AMPLOP

carpon yus r. ismail

 Tribun Jabar, 4-6 April 2017

Lanté semen téh dijeungkalan dua kali. Moal nyalahan, lebah dieu dikuburna amplop téh. Amplop coklat, henteu pati gedé, tapi kandel eusina. Apal semu rengatna dina tumbu tambal seménna, enya ogé geus belasan taun, ampir dua puluh taun, amplop téh dikuburna. Barang pindah ka imah ieu waé, imah rangkay di perumahan bangkrut di pakampungan. Ku sorangan dikuburna ogé. Puguh atuh hariwang lamun mercayakeun ka batur mah. Peuting nambalna ogé. Lanté lebah dinya téh dikali heula rada jero, terus diamparan keusik. Amplop téh dibulen ku pelastik, diawuran deui keusik saméméh disemén téh.
Ceuk pangrasa mah moal nepi ka ku rinyuh.
Rengat leutik lanté ditengetan sakali deui. Lain, lain nengetan rengat lanté saenyana mah. Tapi pikiran téh baluweng. Keur naon amplop téh dikali? Apan maksudna mah, enya ogé diruang di lanté imah, dijieun jimat, dipupusti, dijieun harta anu nyeuseup ingetan, lalampahan, pikiran, rasa, pikeun ngaji diri.
Pahat jeung palu téh diteundeun dina lanté. Sabaraha kali pahat téh kungsi dicecekel pikeun diketrokeun kana lanté semén? Teu kaitung. Enya, henteu kaitung. Puguh atuh, pangabutuh téh siga anu patutur-tutur, antay-antayan taya anggeusna.
“Kang, kumaha atuh ayeuna mah henteu tiasa nyandak heula balanjaan ti warung Imi. Cenah, seueur teuing bayareunna,” ceuk Euis, pamajikan kuring, basa kuring kakara jol ti pagawéan.  
“Keun waé atuh, da enya kuduna ogé urang anu mayar heula. Tah, ari béas mah aya ti Kang Asép,” témbal téh bari mikeun bungkusan jeung amplop.
“Geuning aya artosan?”
“Kasbon heula. Matak nungtut bayar ka warung Imi, karunya.”
Bageur boga pamajikan téh. Henteu ngangluh, komo nyeukseukan, enya ogé sarwa kakurangan. Duka meureun pedah geus pangalaman, welasan taun sarwa walurat. Saukur ngalaporkeun ari aya katugenah siga kitu téh.
“Kang, bis waé hilap, tadi aya télépon ti Pa Ridwan, saurna sobat Akang.”
Éta téh wangkongan sataun ka tukang.
Meungpeung simpé, trék wé lanté semén téh dipahat.
**

Amplop téh diteundeun dina samak. Kandel kénéh basa tadi digulang-gapér. Eusina duit genep ratus rébu rupiah. Moal poho, da ngan kuring-kuringna anu kungsi ngitung duit dina amplop éta. Enya, baheula di toilet kantor. Jumlah anu lumayan ayeuna ogé pikeun kuring mah. Komo deui baheula, dua puluh taun katukang basa gajih pagawé anyar saperti kuring saukur dua ratus lima puluh rébu rupiah.
Taun 1996 mimiti gawé di kantor pajak téh. Sabada lulus ti Institut Ilmu Keuangan hayangna mah ulin heula. Tapi nurutan batur milu tés di Kementrian Keuangan, ari pék ditarima, ditempatkeun di kantor pajak. Siga anu rék resep mimitina mah gawé téh. Enya ogé gajih saukur cukup keur dahar, nyéwa kamar jeung ongkos, tapi apan makan siang disadiakeun kantor, unggal minggu meunang uang jajan, jeung cenah sataun sakali pakanci bari ongkos jeung jajan dibéayaan kantor. Disebut cenah, apan ari pakanci mah kuring acan ngalaman da gawé téh saukur genep bulan. Tapi jadi ngahuleng basa hiji peuting katatamuan Kang Ridwan, senior di kampus anu geus tilu taun gawé di kantor pajak.
“Akang mah tara narima uang jajan mingguan, pakanci ogé tara miluan, malah ayeuna ogé keur mikir kumaha carana nolak makan siang ti kantor,” ceuk Kang Ridwan bari ngocék kopi anu kakara ditinyuh. Malem minggu harita téh, lamun henteu jalan-jalan kaluar nya ngadon ngobrol sapeupeuting di kamar indekos saha waé. Kitu kabiasaan pagawé bujang bari jomlo mah. Tadi sobat anu séjén mah ngabring lalajo film, ari kuring bubuhan sapangaresep jeung Kang Ridwan, nya rék maén catur waé bari ngadangukeun wayang tina radio.
“Naha kunaon, Kang?” pok téh curinghak da puguh ngarasa ahéng jeung henteu nyangka Kang Ridwan bakal ngadongéng kitu.
“Naha teu apal kitu?”  cenah kalah nanya.
Kuring gideug.
“Makan siang, uang jajan, ogé pakanci taunan lamun pangasilan pajak nepi kana target, éta mah lain ti kantor. Tapi inisiatif pingpinan. Cenah maksudna mah ngarah bagian anu garing milu kabaseuhan. Hartina, éta téh apan duka duit ti mana sumberna. Asa hariwang wé, asa henteu ngareunah haté, lamun seug miluan kadagingan ku rejeki henteu puguh.”
“Bagian naon waé, Kang, anu disebut baseuh téh?”
“Nya anu sok diparebutkeun mah bagian PPN, PPH Badan, PPH Orang Pribadi. Di bagian éta mah loba karyawan titipan ti pajabat ieu pajabat itu.”
Kuring sorangan ditempatkeun di bagian Tempat Pelayanan Terpadu, lokét panarima sagala laporan jeung surat wajib pajak. Ongkoh deui apan kuring mah acan narima Nota Dinas Penugasan, hartina acan nyaan ditempatkeun di bagian naon. Kaasup bagian garing cenah TPT mah. Kuring sorangan henteu kungsi mikir bagian garing atawa baseuh. Ngembang kadu waé anu aya ngadangu dongéng Kang Ridwan téh.
Ari kuring, enya ogé ditempatkeun di bagian TPT, tapi siga dibéré jalan keur babaseuhan. Mimitina mah lantaran resep uprak-oprék komputer. Harita mah komputer téh masih basajan. Bisa ngagunakeun program msword jeung excel ogé kaasup hébat. Basa aya programmer ka bagian TPT, ditengetan kumaha carana ngabuka data-base. Horéng aya data anu bisa dibuka kalayan henteu make password.
Hiji poé aya wajib pajak anu minangsaraya tanggal mayar pajak téh dipundurkeun. Paménta anu biasa saenyana mah. Stempel pajak mundur, kitu pagawé séjén mah nyarebutna. Tapi lantaran datana geus asup kana komputer, atuh henteu bisa ditedunan paménta wajib pajak téh. Ku kuring dioprék data dina komputer téh, atuh tanggal mayar pajak téh bisa diatur. Karyawan séjén rareuwaseun. Pingpinan bagian TPT mah nepi ka manggil kuring. Cenah, lamun ti baheula bisa kitu mah meureun imah jeung mobil ogé geus nambahan.
Maksud kuring anu tadina heureuy, sakadar hayang ngabuktikeun bisa henteuna, jadi manjang. Isukna pingpinan ngageroan, di ruangan kerjana geus aya tamu duaan basa kuring datang.
“Yi, cobian panglebetkeun data kana komputer, mung tanggalna hoyong dipundurkeun. Tiasa anggo komputer anu di dieu wae supadas rinéh,” ceuk pingpinan.
Kuring asa-asa saenyana mah. Kuring nyaho, ieu téh pagawéan anu salah, tapi lantaran dititah ku pingpinan, der wé digawéan. Lumayan rada lila ogé da réa data anu kudu diasupkeun. Réngsé téh waktu istirahat. Léos wé ka musola, manggihan Kang Ridwan anu biasana nungguan di teras musola.
Lain kapangaruhan ku Kang Ridwan lamun réngsé solat kuring ngelesed kaluar ti kantor, ngadon dahar di warteg. Balik dahar papaliwat jeung pingpinan, anjeunna ngaharéwos, “Bagéan Ayi mah tos disimpen dina laci.” Rada reuwas mimitina mah. Bagéan naon? Leuwih ngagebeg basa muka laci, aya amplop kandel. Henteu wani muka, laci gancang ditutupkeun deui. Bubar gawé téh pangpandeurina. Amplop téh gancang disakuan, dibuka di toilet kantor. Mingkin ngagebeg réngsé ngitung jumlah duit, genep ratus rébu rupiah. Jumlah anu pohara gedéna, apan gajih kuring ogé ngan dua ratus lima puluh rébu rupiah.
“Salingkuh pajak mah babari. Ari wajib pajak anu gedé, nya gedé ogé salingkuhna. Bisa jutaan, puluhan juta, ratusan juta, malah meureun perusahaan nasional mah bisa milyaran. Padahal carana mah sarua kitu-kitu kénéh,” ceuk Kang Ridwan. Padahal kuring henteu ngadongéngkeun sabaraha gedéna duit dina amplop.
Amplop téh henteu kungsi dibuka deui. Ti harita di kantor téh asa jadi bayeungyang. Pingpinan nyusulan deui, nitah kuring ngasupkeun tanggal mundur. Pagawé séjénna patingharéwos, ménta dipangasupkeun data fiktif. Aya ogé anu terus-terang ménta diajarkeun ngabuka data. “Pokona tiap saya meunang order, di dinya mah kabagéan wé,” ceuk anu ngaharéwos.
Lantaran kuring loba alesan nolak, pingpinan ngambek. Pagawé séjénna mindeng sindir-sampir, majarkeun kuring hawek ngeduk duit saukur keur sorangan wungkul. Ngan kuat sabulan sanggeus kitu mah, kuring mundur ti kantor. Ari pék Kang Ridwan ogé sarua.
**

Kungsi kuring gawé di perusahaan swasta. Pabrik cistik leutik, bagéan masarkeun ka toko-toko. Tangtu waé kulawarga mah, pangpangna Amih jeung Apih, henteu saukur gogodeg jeung manghanjakalkeun. Tapi ogé nyeukseukan nepi ka korédas sigana katugenah dina manahna.
Basa pruk ngahiji jeung Euis, tuluy pindah ka Ciboléd, ngadeukeutan lembur Euis. Jeung kolot Euis téh kaasup sadésa tapi béda kampung. Wawuh jeung Kang Asép, bandar sampeu anu keur ngabaladah ngadegkeun pabrik kiripik sampeu. Asa kabantuan cenah Kang Asép téh da puguh kuring tohtohan pisan ngokolakeun pabrik kiripikna.
Henteu dileuleungit éta ogé, meunang hésé capé ngokolakeun pabrik kiripik téh bisa kabeuli imah anu ayeuna dicicingan. Imah tipe 36 di perumahan bangkrut, dibeulina ogé ngan 12 juta bari dicicil. Atuh imahna saukur bisa dicicingan téh lain bohong. Témbokna angger batako henteu ditaplok, euweuh lalangit, pokona disebut rangkay teh henteu salah.
Tapi sangeus barudak anu opatan sarakola mah pangasilan seuseut-seuat dicukup-cukupkeunana. Kungsi éta ogé Kang Asép nitah kuring nyieun pabrik kiripik sorangan. Tapi dicobaan téh ngagoréng leuleutikan, teu kaharti ari kudu sagala ngécér mah.
**

Pait peuheur jadi pagawé leutik geus karasa. Sakapeung sok ngaliwat karumasa, naha henteu kaduhung bet ngalégég jelema soléh bari nyiksa ka anak pamajikan? Enya ogé pamajikan téh bageur, tapi ningali begung jeung kuleuheuna mah mindeng henteu téga. Barudak kurang dahar kurang paké, bet leuwih-leuwih deui rasa mentegeg téh.
Rasa guligah téh sakapeung aya deui basa maca berita koran. Cenah, aya pagawé pajak, budak kénéh, golonganana handap, tapi rekening bank-na henteu kaitung. Da basa kanyahoan, tuluy dibui, sawaréh duitna téh dipaké sugak-sogok dimonyah-monyah. Apan ongkoh dibui tapi bisa ulin ka Bali, lalajo tenis Wimbledon, jeung kasenangan séjénna. Apan matak kitu ogé duitna henteu kaitung. Ras ka sorangan, henteu mustahil kakayaan téh sakitu lamun baheula sagala daék. Apan sorangan anu ngamimitian bisa ngutak-ngatik data. Naha kuring kaduhung atawa untung?
Ka dieunakeun, anu cenah Orde Revormasi, anu ngorowotan kakayaan nagara téh beuki mahabu. Lain perpajakan waé anu ceuyah. Loba partéy pulitik kalah loba kasempetan pikeun pikeun basilat séwang-séwangan. Dinas ieu dinas itu, pamingpin daérah, cul-cel kaparanggih ngagadabah kakayaan nagara. Rahayat leutik mah saukur dibébénjokeun ku Dana Bantuan Langsung jeung Raskin anu saenyana mah leuwih pantes keur parab hayam.
Kuring mindeng ngayakinkeun sorangan, kuring téh jelema anu untung. Atuh kurang sautak-saeutik mah, jamak da jelema. Apan sakumaha lubak-libukna ogé jelema mah pasti ngarasa kurang.
Kabeneran panggih jeung Kang Ridwan téh. Keur ka Bandung, Kang Asép nitip mangmeulikeun brownies. Ari pék di tempat brownies amprok pisan jeung Kang Ridwan. Ngajengjen sakedapan mah ningali kuring. Tapi terusna mah ngobrol mani uplek. Ka mana cenah, ditéangan mangtaun-taun euweuh raratanana. Diubek dina dunya maya alias internét ogé henteu kapanggih. Sanggeus ngobrol ngalér-ngidul, brasna téh kana usaha. Basa apaleun kuring mah ngokolakeun pabrik kiripik sampeu, kirim cenah sampelna. Apan Kang Ridwan téh pengusaha makanan ringan. Tokona ogé cenah aya kana sapuluhna.
Duka kumaha kuring ujug-ujug sumanget. Ari percaya mah apan ti baheula ogé henteu hamham ka Kang Ridwan mah. Ongkoh deui apan Kang Ridwan ogé wani milih jalan anu tarahal pinuh ku batu koral téh lantaran hayang hirup leuwih mulya. Dua poé ti harita kuring ngahaja nganjang ka Kang Ridwan.
“Emh, nyaan kiripikna mah gurih. Tinggal dimerekan jeung dikemas anu hadé, sigana moal hésé ngajualna,” cenah. “Bungbuna ogé rada dipariasikeun. Sok atuh urang loncingkeun di toko Akang.”
Balik ti Kang Ridwan kapikiran deui ngabongkar amplop téh. Amplop ditimang-timang sabada ditoong eusina. Geus waktuna duit ieu téh dianggeuskeun. Keur modal nyieun kemasan waé kitu, enya ogé kurang tapi ngabantu. Ngumaha ka Kang Asép pasti teu wasa pok. Apan basa ngagoréng sorangan ogé, Kang Asép anu ngamodalan bari acan mayar nepi ka ayeuna.
Dua minggu ti harita Kang Ridwan nelepon. Ka mana cenah anu rék ngobrolkeun louncing téh bet henteu béja henteu carita deui. Kuring saukur ngahéhé da puguh bingung. Isukna Kang Ridwan datang. Ngahuleng salila-lila di hareupeun imah rangkay kuring. Basa geus asup ka jero, ngahuleng deui waé enya ogé kuring meni gepyak ngadongéng.
Terusna mah lila ngobrolkeun ngaran mérek kiripik. “Omat, isuk pagéto kudu ka Bandung, urang nyieun keur kemasanna. Keun Akang anu nguruskeun keur louncing mah. Urang ngondang grup bloger waé, sukuran bari louncing di toko,” cenah saméméh amitan. Tungtungna mah sagala dibéayaan ku Kang Ridwan. Atuh duit dina amplop téh dibagikeun ka barudak yatim jeung fakir. Amplopna mah henteu dipiceun, dipiguraan digantungkeun di tengah imah.
Éta téh sataun katukang. Terusna mah matak hélok, kiripik anu dikemas jeung dimérekan téh jadi sabiwir hiji. Minangka bédana ti kiripik anu Kang Asép téh saukur bungbu anu meunang ngaracik kuring, lada anu dilépel-lépel. Enya ogé harga mah jadi leuwih ti dua kali lipet, pesenan Kang Ridwan téh kalah beuki loba.
Dina sataun téh bisa ngamodal nyieun panggoréngan sorangan, ngaréhab imah, malah meuli mobil sagala. Sok ngahuleng téh ari subuh, sabada solat tobat jeung tahajud. Bari neuteup amplop téh, haté mah sok ngarakacak. Ampir dua puluh taun hirup sangsara sanggeus wani-wani ngajauhan panggoda amplop, céngharna mah henteu sakara-kara ku kabeneran jeung waktu anu henteu nepi ka sataun.
“Enya, hirup mah saukur kaulinan. Matak nalangsa lamun boboléh ku pangirut pangkat atawa serah bongkokan ku panggoda dunya,” gerentes teh bari imut neutup amplop di tengah pigura. **

25 Maret 2017
Diropéa tina pangalaman saenyana.  







Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "AMPLOP"

Posting Komentar