BATARA KARANG
Mangle, no
2629, 18-24 Mei 2017
Enya
ogé Apa téh tos répot, tapi masih kakuping haréwosna. Soantenna henteu pati
jelas. Tapi kuring, Amih, sareng Ceu Iin anu aya di kamar, silihrérét. Henteu
saukur hémeng ku naon anu hoyong dikedalkeun Apa, tapi ogé reuwas ku kakiatan
Apa. Apan Apa téh aya dua sasihnya dirawat di rumah sakit. Panyawatna sagala
nyampak, komplikasi jantung, ginjal, darah tinggi, diabét, lambung, jeung aya
sababaraha panyawat deui anu kungsi diterangkeun dokter. Saminggu kapengker uih
ti rumah sakit da rumah sakit tos angkat tangan. Apa tos henteu émut nanaon. Saukur
rénghapna anu sakapeung kerep sakapeung antaré anu nandakeun tulang dibungkus
kulit téh masih aya di kieuna. Ari ayeuna, pasosoré basa di langit layung
hurung konéng, Apa bet sapertos anu ngaharéwos.
“Tah,
naon deui cenah,” saur Amih.
Kuring
hideng nyaketan Apa. Panangan Apa anu sapertos kulit napel kana tulang téh
diusapan bari nompokeun ceuli kana lambey Apa. Reuwas da henteu biasa, haréwos
Apa ngabedasan. “Ita… Nitha… Nita,” saurna.
Tangtu
waé Amih anu langkung reuwas mah. Kuring henteu kudu nerangkeun da soanten Apa
tos jelas.
“Aya
hubungan naon deui antara Apa jeung Nita?” saur Amih. Ceu Iin saukur gideug.
“Saéna
mah abdi duaan sareng Apa, saha anu terang Apa nyarios deui langkung jéntré,” pok
téh bari nyepengan panangan Amih. Amih baeud tapi terus kaluar kamar
dituturkeun Ceu Iin.
**
Kajadian
saperti kitu téh anu kaopat kalina. Unggal panyawat Apa répot, teras
ngaharéwos, kuring sareng Amih nuju nungkulan. Matak Amih apal, ngan kuring anu
bisa narjamahkeun haréwos Apa. Atawa meureun ngan ka kuring Apa ngaharéwos. Tapi
saenyana mah henteu kitu. Unggal Amih jeung saha waé anu keur nungkulan Apa tos
kaluar ti kamar, Apa téh sapertos anu jagjag. Gugah deui, socana neuteup ka
kuring, terus ngedalkeun naon anu dirusiahkeunna. Tos kitu mah ngagolosor deui,
bobo deui, henteu émut nanaon deui. Kajadian éta, jagjagna deui Apa sabada ngan
duaan jeung kuring, nepi ka ayeuna ogé jadi rusiah kuring.
Kajadian
munggaran mah sabada Apa pangsiun, sapuluh taun katukang. Ari anu
diharéwoskeunna: Umi Tati. Harita mah Amih kantos bendu sababaraha lami. Da
geuning Umi Tati téh istri Apa anu kadua, gaduh putra opat. Haréwos Apa anu
kadua kali: Bunda Hera. Sabada disusul ka bumina, horéng Bunda Héra téh istri
Apa anu katilu, gaduh putra tilu. Haréwos Apa anu katilu: Mamah Diah, istri Apa
anu kaopat, gaduh putra opat.
Panyangka
Amih sarua jeung kuring, moal aya deui haréwos anu bakal ditepikeun Apa. Apan
istrina atos opat. Tapi geuning aya kénéh haréwosna: Nita. Ari Nita, Bi Nita
kuring mah biasa nyebutna, bisa disebutkeun lain sasaha keur kulawarga kuring
mah. Masih dulur jauh Amih, enya ogé kuring henteu kungsi apal kumaha
pancakakina.
**
Perlu
didongéngkeun heula perkara kulawarga Apa. Apa téh pangsiunan pejabat di
pamaréntahan. Masa kerjana kalebet lami da saurna sabada lulus ti Institut Ilmu
Keuangan téh teras damel di Departemén Keuangan. Terasna mah Apa aalihan di
Kementrian Keuangan, Perpajakan, Bank Indonésia, wakil rakyat da apan Apa téh
aktivis partéy ogé. Tangtu waé ku padamelanana Apa rikip nyepeng rusiah
ngawayuhna.
Enya,
apan sateuacan pangsiun mah boh kuring jeung opat lanceuk ti Amih, boh Amih
nyalira, henteu curiga yén Apa ngawayuh, komo dugi ka opat istri. Dijumlahkeun
mah putra Apa téh aya genep belas urang. Kuring putra Apa anu ka dalapan, bungsu anu ti Amih
mah.
Sabada
istri-istri Apa sapalaputra papendak, karenalan (da kitu kahoyong Apa anu
dikedalkeun ka kuring), salingcuriga téh henteu bisa disumput-sumput. Lir
minyak jeung cai téh lain saukur babasan. Ari kituna puguh kakara wawanohan
sabada barudak daréwasa.
Ceuk
pamikir kuring, salingcuriga téh brasna mah kana anu sarupa: warisan titinggal
Apa. Apan Apa téh panyawatna répot, ceuk titingalian mah rénghapna ogé ukur
sahos deui. Ari kakayaan Apa geuning beuki hésé diitung. Keur Amih sareng Apa
nganjrek di Jakarta mah kanyaho kuring Apa téh saukur gaduh bumi dua, pom
bénsin dua, rumah makan tilu, jeung sababaraha usaha leutik anu terusna
dikokolakeun ku lanceuk-lanceuk kuring. Tapi sabada pangsiun, kuring kakara apal
Apa gaduh tilu puluh héktar tanah mangrupa kebon, sawah, balong, di kampung
sisi leuweung di Sumedang. Enya éta ogé ari dina sértifikat mah atas nama Mang
Komar, Kang Udin jeung Pa Sulé, urang kampung éta anu jadi kapercayaan Apa.
Sabada
istri-istri Apa sapalaputra salingwanoh, tangtu waé salingcuriga ogé. Apan
saréréa jadi papada apal kakayaan Apa anu saenyana. Umi Tati, Bunda Hera, Mamah
Diah, ogé masing-masing gaduh usaha, tanah, déposito, anu jumlahna papada dirusiahkeun.
Saréréa meureun papada ati-ati, engké kumaha bagi warisna? Naha sakabéh
kakayaan Apa téh kudu dihijikeun terus dibagi rata atawa dibagi sakumaha hukum
agama? Atawa saakuanana masing-masing?
Amih
kungsi ngajak badami perkara éta ka kuring. Ngan kuring sorangan nyarankeun
Amih entong wara ngabahas anu kitu atawa upami bade ngabadantenkeun mah mending
sareng Ceu Iin, Kang Pendi, atawa lanceuk-lanceuk kuring anu séjénna.
Pangna
Amih ngajak badami ka kuring, meureun enya ogé kuring budak bungsu ti Amih,
tapi ngan kuring sorangan putra Apa anu logor ka ditu ka dieu. Sabada wanoh ka
Umi Tati sapalaputra, apan kuring mah mindeng nganjang, malah ngéndong. Ngobrol
uplek jeung Téh Aan, A Rifki, ulin jeung Doni, lalajo film jeung Dian,
palaputra Umi Tati anu ogé dulur-dulur sabapa kuring. Kitu ogé sabada wanoh
jeung Bunda Héra jeung Mamah Diah sapalaputra. Harita kuring masih kuliah, sakapeung
mah lamun keur butuh, ménta duit ogé apan ka saha waé. Sakapeung ka Bunda Héra,
ka Mamah Diah, ogé ka Umi Tati. Tara dipungpang, malah sakapeung mah dileuwihan
tina paménta kuring. Da kitu kahoyongna, aranjeunna téh aratoh dipéntaan duit
ku kuring. Ngan ayeuna, sabada kuring gawé tilu taun katukang, kuring tara
ménta duit ka sasaha. Tong boro ka Umi Tati, Bunda Hera, Mamah Diah, apan ka
Amih ogé tara. Dibéré ogé apan wani nolak. “Ayeuna apan Asép tos damel, janten
hoyong mandiri,” ceuk kuring méré alesan.
**
Di
luar kamar saenyana mah nuju ngumpul istri-istri Apa sapalaputra. Enya, apan
Apa téh saminggu ieu mah sabada uih ti rumah sakit, katingalina téh tos
sahoseun. Saur Amih, sanés miheulaan katangtuan Pangéran ngeunaan umur,
istri-istri Apa sapalaputra téh bakal ngabadantenkeun ngeunaan bagi waris
sacara kakulawargaan. Ari kuring, apan tadi geus dicaritakeun, rada haroréam
ngabahas anu kitu.
“Apa
téh hoyong abdi saénggalna mendakan Bi Nita,” ceuk kuring ka saréréa.
“Aya
hubungan naon deui cenah antara Apa jeung Nita téh?” Amih masih keukeuh naros
kitu. Istri-istri Apa anu sanésna ogé sapertosna mah asa kawakilan, da éta waé
sadayana ogé mani tengo-tengo merhatikeun jawaban kuring.
Kuring
gideug. “Apa henteu nyarios hubunganna sareng Bi Nita. Ngan abdi kedah nepangan
Bi Nita ayeuna kénéh. Hawatos ku Apa,” pok téh.
**
Enya
ogé di luar kota, ka bumi Bi Nita téh bisa ditempuh saukur dua jam. Salila dua
jam nyetir, pikiran mah ngalayang geus ka mana-mana. Puguh atuh sorangan ogé
masih hémeng. Ieu kahoyong Apa anu panghémengna pikeun kuring.
“Apa
téh geus teu kuat diganggayong, disiksa,” saurna carinakdak bari sapertos anu
nahan nyeri anu pohara. “Ari apes Apa kudu ku kadaharan anu dipasak jelema anu
pangngéwana ka Apa, ku pasakan anu biasa disuguhkeun manéhna ka Apa. Kakara
ayeuna kereteg haté Apa yakin, Nita anu pangngéwana ka Apa mah. Lain manéh,
enya ogé manéh keukeuh embung narima warisan Apa najan sapérak. Apa ngarti kana
sikep manéh. Hampura Apa.”
Bi
Nita téh gaduh putra tiluan. Téh Nilam, A Adi, jeung Nonon. Putrana anu tiluan
téh tos narikah sadayana, tos marisah bumi. Mang Sakri, salaki Bi Nita, kuring
sorangan saukur apal namina. Cenah Mang Sakri tos ngantunkeun saacan kuring
lahir.
Bi
Nita hareugeueun basa kuring ngadadarkeun naon anu dipikahoyong ku Apa.
“Ibi
kedah masak nyaan-nyaan sapertos anu biasa disuguhkeun ka Apa,” ceuk kuring.
“Hawatos ka Apa, upami henteu sepertos kitu mah da percumah.”
Lila
Bi Nita neuteup ka kuring. Terusna mah malah nangkeup bari ngagukguk. “Hampura
Ibi, hampura…,” cenah bari ngusapan rambut kuring.
Tangtu
waé kuring henteu nyangka Bi Nita bakal kitu. Da saenyana ucapan kuring “kedah
masak nyaan-nyaan sapertos anu disuguhkeun ka Apa” bari kuringna sorangan
henteu ngarti nanaon. Matak mani ngajenghok sabada noong Bi Nita anu masak
sorangan di dapur.
Lémbér
téh disiksikan laleutik. Bungbu séjénna mah henteu kaperhatikeun, meureun
bungbu biasa waé. Tapi bawang daunna mani sakeupeulan. Henteu reuwas da kitu
karesep Apa. Apa mah upami ngadamel endog dadar ogé apan bawang daunna kedah
seueur pisan. Ngan anu matak kuring ngajenghok, ngadégdég bari hookeun, bari
masak téh Bi Nita henteu eureun ciciduh. Sakapeung mah ngareuhak jeung
nyingsring. Ari reuhak jeung nyingsringna téh apan di kana katélkeun.
Panungtung
sanggeus katél diangkat terus diteundeun dina lanté, ngadégdég kuring téh jadi
leuleus satulang sandi. Bi Nita morosotkeun langcinganana. Cir téh pipis kana
katél. Kuring ngabalieur bari nahan piongkékeun, terus diuk deui kana korsi di
tengah imah, rasa mah henteu puguh. Basa pasak lémbér dina rantang téh ditunda
dina méja, anu meleber mah seungit bawang goréng.
“Naha
kunaon Ibi mani ceuceub-ceuceub teuing ka Apa,” ceuk kuring sanggeus ngumpul
pangacian, sanggeus ngarasa kuat neuteup Bi Nita.
Bi
Nita masih tungkul. Terus neuteup kuring bari sigana téh jauh panineungan. “Ibi
téh apal, anu ngagebruskeun Kang Sakri téh bapa manéh,” cenah halon. “Bapa
manéh téh sasatna dijeujeuhkeun ku Kang Sakri di pagawéanana. Apan Kang Sakri
mah leuwih senior jeung geus boga jabatan basa bapa manéh kakara sup téh. Ngan
bapa manéh mah pinter lélétak, pinter basilat. Basa kanyahoan di kantor aya
korupsi gegedéan, naha kalah Kang Sakri anu dikorbankeun, dituduh bari henteu
ngalakukeun. Ari kituna apan bapa manéh anu ngalakukeun sosogok jeung lélétak
ka ditu ka dieu. Ari di pangadilan, lantaran sieun kanyahoan anu saenyana, bapa
manéh ngarencanakeun Kang Sakri diracun di jero bui. Dina koran jeung tivi mah
apan anu diberitakeun téh Kang Sakri nelasan manéh lantaran strés, padahal bapa
manéh anu ngarencanakeun sakabéhna.”
Kuring
henteu némbal nanaon. Kalah beuki molohok, beuki ngadégdég, beuki henteu puguh
rarasaan.
“Bapa
manéh ngaku kana kajahatanana. Matak unggal bulan datang ka dieu, mekelan béaya
keur sakola barudak jeung kabutuhan sapopoé. Duit ti bapa manéh téh leuwih ti
cukup, tapi henteu mahi keur ngurangan kaceuceub Ibi. Matak unggal nyuguhan
téh….”
**
Apa
emam ponyo naker. Sangu pulen sareng pasak lémbér téh mani cacamuilan, siga
puasa manggih buka. Amih, istri-istri Apa anu sanésna, ogé palaputra Apa
sadayana, marolohok mata simeuteun. Duka naon anu aya dina pikiran maranéhna.
Naha hémeng ningali apa emam aya ku ponyo, duka manghanjakalkeun Apa jagjag
deui, duka atoh da bagi waris henteu kudu diobrolkeun heula.
Ngan
kuring anu ningali unggal Apa ngahuap unggal ngagukguk, ceurik di jero haté,
ceurik anu beuki nyeri jeung nyanyautan. Ngan kuring anu ningali Apa bari
ngahuap téh bari carinakdak, terus murubut cisocana.
Tos
emam mah Apa téh bobo deui. Dua jam ti harita Amih ngajerit, da basa
ngagugahkeun Apa, Apa tos henteu aya. ****
Setiabudhi,
25 Désémber 2016
0 Response to "BATARA KARANG"
Posting Komentar