Jejak Kata :

MA ERUM

Written By Mang Yus on Senin, 05 Desember 2016 | 13.19

Carpon Mangle
Mangle no. 2604, 24-30 November 2016

Unggal mulang ka Cihégar, Aini teu weléh tibelat kana dongéng budak anu nyunyuhun tangkal. Ma Erum anu ngadongéngna. Bada ngaji di tajug pasosoré, barudak patingberetek téh lain balik ka imah atawa ngadon arulin. Kalah terus ngariung dina balé-balé bumi Ma Erum. Henteu jauh ti tajug ka bumi Ma Erum téh, ukur kahalangan ku balong jeung sakotakan sawah. Ustad Soléh, anu ngawuruk ngaji, apan carogéna Ma Erum. Tapi Ustad Soléh mah henteu pinter ngadongéng. Ngan Ma Erum anu lamun ngadongéng téh matak jempé barudak anu ngadangukeunana, matak patingbarakatak sareuri nepi kasééleun, matak ngaralamun ngangres ku carita dina dongéng. Padahal mah Ma Erum sareng Ustad Soléh  téh teu acan diparengkeun gaduh turunan.
“Lantaran éta budak resep kana tatangkalan, hiji poé, tina embun-embunanana tumuwuh hiji tangkal,” saur Ma Erum kalayan paroman anu hésé dicaritakeun ku Aini.
Aini saukur inget, manéhna katut sobat-sobat ulinna, sareuri ngadanguna. Kabayangkeun, lamun dina sirah aya tangkal. Wah, pasti éra. Pasti pirungsingeun. Pasti dipoyokan ku sasaha.
“Tapi éta budak henteu ngarasa nalangsa. Lantaran enya ogé éta tangkal téh beuki ngajangkungan, akarna beuki nyeceb kana sakujur awakna, dahan jeung daunna beuki ngarandakah ngémploh héjo; tapi henteu karasa beurat, henteu ngagokan,” saur Ma Erum, “Malahan mah rééaaaa pissaann… anu resepeun ka éta budak.”
“Tapi pasti sagala pameng, Ma. Badé ka bumi henteu tiasa, upami di sakola kumaha tiasa lebet ka kelas,” ceuk Asép.
“Ahéngna….” Ma Erum nuluykeun dongéngna kalayan paroman anu mandiri. Aini mindeng imut sorangan lamun inget kana paroman Ma Erum waktu ngedalkeun kecap éta. Nepi ka ayeuna, sanggeus kuliah tingkat ahir, sanggeus kungsi lalajo panyajak sohor déklamasi atawa aktor sohor maca sajak; Aini tetep ngarasa paroman Ma Erum basa ngedalkeun kecap “ahéngna” anu paling ngageterkeun hate.
“Tangkal téh ngaleutikan lamun éta budak ka jero imah. Kitu deui lamun éta budak saré, diajar di jero kelas, ulin di jero wawangunan. Tangkal téh henteu ngaganggu henteu matak riweuh.”
“Kumaha dongéngna éta budak dipikaresep ku sasaha, Ma?” tanya Isal.
“Waktu éta budak aya di luar, tangkal téh ngajangkungan jeung ngarandakah ngémploh héjo, karembangan jeung baruahan, matak resep anu ningali,” saur Ma Erum. “Henteu saukur papada jalma anu resepeun ka éta budak. Tapi ogé sasatoan. Manuk-manuk nyarayang, ngarendog, aranakan, dina tangkal éta. Hileud néangan kadaharan, jadi kepompong, tuluy gegeleberan mangrupa kukupu anu éndah. Jeung réa deui sasatoan, meureun rébuan jumlahna, anu rupa jeung ngaranna ogé urang mah henteu apal bakat ku laleutikna.”
“Ari bungbuahanana, tiasa diala, Ma?” tanya Oténg.
“Pasti hésé atuh ngalana!” ceuk Réna.
“Tapi lamun dibalédog ku talawéngkar mah pasti maruragan. Saperti lamun Oténg malédog rambutan Pa Haji Dulah,” ceuk Roro.
“Da… da uing mah malédog rambutan téh bongan tara dibéré,” témpas Oténg bari seuri éra.   
Barudak beuki ramé silihgonjak.
“Tangkal téh apan ahéng,” saur Ma Erum. Jep barudak jempé. Aini masih apal enya ogé henteu bisa nurutan, kumaha lentong Ma Erum basa ngedalkeun kecap “ahéng” anu bisa ngajempékeun barudak. “Sasaha ogé bakal dialungan buahna. Henteu kudu ditaékan atawa dirojok ku gantar komo deui dibalédog. Cukup diharéwosan ku éta budak, buah téh bakal ngalayang ka anu ngaruy nempona. Saha waé anu ningali éta tangkal, kakara kereteg wé hayang, pasti dialungan.
**

Ras Aini inget basa sasandiwaraan jeung sobat-sobatna, parebut merankeun budak anu nyunyuhun tangkal. Sok nepi ka ramé paabdi-abdi nepi ka pahereng-hereng. Ma Erum terus misah lamun geus kitu mah.
“Sasaha ogé kaci merankeun budak anu nyunyuhun tangkal,” saur Ma Erum. “Asal aya pasaratanna….”
“Naon, Ma? Naon pasaratanna téh?” Barudak réang.
“Kudu ngumpulkeun sisikian, siki naon waé, terus dibungbun.”
Poé Minggu rebun-rebun kénéh barudak ngabring ka pasar di kota kacamatan anu jarakna aya kana sapuluh kilométerna, naréangan sisikian. Buah, rambutan, manggu, dukuh, alpuket, jeung duka siki naon deui, meunang sakantong kérésék gedé. Sisikian téh terus dibungbun di buruan tukang bumi Ma Erum. Waktu halodo datang, barudak giliran nyéboran.
“Poé Minggu hareup, urang jalan-jalan. Barebekelan nya, urang botram,” ceuk Ma Erum sabada ngadongéng. “Anu baroga karung, barawa nya keur ngakut binih bungbuahan urang.”
Aini masih ngarasakeun rasa anu ahéng, anu diseuseup saseubeuhna, sumebar kana awakna, jadi imut anu éndah. Enya, rasa ahéng anu éndah téh nyulusup kana dadana sabada melakeun bibit bungbuahan di sisi jalan anu ngahgar.
“Bayangkeun lamun tatangkalan éta tumuwuhna dina embun-embunan urang,” saur Ma Erum sabada melakeun sakabéh bibit anu kabawa, terus nareuteup ti lebah puncrut. “Jadi tangkal anu gedé mangpaatna. Akarna jadi pangiket cai, tangkalna jadi tempat hirup rébuan mahluk, kembangna matak resep anu neuteup, buahna nyegerkeun anu hanaang….”
**

Aini masih ngarasakeun wegahna kudu neruskeun sakola ka kota kabupatén. Di Cihégar harit acan aya SMP. Lulus SMP, lulus SMA, Aini nuluykeun kuliah di kota propinsi. “Sakola téh jalan pikeun leuwih wijaksana, Néng,” saur Ma Erum. “Didu’akeun ku Ema sing jadi budak anu bageur, pinter, singer, jeung bener.”
Unggal mulang ka Cihégar, Aini pasti ngalongok Ma Erum. Ma Erum bakal nangkeup, ngusapan kana rambut. Keur Aini, Ma Erum mah henteu weléh marahmay, jeung awét anom. Basa Ustad Soléh ngantunkeun, Aini kakara sadar Ma Erum téh tos sepuh. Aini kakara engeuh gurat-gurat karijut di handap socana. Genep puluh dalapan taun yuswana ayeuna téh.
“Dongéngkeun ka Ema, kumaha sakola anu ngaranna kuliah téh,” saur Ma Erum basa hiji waktu Aini ngéndong.
Aini imut. Enya, Aini ngarasa jadi urang Cihégar anu untung. Lantaran bisa diitung ku ramo urang Cihégar anu bisa kuliah. Abah téh guru di SDN Cihégar. “Kajeun Abah jeung Umi dahar sampeu, asal Ain bisa kuliah,” saur Abah. Duaan deui urang Cihégar anu kabiruyungan bisa kuliah, nyaéta Asép, putra pa kuwu manten, jeung Oténg anu bapana patani hui.
“Tempat kuliah téh namina paguron luhur, Ma,” ceuk Aini. “Tempat anu sami waé sepertos SD, sapertos tajug, sapertos bale-balé bumi Ema. Tapi paguron luhur mah gedong-gedongna ogé laluhur, taringkat. Aya perpustakaan tempat nyimpen rébuan buku, majalah, koran. Upami urang hoyong terang naon waé ogé, di perpustakaan mah aya. Upami urang bade melak tangkal alpuket, hoyong terang kandungan gizina, vitaminna, kumaha carana melak alpuket anu sakedahna, aya sadayana di perpustakaan mah.”
Aini masih inget kumaha marahmayna paroman Ma Erum, meureun ngabayangkeun dongéng Aini. Teuteupna nembus ka jauhna, sajauh imajinasina. Meureun ngabayangkeun anu kumaha paguron luhun tempat kuliah rébuan mahasiswa téh. Sainget Aini, Ma Erum mah can kungsi nyanyabaan jauh. Saurna, sakolana henteu kungsi tamat SD. Tapi maca hurup latén jeung arab lancar leuwih ti kalolobaan urang Cihégar.
Unggal Aini ngadongéngkeun yén manéhna jeung batur sakampusna melak-melakeun bibit tatangkalan di sakuriling kampus anu lega jeung ngahgar, Ma Erum ngabandunganna téh nepi ka ngeclakeun cisoca. Aini henteu apal, naha Ma Erum téh ngangres ku dongéngna atawa sedih ku anu séjén.
Isukna basa Aini ngabaturan Ma Erum jalan-jalan, Aini engeuh réa anu robah di lemburna. Tatangkalan anu baheula dipelak Ma Erum jeung barudak sapanjang sisi jalan, ngan aya tunggulna wungkul anu baruruk. Cenah lantaran jalan aya rencana leuwih dilébarkeun.
“Ciséké anu baheula ngajadikeun kampung urang subur cai, ngan saukur di sababaraha tempat anu masih aya,” saur Ma Erum, duka saukur ngabéjaan duka ngangluh.
Aini kakara sadar, basa mulang dua taun katukang, balong di gigireun imahna digaringkeun. Pangrasa Aini lantaran Umi hoyong pepelakan kayaning jahé, konéng, surawung, salédri, bawang, jeung bungbu-bungbuan séjénna. Padahal pancuran anu nyaian balongna ogé halodo mah garing.
**

“Ain sakadar hoyong mengenang Ma Erum,” ceuk Aini ka Umi. Kamari Abah ngahaja nélépon, ngabéjaan Ma Erum ngantunkeun. Waktu nyéboran bungbun bungbuahan di buruan tukang, Ma Erum ngarasa rarieut. Soréna, basa sujud solat asar, anjeunna henteu cengkat deui.
Dimakamkeunna di buruan tukang bumina, di handapeun tatangkalan, da kitu kahoyongna,” saur Umi. “Amanatna, bumina diwakafkeun pikeun madrasah.”
Aini leumpang gagancangan da sieun kasoréan. Di buruan hareup bumi Ma Erum, Aini ngajanteng lila, neuteup bale-balé, tempat baheula manéhna jeung sobat-sobatna ngadangukeun dongéng Ma Erum.
Tukangeun tangkal nangka Aini ngarandeg. Dadana degdegan. Di makam téh aya anu cingogo. Sanggeus yakin anu cingogo téh sarua manusa, Aini ngaléngkah lalaunan. Kadangu aya sora inghak anu ditahan.
Aini cingogo, ngawurkeun kekembangan, terus ngadu’a. Teu kaampeuh, aya anu ngalémbéréh maseuhan pipina. Tapi ditahan entong kaluar inghakna. Réngsé ngadu’a, Aini ningali Oténg di hareupeunana keur neuteup.
Maranéhna terus cengkat. Di balé-balé duanana dariuk.
“Ain, masih inget dongéng budak anu nyunyuhun tangkal?” ceuk Oténg.
“Naha teu ningali kitu, sakitu ngarandakah ngémploh héjo?” témbal Ain.
“Sarua atuh, dina sirah Oténg mah malah tangkalna geus baruahan.”
Sakali deui Aini ngusap anu ngalémbéréh dina pipina.
** 



GERIMIS SORE

Written By Mang Yus on Minggu, 04 Desember 2016 | 09.37

Puisi Media Indonesia

Media Indonesia, 1 Maret 2015

gerimis turun sore hari
mengantar kepergian sang matahari
adakah engkau mengerti
keindahan di batas langit berupa pelangi
2015


MAWAR 
ngkaukah pemetik mawar itu
betapa cantik menghias rambutmu
bertahun lalu aku menanamnya
menyiram dan memupuknya
            –              dengan cinta
engkaulah pemetik mawar itu
2015 
DI JALAN 

di jalan itu 20 mobil lewat setiap menit
ada orang suci, pencuri, orang hebat, penjahat
tapi jalan tak pernah mengeluh
siapa pun boleh berlalu
di jalan itu engkau ingin menyeberang
baru 2 menit engkau terhalang
wajahmu serupa buah matang
2015 


HUJAN MENIKAM MALAM

lolong anjing tenggelam
gelap sampai jauh mencekam
bunyi tik-tak di atas genting
siapa semedi di sejadah hening?
2015 


SIPUT

siput itu merayap melewati bebatuan
dan tebing terjal, dari sungai menuju sawah
siput itu tak pernah menghitung berapa kali jatuh
tersiram hujan atau tumpahan air sawah
“aku ini si siput, bukan sisipus
aku terus menjemput, sampai kurus
kebijakan yang Engkau simpan di padi menunduk.“
2015


ANGIN 
kembara pergi
mencari jati diri
tak pernah kembali
kembara pulang
kembali ke inti mani
sunyi, di dalam diri
2015


PELNGI 
sejak masa kanak engkau bernyanyi
siapakah pelukismu wahai pelangi?
di sini, di kaki gunung yang indah
mengenangnya tiba-tiba engkau merasa gundah
2015


TERBARU

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni