HADIAH
Mangle 27-3-2017 MUAT no
2624, 13-19 April 2017
Jajantung Tardi ratug
tutunggulan basa aya anu nélépon. Anu nélépon téh ujug-ujug nanyakeun ngaran,
kungsi henteuna ngirimkeun undian kopi, terusna mah ngawilujengkeun. Cenah,
Tardi meunang hadiah utama, mobil pajero sport. Tardi kudu datang ka kantor
bari mawa berkas-berkas anu diperlukeun.
“Lamun téa mah
nyaan, urang bakal beunghar ngadadak,” ceuk Tardi ka pamajikanana. “Nuhun
Gusti, du’a urang téh dikobul.”
“Ari Akang nyaan
kungsi ngirimkeun undian kopi?” Pamajikanana kalah nanya.
“Enya, sabulan
katukang ngirimna, ngan saamplop da bungkus kopina aya sakitu.”
“Alhamdulillah.
Lamun geus rejekina mah geuning henteu pahili, Kang.”
Isukna, Tardi
jeung pamajikanana ka kantor perusahaan kopi. Enya waé, sanggeus dokumentasi sagala
diakurkeun, Tardi dipasrahan konci mobil dina acara anu meriah. Tangtu waé
Tardi henteu bisa mawa mobil ka imah kontrakanana, da puguh henteu bisa
nyupiran. Mobil anu hargana opat ratus jutaan téh masih ngajugrug di jero
kantor pemasaran perusahaan kopi. Sanggeus mayar sagala téték-bengék jeung
ngamplop ka anu ngabarantuan manguruskeun jeung mangjualkeun mobil, Tardi
nyakuan buku tabungan anu saldona tilu ratus tilu puluh juta rupiah.
Tangtu waé duit
saloba kitu téh impian éndah keur Tardi jeung pamajikanana mah. Geus sapuluh
taun maranéhna rumah tangga, budak geus dua urang, tapi hirup téh asa leuwih
seuseut. Pangasilan ladén tukang bas tayohna mah hésé dicukupkeunana pikeun
hirup sapopoé. Imah ngontrak sajuta rupiah sataun, imah rangkay di perumahan bangkrut
di pasisian. Dahar saukur sangu jeung oséng kangkung, atawa jeung goréng tahu,
atawa jeung goréng témpé. Ari kituna, jadi laden mah loba reureuhna.
Ari ayeuna,
ujug-ujug nyepeng buku tabungan anu saldona Rp 330.000.000,00. Dua poé dua
peuting maranéhna neger-neger manéh, ngayakinkeun sorangan, ieu téh impian
atawa kanyataan?
“Cik, tempo deui
dina lomari, enya henteu urang boga tabungan tilu ratus tilu puluh juta
rupiah?” ceuk Tardi ka pamajikanana. Pananya kasapuluh dina poé kahiji téh
diturut ku pamajikanana. Enya waé, di handapeun tumpukan baju karuleuheu téh
aya buku tabungan anu saldona tilu ratus tilu puluh juta rupiah.
**
Sanggeus
maranéhna yakin lain impian, Tardi jeung pamajikanana ngobrol nepi ka subuh,
ngarencanakeun meuli ieu meuli itu. Imah jeung paparabotanana anu utama. Tanah
atawa sawah di kampung, motor, mawa barudak ka tempat-tempat wisata, pakéan,
emas, jeung loba deui. Sanggeus patingharuleng, pamajikanana nanyakeun anu ti
tadi henteu kapikiran.
“Kang, ari urang
moal sukuran?” ceuk pamajikanana.
“Sukuran? Nyieun
sangu konéng atawa sangu wuduk, ngagulé hayam, balado endog, capcay, kurupuk
udang, sambel goréng ati, kitu?”
“Enya, siga
kitu. Urang ngabagi ka tatangga-tatangga. Nepi ka poho urang ngobrolkeunana,
lantara urang mah saumur rumah tangga acan kungsi sukuran siga kitu.”
“Tapi engké
tatangga-tatangga nyarahoeun urang meunang hadiah undian utama ratusan juta
rupiah. Pasti loba anu datang, nginjeum keur usaha, keur sakola budak, keur
sagala macem sigana meungpeung aya kasempetan nginjeum. Boa anu terus-terang
ménta ogé aya.”
Pamajikanana
ngahuleng. Tatangga-tatanggana mah enya henteu aya anu apal maranéhna meunang
hadiah utama undian kopi. Enya acara anu meriah téh cenah diliput ku wartawan
koran jeung majalah, tapi henteu disiarkeun langsung ku télévisi. Saha atuh
tatanggana anu langganan koran? Paling maca ogé koran bungkus balanjaan.
“Jadi kumaha
atuh alusna, nya?” ceuk pamajikanana.
“Alusna mah ulah
sukuran, ngarah tatangga euweuh anu nyahoeun. Lamun balanja ogé entong nyurigakeun.
Entong balanja pabeubeurang, engké tatangga narempo. Urang balanja peuting waé
atawa subuh sakalian.”
Matakna Tardi
jeung pamajikanana nyéwa motor ojég dua puluh lima rébu rupiah, biur waé ka
kota pukul sapuluh peuting. Maksudna mah rék balanja ka pertokoan anu buku dua
puluh opat jam. Jeruk, apel, léngkéng, buah, endog, daging hayam, daging sapi, kuéh-kuéh
kaléng, emih instan, minyak kalapa, pakéan keur sakulawarga, sapatu, jeung réa
deui. Saenyana Tardi, pamajikanana ogé, masih luak-lieuk hayang itu hayang ieu.
Di pertokoan téa apan sagala aya. Komo
apan kakara harita maranéhna balanja henteu diwatesan mayarna.
Pukul 2 subuh balik
ti pertokoan téh. Nyimpang heula ka rumah makan anu buka 24 jam. Balikna Tardi
tumpak motor bari ngahariring. Pamajikanana sura-seuri bari nangkeup Tardi.
Dina lahunanana baju-baju anu cenah modena kungsi dipaké artis, baju-baju
kahayangna. Tapi ngan saparapat jam motor métik téh maju pinuh kagumbiraan.
Sanggeus méngkol ka jalan simpé, di sisi jalan ujug-ujug lampu-lampu motor
harurung, sora ngagerung patémbalan.
“Uddaagg...!”
ceuk anu saurang ngomando.
Belesat téh
belasan motor ngudag. Tangtu waé Tardi reuwas. Gas langsung diputerkeun ampir
mentok. Tapi lain lawan anu imbang jeung geng motor mah. Ngan sababaraha menit
motor Tardi geus mépéd ka sisi. Tardi jeung pamajikanana ngajéngjéhé dibabuk ku
beubeur. Motor jeung balanjaanana diparebutkeun.
“Kojék, silaing
ka dieu!” ceuk pingpinan geng motor.
Saurang rumaja
maké jékét kulit gambar tangkorak maju, leungeunna ngageter, beungeutna sepa
bakat ku geumpeur.
“Silaing lulus
jadi anggota Geng Sadis lamun silaing wani. Pérénan duanana!”
Tardi jeung
pamajikanana beuki ngadégdég. Getih ngucur tina irung jeung tarangna. Tardi
ngalenyap basa pingpinan geng téh ngalugas samurai. Waja bodas ngaborélak
katojo lampu motor anu masih hurung. Sora “srééngng” basa samurai dilugas matak
kukurayeun. Tardi jeung pamajikanana peureum bari haté mah jumerit. “Nun Gusti,
bantosan kami. Kami rido, ihlas, kaicalan naon waé, asal salametkeun kami,” du’a
Tardi jeung pamajikanana.
“Sabet!” ceuk pingpinan
geng.
Samurai téh
diheumbatkeun, anginna ngahéos. Harita aya anu ngajleng téh, bedogna ngaborélak
nyabet samurai anu keur ngaheumbat. Trang! Samurai téh ngacleng. Bet, bet,
jekok, jekok, geng motor anu keur ngariung téh patingjuralit. Tuluy kalabur ngabiur
bari ngagas motorna séwang-séwangan.
**
Tardi jeung
pamajikanana banget ku nganuhunkeun ka Kang Majun. Tukang sayur di pasar téh
nganteur Tardi jeung pamajikanana nepi ka imah. Tatu dina tarang, irung, jeung
handapeun ceuli gancang diobatan. Basa Kang Majun amitan, Tardi ngeupeulkeun
amplop eusi duit sajuta rupiah, duit sésa balanja. Tapi Kang Majun kéképéhan embungeun
narima. Basa ditawaran barang balanjaaan keur oleh-oleh bawaeun ka imahna, Kang
Majun ogé gideug.
“Banget ku hatur
nuhun, Kang. Gusti parantos nulung kami ngalangkungan Akang,” ceuk Tardi.
“Bilih Kang Majun peryogi naon ogé, entoh asa-asa ka dieu waé. Abdi jangji,
naon waé kahoyong Akang, upami abdi aya kasanggem nedunanana, abdi moal ngorétkeun.”
Isukna, enya ogé
anu tatu masih ngarasa nyeri jeung peurih, Tardi indit ka bank mawa duit lima
welas juta rupiah. Tardi jeung pamajikanana aya maksud rék meuli motor. Tapi
saacan maranéhna indit ka déler, kuruncul Kang Majun namu.
“Wah, hampura
nya Akang namu lain wayah. Akang téh inget naon anu kamari dikedalkeun maranéh
duaan, lamun aya kahayang datang waé ka dieu. Puguh Akang téh hayang meuli
motor keur dagang sayuran. Lamun aya mah lima welas juta rupiah....”
“Oh, antosan
sakedap, Kang.” Tardi gancang ka kamarna, mawa duit anu kakara dibawa ti bank
téa.
Tilu poé ti
harita Tardi mawa deui duit ka bank. Rada loba, saratus dua puluh juta rupiah,
da cenah di kampung sabeulah aya imah arék dijual hargana sakitu. Tapi saacan
indit nepungan anu boga imah, kuruncul Kang Majun ménta duit saratus dua puluh
juta rupiah keur meuli imah. Henteu dikorétkeun, da kitu jangji Tardi ka
dirina, golosor wé dibikeun.
Isukna, kuruncul
Kang Majun datang. Rupa-rupa anu dipéntana téh ayeuna mah. Ménta keur meuli roda
dagangan, tanah, modal usaha, ternak, bibit pepelakan jeung gemukna, jeung
rupa-rupa deui.
“Kang, ampir dua
ratus lima puluh juta rupiah anu geus dibikeun ka Kang Majun. Ari urang, salain
balanjaan anu ti heula, acan kabagéan nanaon deui,” ceuk pamajikanana.
“Tapi sabaraha
ogé anu dipéntana rarasaan téh jadi murah lamun inget kana nyawa urang anu geus
disalametkeunana,” témbal Tardi.
Enya waé,
isuk-pagétona Kang Majun masih datang ménta itu-ieu. Tungtungna tabungan Tardi
téh ledis. Basa Kang Majun amitan anu panungtungan, tatanggana aya anu datang
ka Imah Tardi.
“Asa ningali
Kang Majun ka dieu,” ceuk tatanggana. “Kabagéan naon ari di dieu?”
“Kabagéan naon
maksudna?” Tardi malah malik nanya.
“Sakabéh anu
mariskin di kampung urang mah dibéré hadiah ku Kang Majun. Uwa mah geus tilu
puluh taun rumah tangga tapi can diparengkeun boga imah. Imah butut itu téh
apan ngontrak kénéh. Tah, Uwa mah dipangmeulikeun imah itu tilu puluh juta
rupiah. Batur mah aya anu dipangmeulikeun tanah, dimodalan usaha,
dipangmayarkeun hutang, dibéayaan sakola budak, ah jeung loba deui.”
Tardi jeung
pamajikanana silihpelong. Tuluy duanana ngagoak ceurik, duka nyeungceurikan
naon.
***
Pamulihan, 26 Maret
2017
0 Response to "HADIAH"
Posting Komentar