warung kuring. Supir jeung kenék mikrolét, tukang kiridit leuleutikan, supir bajay, tukang ketoprak, tukang dagang ngampar di pasar, jeung pagawé-pagawé anu sakali dahar tara leuwih ti lima belas rébueun. Tangtu waé untungna moal pati réa. Tapi ari ku leukeun ngumpulkeun mah, hirup anu keur meujeuhna seuseut-seuat téh bisa dilakonan. Kalayan tenang. Kalayan éndah. Kalayan haté anu ngeleter duka kunaon.  
Ti saprak mimiti ngumbara, dagang kupat tahu dina roda, kuring ngabiasakeun manéh méré jatah pikeun galandangan anu sok lalar-liwat di hareupeun roda. Atuh sanggeus muka warug sangu, kabiasaan méré jatah téh henteu leungit, malah mah ditambahan. Enya, mangsa hirup leuwih susah, méré jatah mah malah dipaksa kudu leuwih loba. Ari kituna, geuning galandangan téh siga anu leuwih loba.
Enya ogé galandangan anu mindeng ngaliwat ka hareupeun warung kuring téh papada nyaho kuring mindeng méré jatah, tapi henteu sakabéhna marénta. Meureun saukur anu poé éta henteu meunang rejeki ku cara séjén nu nyimpang. Meureun aya kasadaran ogé yén warung kuring bakal bangkrut lamun dipéntaan ku saréréa. Ah, duka kétang….
**

Unggal mangmungkuskeun sangu alakadarna, henteu kapikiran meunang bayaran ti maranéhna. Enya, apan maranéhna ogé hentu boga nanaon. Kamamana dibaju saukur anu napel kana awak. Kumaha bisa ngarepkeun bayaran ti maranéhna?
Kungsi kuring ogé ningali dina tivi, baramaén ayeuna mah aya anu nyakuan duit nepi ka puluhan juta rupia. Ah, éta mah meureun wé baramaén mamalihan. Anu karitu mah apan kumaki pisan daharna ogé. Tingali wé di sisi jalan, bari namprak téh bari nyangigirkeun dus KFC, Dunkin Donut, jeung kadaharan marahal anu séjénna.
Ari maranéhna anu unggal bada magrib ngajanteng di hareupeun warung kuring, tara kungsi ngedalkeun ucap. Maranéhna saukur neuteup, imut lembut, minangka ngomongna téh. Tapi sakitu ogé, pikeun kuring, rarasaan téh maranéhna geus ngucap sajuta kecap.
Enya ogé kitu, ngan ka si ema anu taksiran umurna mah leuwih saeutik ti lima puluh taun, kuring ngarepkeun bayaran. Kuring miharep imut anu éndah ti manéhna. Imut anu manis, anu nyeri, anu peurih, anu matak nyérédét kana haté, anu matak sugema bari ngagukguk sajeroeun haté. Enya, ngan si ema anu imutna saperti kitu….
**

Saperti galandangan séjénna, si ema ogé can kungsi ngumbar kecap. Saukur teuteup jeung imutna anu norowéco. Rarasaan téh kuring ngarti naon anu dikeretegkeun haténa. Mindeng kami ngobrol ngaliwatan teuteup jeung imut. Unggal paadu teuteup, unggal saling imut, kuring mulungan pangalaman si ema, ngararasakeun gudawang raheutna, ngimpleng éndah sikepna, jadi perhiasan anu murubmubyar cahayaan dina hate kuring.
“Ema bagja hirup saperti kieu,” haréwosna hiji waktu. Kuring unggeuk jeung imut, tanda maphum. Kuring ngabayangkeun hiji wanita kalunta-lunta di leuweung ibukota. Mangtaun-taun nungguan salakina anu ngaleungit sabada sengkéta tanah pertanian anu digarapna nimbulkeun riributan. Manéhna datang ka Jakarta lantaran bingung. Da cenah aya béja salakina dibawa ka Jakarta.
Da puguh henteu puguh anu dijugjug henteu terang anu ditéang, wanita kira umur tilu puluh taunan téh sirarak-siruruk ka ditu ka dieu. Jadi purah kukumbah di kios baso, purah saksak-siksik di warteg. Padahal lantaran awakna mah ngeusi pikauruyeun, pameunteuna mah beresih manis teu éléh ku béntang film, réa kawawuhanana anu nuduhkeun cara hirup méwah di leuweung Jakarta. Tapi manéhna milih purah nurunkeun sayuran tina treuk di pasar, milih jadi tukang sasapu-ngepél-gégéroh di imah, milih purah nyeuseuh di penginapan. Harita, basa keur moé-moékeun seuseuhan di tukangeun penginapan, nasibna robah. Tiluan tamu penginapan anu keur édég ku alkohol, ngabongohan néwak manéhna anu henteu kungsi ngajerit da irungna dibekem ku obat bius. Laju dibawa ka kamar, digadabah ku sapuluh urang anu keur pésta alkohol.
“Tapi ema bagja,” ceuk wanita anu ninggalkeun anu ngagadabahna, henteu ngarérét-rérét acan duit anu dibikeun lantaran anu ngagadabah téh terusna mah kasieunan.
“Ema bagja nolak saha waé anu ngajak hirup méwah bari rucah, hirup sagala aya bari ngajual diri,” ceuk wanita anu terusna ngagalandang, digadabah sababaraha kali, henteu ngucap sakecap ka saha waé ogé. “Impian Ema ayeuna hayang maot bari henteu ngagujrudkeun, bari imut anu leleb, bari ngararasakeun éndahna lapar anu pohara….”
**

Enya ogé waktu pateuteup jeung saling imut téh saukur sababaraha detik, tapi rarasaan téh asa beuki lila saling titipkeun kereteg haté. Kami pada-pada yakin yén bagjana hirup, tengtremna hirup, aya dina kapengkuhan nyekel prinsip, lain dina hasilna. Matakna basa réa anu nyarankeun sangkan warung sangu kuring dirombak waé jadi kafe, da cenah tempatna strategis, anu ditungguan ku mojang-mojang gareulis jeung jajaka-jajaka karasép,  kuring angger gideug. Enya ogé modal henteu kudu mikiran, rincian pangasilanna kaharti.
“Abdi mah hoyong tengtrem jeung tiasa ngararasakeun éndahna imut galandangan anu mindeng nyampeur jatah ka dieu,” ceuk kuring ka Kang Adang. Enya, unggal anu ngadangu alesan kuring, kaasup Kang Adang, siga anu henteu ngarti. Rébuan kali kuring nerangkeun, tapi angger maranéhna nganggap kuring ngaaya-ayakeun.

***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "IMUT NU ENDAH"

Posting Komentar