Jejak Kata :

Carpon Tribun Jabar: KUWU HURMAT

Written By Mang Yus on Senin, 30 Mei 2016 | 15.21

Tribun Jabar, 24-26 Mei 2016

Bumi Kuwu Hurmat perenahna di tengah lembur. Kasebut panglegana jeung pangagréngna. Lega da puguh salain buruan, apan katukangna mah numbu jeung kebon gaduh anjeunna kénéh. Agréng da puguh hiji-hijina imah anu ditémbok parat nepi ka suhunan. Wangunanna mah masih duduk jandéla, prah waé imah anu beunghar di lembur taun genep puluhan. Térasna diwates ku témbok ombak banyu sajangkung cangkéng. Basa kuring kakara bus ka SD, umur tujuh taunan, témbok ombak banyu téh sok dipaké sosorodotan. Harita mah acan disarebut Kuwu Hurmat. Pa Kuwu wé saréréa ogé nyebutna. Nelah Kuwu Hurmat mah kadieunakeun saatos henteu jeneng deui kuwu.
Bumi Kuwu Hurmat mah pangkawentarna di antara kuring sabatur-batur. Apan buruanana panglegana téa. Atuh puguh wé keur ulin barudak mah panglaluasana. Eukeur mah deui, sainget kuring, can kungsi barudak digeunggeureuhkeun, komo deui dibuburak, lamun arulin téh. Ucing sumput, ngadu panggal, méngbal, pris-prisan, asa samemena.
Ema Kuwu, geureuha Kuwu Hurmat, siga anu resep deui kaimpungan ku barudak téh. Sakapeung mah ngahaja sok nyadiakeun kukuluban keur barudak anu arulin. Kulub jagong, hui, sampeu, cau, pada marebutkeun lamun barudak digentraan sina reureuh heula téh.
“Hengkop tah, rareureuh heula,” saurna bari nyimpen sabaskom kukuluban di balé-balé. “Engke ari ngabungbang mah urang nyieun rangesing jeung gulakatingker.”
Duka bageurna Kuwu Hurmat miwah Ema Kuwu ka barudak téh pedah sono ka palaputrana. Tilu urang putra Kuwu Hurmat téh. Ceu Ibah, Kang Agung, sareng Asép Rijaldi. Asép Rijaldi mah sahandapeun kuring dua taun. Ari Kang Agung saluhureun kuring sataun. Tiluanana sarakola di Jakarta. Saurna ngiring sareng Juragan Suharta, rai Kuwu Hurmat anu damel di Jakarta.
Tangtu waé kuring henteu apal kunaon palaputra Kuwu Hurmat téh ngalumbara ti leuleutik. Ngan cenah, basa kuring acan asup sakola, Asép Rijaldi mah geus sakola TK. Sanggeus kuring rumaja, katerangan tambahan téh, cenah palaputra Kuwu Hurmat sarakola di Jakarta téh itung-itung ngaréncangan sareng ngabubungah Juragan Suharta anu moal tiasa gaduh putra. Kunaon Juragan Suharta moal tiasa gaduh putra? Tangtu waé kuring henteu apal jeung henteu tetelepék hayang apal.
Lamun kuring sabatur-batur keur arulin di buruan kaparengan Juragan Suharta sumping, sok rada regag-regog. Keur mah mobilna diparkir asa nengah teuing ka pakalangan ulin, ongkoh deui Juragan Suharta mah tara seuri tara nakon ka barudak téh. Palaputra Kuwu Hurmat ogé saukur seuri digentraan atawa diajakan ucing-ucingan téh. Terusna mah naringalikeun wé ti jero bumi. Atawa ngadon taruang di balé-balé bari ningali kuring sabatur-batur anu keur arulin. Lamun geus kitu mah tara lila arulin téh. Sok terus wé bubar. Kuring henteu apal, naha babaturan ogé sarua jeung kuring sok teu ngareunah rarasaan, matakna sok terus balubar téh; atawa ngan rarasaan kuring wungkul.
**

Buruan bumi Kuwu Hurmat mah enya ogé lega henteu dipager. Ngan wates buruan anu katuhu dipager ku tangkal baluntas, da puguh kahandapna apan gawir. Ari buruan payunna mah ngeblang wé dugi ka jalan. Tong boro jelema, sasatoan ogé apan lar-sup. Enya ogé kitu, ari jelama mah tara sagawayah asup ka buruan da aya jalan anu legana ogé aya tilu méterna. Ngan hayam jeung embé anu sok ngajlengan solokan terus asup ka buruan mah.
Sok seueur waé tamu ka Kuwu Hurmat mah. Sanés tamu penting ti kacamatan atanapi ti kabupatén, da anu kitu mah apan diangkenna ogé sok di kantor désa waé. Ieu mah tamu salembur atawa ti lembur séjén. Ma Onih tukang entéh, Mang Karim tukang suluh, Ceu Inah tukang gula kawung, Abah Arinta tukang daun kawung, bisa disebutkeun matuh namuna téh. Anu disebutan bieu téh kabéhanana ogé urang kampung séjén. Komo deui tatangga sakampung atuh. Mama sareng Emih ogé teu sirikna unggal malem minggu sok ngadon ngalobrol di balé-balé. Sakapeung lamun kaparengan aya acara wayang golek disiarkeun RRI mah apan sok ngéndong sagala.
Da puguh buruan téh lega, enya ogé Abah Darsa, pangebonna Kuwu Hurmat, pepelakan sayuran, tara ieuh ngaganggu pakalangan ulin barudak. Atuh sayuran saukur dipager ngarah henteu diacak hayam. Ari aya embé mah apan sok dibuburak lamun keur pepelakan mah.
Tapi sanggeus asup ka SMP mah kuring langka ulin deui di buruan bumi Kuwu Hurmat. Balik sakola téh sok terus nuturkeun Mama anu biasana nuju di balong. Balong Mama mah di landeuh, caket walungan, aya sababaraha hiji. Mama sok mijahkeun lélé. Nanahaon-na sok diwadahan kana buleng, diiderkeun ku sababaraha urang. Sok resep lamun geus ningali Mang Atang ngitung lauk kana buleng, da puguh ngitungna ogé dihaleuangkeun. Resep ogé lamun mantuan Mama nyairan lélé badag iangkeuneun ka pasar. Mama mah henteu saukur resep kituna téh. Mijahkeun jeung ngagedékeun lélé téh geus jadi pangupajiwa. Apan pokna ka kuring kieu: “Kudu nyaah ka lélé téh. Apan manéh bisa sakola téh saréatna mah dibéayaan ku lélé.”
**

Tamat SMP kuring sakola ka SPG di kota kabupatén. Lantaran jauh kuring indekos di deukeut sakola. Sabulan sakali sok balik mawa bekel. Balik téh poé saptu sabubarna sakola. Harita kuring apal yéh Ema Kuwu sababaraha kali teu damang. Teu cekap dicandak ka Pa Mantri Yusuf cenah. Terusna mah titirah di Jakarta. Pa Kuwu Hurmat ogé tangtu waé ngiring. Ti harita bumina téh sering kosong. Éta ogé sok dilongokan, sakapeung mah diéndongan, ku Abah Darsa.
Basa kuring lulus SPG, terus ngajar di SDN Ciwening, Ema Kuwu ngantunkeun. Asana mah ti harita ogé mimiti nelah Kuwu Hurmat téh. Enya apan Pa Kuwu téh tos digentos ku anu sanés. Henteu kantos garwaan deui. Ka kuring mah kungsi betus, saurna asa haroréam ngabaru deui. Ema Kuwu téh ngalangkang waé. Enya apan mun ningali yuswa mah Pa Kuwu Hurmat téh nembé 50 taun. Sadidintenna téh kitu wé beberesih di kebon sareng balong anu aya di pengkeren bumina téa. Atanapi ngalanglang ka kebon sareng sawahna di tempat séjén. Sakapeung lamun keur salsé kuring sok rajeun ngaréncangan, ngajak ngobrol naon waé. Sasasih sakali mah Pa Kuwu Hurmat sok dipapagkeun ku urang Jakarta.
Da puguh ngajar téh di SD lembur, kuring mah henteu incah deui. Kurenan, bebetah ngadegkeun imah ogé apan henteu tebih ti Mama sareng Emih. Salain ngajar téh ngabantuan Mama mijahkeun lélé henteu ditinggalkeun. Malah terusna mah boga akuan sorangan. Dugi ka hiji waktu Mama pokna kieu: “Tuluykeun wé usaha Mama téh. Mama mah baheula pak-pik-pek téh saukur hariwang ilaing henteu bisa sakola. Ari keur sapopoé Mama jeung Emih mah ku sawah jeung kebon ogé cukup.”
Duka Mama nyarios kitu téh pedah ningali kuring siga anu ripuh. Padahal budak kuring apan kakara hiji. Unggal bulan meunang béas bagian, enya ogé béar jeung sakapeung bau hapeuk. Jadi guru jaman harita, enya ogé geus diangkat dibisluitan, pangasilan téh henteu cukup keur sabulaneun.
**

Duka ceuk buku téh meureun enya, réa ngonsumsi lalaukan bakal ningkatkeun kacerdasan. Boga budak téh kaasup calakan. Ari kituna unggal poé daharna tara katinggaleun luak-lauk balong. Ari pék apan budakna ogé resepeun. Ti SD nepi ka SMA téh si Ajib mah asup réngking waé. Padahal ngapalkeunna mah asa sahayuna. Enya éta ogé ari ngakutan buku mah anu cenah meunang nginjeum ti perpustakaan. Bus ka ITB, asa henteu hararésé jeung mayar mahal da dibantuan ku béasiswa. Kaluar ti ITB, bus jadi PNS di Pemda. Asa resep ngajeueungna. Padahal prah wé jeung batur, miluan tés, korsi limaaneun téh diparebutkeun ku saratus réwu urang leuwih.
Harita mimiti apal sawah sareng kebon Pa Kuwu Hurmat diicalan. Cenah aya putrana anu hoyong janten itu janten ieu, teras incuna ngiring tés PNS, kedah aya paleuleueurna. Apan ayeuna téh kasebut jaman jayana pagawé negri. Henteu siga baheula jaman kuring ngora, jadi PNS téh asal daék asal téga pangasilan kurang jeung dahar béas béar bari sakapeung hapeuk. Ayeuna mah jaman geus robah. PNS téh pangasilanna terus ningkat. Sahandap-handapna pangkat PNS rarasaan téh asa leuwih reugreug batan pagawé swasta.
Matak jadi PNS téh parebut enya-enya. Éta ogé dirancang sangkan milih PNS téh kudu beresih tina sagala kapentingan. Tapi dina derna mah geuning malah beuki wowotan. Cenah, guru hayang jadi kepala sakola kudu nyiapkeun ari dalapan puluh juta rupiah mah. Hayang bus jadi pulisi siapkeun wé ari saratus juta rupiah mah. Hayang jadi PNS di dinas ieu di dinas itu, siapkeun wé saratus jutaan mah jeung ungkas-ongkos.  
Pa Kuwu Hurmat anu mimiti ngadongéng téh. Apan enya anjeunna mah séép kebon di ditu sawah di dieu téh pikeun nyubadanan kahoyong putra sareng incuna téa janten ieu janten itu atawa lebet PNS di dinas ieu di dinas itu. Atuh terusna mah geuning tatangga salembur gé lain saurang dua urang anu milu parebut jadi PNS téh. Kajeun kebon atawa imah dikalurkeun asal bisa sup heula jadi PNS. Apan ceuk Pa Ahdi mah itunganana kieu: “Keun waé sawah ngagelenceng gé. Geus jadi mah PNS, asupkeun deui wé susuratanana ka bank, beulikeun deui sawah. Apan pakaya balik deui, gajih meunang kénéh, atuh pangsiun bakal meunang mun urang geus kolot.”
Ari palaputra Kuwu Hurmat, ningalikeun hasil tina usahana jaranten PNS sareng pejabat téh henteu mésér deui sawah atanapi kebon. Bumina diréhab, buruanna didamel taman, kebon anu numbu sareng buruan pengker didamelkeun balong-balong pemancingan sareng saung-saung. Henteu pati engeuh kumaha pikaresepenna balong-balong pemancingan téh, kumaha adu-manisna kekembangan jeung babalongan di taman, da apan ayeuna mah sakuriling bumi numbu dugi ka kebon téh dipager témbok anu jangkungna ogé dua satengah méter.
Dinten Juma’ah dugi ka Minggu bumi téh ramé waé. Putra sareng incu Pa Kuwu Hurmat nyarandak koléhana. Mobil-mobil aralus, cenah ceuk  Ajib mah moal aya anu harga dihandap dua ratus jutaan, arabus ka buruan anu ayeuna mah dipager jangkung. Sok dugi ka wengi anu curak-curak téh kakupingna. Api unggunna sakapeung katingali silalatuna, karaokéan campur anu seuseurian, sok kadangu kénéh nepi ka tengah peuting.
Pa Kuwu Hurmat duka sok ngiring atanapi tara upami aya anu curak-curak téh. Da ayeuna mah tara katingali ngalangeu di buruan téa. Ti payun mah masih sok aya jurunganana ka Mama atawa ka tatangga anu séjén, dihaturanan ku Pa Kuwu Hurmat cenah hoyong ngobrol. Duka kirang séhat, da apan ayeuna mah sering kawartoskeun Pa Kuwu Hurmat téh dirawat di rumah sakit.
**

Ari Mama, dina yuswa tujuh puluh lima taun téh jagjag kénéh. Emih ogé alhamdulillan, masih kiat jalan-kaki ngurilingan lembur. Ari kituna, Mama sareng Emih mah saminggu tilu kali téh tara kalangkung jalan-kaki.
“Spor téh penting,” saur Mama. “Tapi ogé henteu éléh penting, entong éléh ku kapusing hirup. Da saréréa gé ari kapusing hirup mah aya. Tapi aya anu bisa meruhkeunana aya anu sok jadi gering pikir.” Éta téh sasauranana waktu kuring loba ngangluh da réa kakurang, baheula basa jaman PNS dibagi béas béar jeung hapeuk téa.
Hiji waktu ka bumi Mama aya Mang Sudiat, rai Mama anu bungsu. Mang Sudiat mah saumur jeung kuring. Mimitina mah enya namu biasa sareng istri katut dua budakna kelas 3 jeung 6 SD. Tapi tungtungna mah Mang Sudiat ngangluh, malah bari nangis sagala. Cenah, Mang Sudiat téh nembé di-PHK. Ari nangisna, cenah inget barudak lalembut kénéh, bumi cicilaneun kénéh, jeung réa deui.
“Tong réa kasieun hirup mah,” saur Mama harita. “Sapanjang masih aya erongan anu kudu dicabak, Alloh SWT baris ngajalanan hirup urang. Anu kudu sieun mah lamun geus teu aya erongan naon anu kudu dicabak, lamun pacabakan dipaksakeun padahal henteu sapagodos jeung lelembutan.”
Kuring harita disaur ku Mama. Mang Sudiat terusna mah diajar mijahkeun lélé. Gaduh balong akuan nyalira. Malah Mang Sudiat mah nguriling ka kota masarkeun ku nyalira. Lumayan ogé harga lélé bisa rada undak ari langsung ka rumah makan mah.
Ngahaja ngadongéngkeun sikep Mama saperti kitu téh. Maksudna mah sangkan népa ka kuring. Kuring ogé pengkuh saperti Mama. Ari pasalna, kuring ngadangu béja si Ajib mundur tina pagawéanana. Asa henteu percaya. Tapi batur réa anu ngadongéngkeun, da cenah aya dina koran sagala. Si Ajib téh protés, kudu aya keterbukaan dana proyék ka masarakat. Salila ieu dana proyek téh dipotongan nepi ka 40%-an, kamana deui léokna lamun lain dibagi-bagi mah keur para pejabat. Si Ajib téh cenah nolak kabiasaan siga kitu.
Hiji poé budak téh nguruncul jeung anak-pamajikanana. Ngadongéng wé eureun tina pagawéanana, saperti ngadongéng kamari tas lalajo film di bioskop.
”Janten PNS mah, Bah, langkung raos pangkat panghandapna,” pokna téh teu kireum-kireum. “Ti tengah ka luhur mah kedah kiat lelembutan.”
“Terus rék diparaban naon atuh budak jeung pamajikan?” pok téh rada teugeug bakat ku keuheul jeung handeueul.
“Tuangna mah angger wé sangu,” cenah bari ngahéhé seuri. “Anu kaerong ku abdi, hoyong ngembangkeun bisnis Abah waé,  nyaéta mijahkeun sareng ngagedékeun lélé. Ayeuna mah kawijakan pamaréntah langkung pro ka PNS, Bah. Swasta anu katalangsarana. Ari swasta anu gaduh modal, ah da gaduh modal ieuh. Anu karunya mah swasta anu usaha koréh-koréh cok. Inflasi ngagancangan, tapi pangasilan seuseut. Anu katingali katalangsara pisan meureun sakali-kalieun aya bantuan BLT atanapi kartu séhat. Tapi salain ti éta pikarunyaeun pisan da dunia usaha tiktik-brek.”
Kuring nangkeup incu anu kakara tilu taun pageuh pisan. Enya meureun si Ajib téh calakan leuwih ti anu dibayangkeun ku kuring. Da réa anu didongéngkeunna ka kuring henteu pati kaharti jeung asana téh pamohalan.
“Abdi mah ningali tanaga anu rongkah tina mekarkeun mijahkeun lélé katut ngagedékeunana,” pokna deui.
**

Hiji waktu ka bumi Kuwu Hurmat aya mobil lebet. Soréna aya jurungan, cenah Pa Kuwu Hurmat hayang pendak jeung kuring katut si Ajib. Mimitina mah kuring teu ngarti, naha si Ajib bet milu kaangkir. Basa tos pahareup-hareup, Pa Kuwu Hurmat mani nyidik-nyidik ka Ajib.
“Ieu budak anu mundur ti pagawéanana téh?” saurna.
Ajib balaham-béléhém. Kuring ngaenyakeun bari dina haté mah teu ngarti, geuning Pa Kuwu Hurmat uninga?
“Kadieu, Cu, Mama mani hayang nangkeup ti kamari kénéh,” saurna deui.
Ajib nyampeurkeun sanggeus ku kuring diunggeukan. Budak téh ditangkeup, diusapan tonggongna, didoa’an sirahna.
“Bener hidep, Cu, hirup mah tong loba kasieun. Loba kasieun anu matak kaduhung mah,” saurna deui bari carinakdak. “Didoakeun ku Mama, cing jadi jalma anu mangpaat.”
Kuring ukur hareugeueun. Teu pati ngarti naon anu kajadian. **


29 April / 6 Mei 2016    

TERBARU

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni