RONDA
Tribun Jabar 23-8-2015 MUAT 25-27 Agustus 2015
Turun ti imah téh tabuh 10 peuting.
Girimis ti soré mula nyésakeun tiris, matak horéam kaluar imah. Jempling.
Imah-imah anu paanggang mucicid katirisan. Pantesna téh keur ngagarojod di jero
simbut. Biasana lamun ngaronda téh turun ti imah tabuh 11-an. Tapi da ayeuna
mah di imah ogé euweuh pagawéan. Jikan keur teu bisa dikeukeupan. Mending
kaluar, néangan batur ngobrol.
Ronda téh kawajiban. Di lembur apan keur
rada harénghéng. Pak RT ngahaja ngadatangan unggal imah. “Ronda téh kudu
dihangkeutkeun deui! Sabab di kampung urang mimiti mindeng aya anu
kaleungitan,” saur Pa RT.
Ari kituna, geus dua minggu cul-cel anu
lapor kaleungitan. Bi Ikah hariweusweus, hayamna sakandang ledis. Mangkaning
jajangkar wungkul, sapuluh hulu cenah. Ku tukang karamba gé geus ditawar dua
lawéan. Ngan teu dibikeun, da Bi Ikah hayang tilu puluhan. Pa Yayat mah kebon huina
aya anu ngaranjah. “Moal mungkin lamun henteu mawa mobil. Kumaha ngakutna hui
sakitu lobana?” ceuk Pa Yayat. Mang Didin mah jet-pam paragi nyedot cai sumur
anu disimpen di tukangeun imahna aya anu ngabongkar.
Cohagna mah teu aman di lembur téh.
Bangsat geus wani ngagadabah barang anu katénjo-katalingakeun ku anu bogana.
Matak saréréa sapuk ngaronda.
Tapi dua poé sabada Pa RT ngahaja
ngadatangan warga, sapi Mang Asip aya anu ngagusur. Tabuh hiji peuting cenah
kajadianana. Éta ogé Mang Asip kagareuwahkeun, da nu ngagusur sapi téh kadéngé
blag-blug. Tapi barang ditéang ka kandang sapi geus suwung. Disusul ka jalan,
sapi keur ditaékeun kana mobil. Mobil alus, AVV cenah.
“Héy...! Sapi déwék éta tong digubug!”
ceuk Mang Asip bari ngalugas bedog. Tapi barang sidik ka bangsat, di hareupeun
mobil aya opatan narangtung. Nu tiluan nyekel bedog. Anu saurang mah nyekel
péstol.
“Maju saléngkah deui, ku aing didor!”
cek bangsat anu nyekel péstol. “Balik siah hayang salamet mah!”
Mang Asip ngajanteng. Henteu bisa
kukumaha. Daripada sapi leungit bari bobor karahayuan. Sanggeus mobil bangsat
ngabiur nembus poékna peuting, Mang Asip gancang nakol kohkol dititirkeun. Atuh
rabul ti saimah-imahna. Tapi bangsat geus teu kasusud tapak-tapakna acan.
**
Ngadurukan téh lain saukur tiris. Tapi
asa keueung sorangan di garduh ronda. Mangkaning malem jumaah kaliwon. Cenah,
jurig téh sok ariseng. Mindeng kacaritakeun jurig ngaheureuyan anu ngaronda.
Aya anu mirupa mojang lenjang bari geulis matak henteu éling anu leumpeuh yuni.
Nyi mojang téh hayang dianteur da kapeutingan. Ari pék geuning dianteurna téh
ka kuburan. Saleuheung kétang lamun sadar, katingali anu dituju téh kuburan.
Apan sok aya ogé anu henteu éling, ngarasa ka imah agréng, diaku ku nyi mojang
téh, terus ngobrol nepi ka subuh mah. Sadar sotéh isukna, nyampak saré di
tengah kuburan.
Bulu punduk téh ngadadak carengkat. Rada
tenang téh sanggeus inget, ieu mah apan lain carpon puriding-puringkak, naha
kudu sieun ku jurig sagala?
Jarum jam tangan geus ngarangkep ka
angka dua welas. Kamarana batur? Peuting ayeuna téh jadwal mah aya tujuhan. Pa
Wawan, Jang Heri, Kang Helmi, Kurdi, Aceng, Guru Jaya, jeung kuring. Biasana
mah ti tabuh sapuluhan ogé geus ngarumpul. Apan Kurdi jeung Acéng anu sok
nyampeur kuring ogé. Cenah, euweuh kuring mah asa henteu ramé ngaronda téh.
Teuing pedah kuring sok ngadongéng lamun euweuh piobroleun anu ahéng mah.
Teuing pedah kuring tara hararésé ngaluarkeun ududeun lamun ningali batur
ngajentul nganggur téh.
Trong-trong-trong...! Geus nakol kohkol
mah kuring nguriling. Lebah imah Jang Heri ngagorowok, “Cabbuuutt...!” Kitu
minangka nyampeur di lembur kuring mah. Duka naon hartina. Kuring sorangan ogé
sok ngagebeg lamun aya anu nyampeur kitu téh. Komo lamun anu nyalampeur sareuri.
Sok gagancangan kaluar, bisi disangka acan dicabut, hehehe.
Tapi ditungguan téh aya kana lima
menitna, Jang Héri euweuh kaluar. Kitu ogé basa nyampeur Kang Helmi, Pa Wawan,
Guru Jaya, Kurdi jeung Acéng. Kamarana ari batur? Leumpang deui wé muru garduh
ronda. Sigana mah geus ngarumpul di ditu.
Énya wé ti kajauhan katingali durukan
hareupeun garduh ngagedéan. Katingali aya anu keur ngariung. Tapi mani reuwas
barang geus sidik, geuning sakabéh anu ngaronda téh maraké teregos. Sarung
diteregoskeun. Hiji, dua, tilu, opat..., aya sapuluh urang. Anu duaan ngajaga
di hareupeun garduh. Anu dalapan urang keur baradami. Anu saurang curat-corét
dina bor jadwal ronda anu geus dipupus, meureun gegedugna. Saha maranéhna téh?
Boa-boa anu ngarencanakeun ngabangsat?
Hideng nyalingker ka tukangeun dapuran
cau. Tuur nyorodcod basa ningali anu keur jaga di hareupeun garduh nyabut
péstol ti jero bajuna. Péstol téh dielapan, dibuka eusi pélorna. Anu saurang
deui ngalugas bedog panjang. Seuseukeut bedog patinggurilap katojo cahaya
seuneu durukan. Geus dielapan mah bedog téh dibebeskeun deui kana sarangkana.
**
Kohkol dititirkeun teu eureun-eureun.
Maksud téh sangkan urang lembur kalaluar ti imahna. Jeung anu ngariung di
garduh ronda téh kalabur. Biasana bangsat mah ku sora kohkol dititirkeun
sarieuneun. Anu ngariung téh enya patingcuringhak ngadéngé sora kohkol, tapi
henteu kalabur.
“Tah, sora kohkol euy, poro...!” Anu
jaga di hareupeun garduh ngagorowok.
Anu séjénna, anu keur ngariung baradami,
ngarajleng kaluar ti garduh ronda. Bedog dilalugas. Kuring ningali ka
sakuriling. Euweuh saurang-urang acan urang lembur anu kaluar imah. Basa anu
ditareregos beuki ngadareukeutan bari ngamang-ngamang bedog, henteu mikir deui
kuring ngajleng kana rungkun eurih, terus lumpat notog-notogkeun manéh ka kebon
jagong.
“Kabur euy ka kebon jagong...! Hayu
urang asruk! Bawa Si Bopih sina nyusud!” Kadéngé sora ngagorowok, meureun
gegedugna.
Beungeut peurih kasipat daun jagong mah
henteu dirasa. Kuring terus lumpat. Jajantung ratug leuwih ti biasa. Komo
barang kadéngé sora anjing ngagogog ti kajauhan. Pantesna téh anjing pamoroan
keur mengpengan ngudag. Dituturkeun ku anu ngarudag bari marawa panakol jeung bedog.
Kapikir éta ogé, naha bet jadi kieu?
Apan kuring anu ngaronda téh. Kuduna mah maranéhna anu diobrot téh. Naha bet
tibalik? Kamarana ari ronda séjénna? Kamarana ari urang lembur? Tapi teu lila
mikir téh da anjing pamoroan kaburu nyusul. Kuring dirontok. Enya ogé
digiwarkeun, tapi anjing anu hiji deui ngagugunyeng jékét pageuh pisan.
Atahadol téh, dua geuning anjing téh.
Geumpeur mah puguh deui. Tapi enya ogé tagiwur,
pikiran téh rada ngemplong basa anjing anu dua téh bet ngagugunyeng kana saku
jékét. Inget wé apan kuring téh tadi ti imah ngabungkus kéré lélé. Poé minggu
kamari ngahaja marak jeung Jang Heri, hasilna rada mucekil. Maksud téh bari
ngaronda rék ngaliwet. Béas mah tadi ditunda di garduh. Ari bungkusan kéré
masih dina saku jékét.
Gancang bungkusan kéré téh dikodok,
belewer wé dialungkeun. Bener waé, anjing anu dua téh ngarontok kéré anu
dialungkeun. Dasar sato, enya ogé dilatih ku lebokeun mah éléh.
Berebet kuring lumpat deui. Geus jauh
mah térékél wé naék kana tangkal manggu.
“Terus obrot, euy! Tong nepi ka leupas!”
Sora anu ngaluluguan ngagareuwahkeun simpé peuting. Teu lila ti harita
patingberetek anu ngudag bari ngamang-ngamang bedog. Anu nungtun anjing
pandeurieunana. Siga anu dibebenyéng. Meureun anjingna masih hayangeun
ngalétakan kéré lauk.
Anu pandeuri pisan, sigana luluguna,
leumpang ngagedig. Bedog pasrén dijingjing ku leungeun kéncana. “Kudu
kapanggih, euy! Cacag wé sakalian!” gorowokna. Manéhna ngajanteng henteu jauh
ti tangkal manggu tempat kuring nyumput.
Atuh kuring beuki ngompod. Rénghap
ditahan. Lamun kuat mah sajam sakali ngarénghap téh. Naon atuh ari salah
kuring?
**
Janari leutik. Anu ngobrot masih
patinggorowok di kajauhan. Sora anjing sakapeung ramé patingjaregug, sigana
meunang careuh atawa lasun. Dasar anjing, dititah moro jelema gé angger wé
méngkol manggil boroeun anyar mah. Anu ngaluluguan masih ngajanteng henteu jauh
ti tangkal manggu anu dipaké nyumput ku kuring. Sakapeung manéhna ngagorowok méré
paréntah.
Lamun diantep mah kaburu beurang, sigana
cilaka. Kuring pasti kanyahoan. Duka kumaha nasib lamun seug kapanggih. Meureun
saukur memenitan umur téh. Terusna mah pada ngababuk, pada ngaradék. Boa
rangsak awak téh disasaak.
Keur bingung anu henteu manggih
tungtung, sieun anu matak hieum kana haté, sok aya waé nu ngaburinyay jadi cahaya.
Matakna putus harepan téh dipahing dina kaayaan kumaha waé ogé. Sakilat pikiran
téh bet inget kana dongéng ustad Wahyu. Dongéngna kieu: aya cai walungan anu
hayang meuntas sagara keusik. Tapi kakara nepi ka sisi sagara keusik téa, cai
sakitu ngagulidagna téh bet lir anu disedot ku amparan keusik. Kitu terus nepi
ka cai walungan téh putus harepan.
“Lamun manéh rido mah ngarobah wujud
sakeudeung, tangtu manéh bisa meuntas sagara keusik,” ceuk panonpoé. Cai walungan téh nurut. Manéhna terus jadi
haseup, ngebul, ngapung, katiup angin nepi ka meuntas sagara keusik. Geus
meuntas mah haseup téh ngumpul, piripis deui murag jadi girimis. Salamet cai
walungan téh bisa meuntas.
Inget kana dongéng éta, kuring ngudar
sarung, diteregoskeun, terus ngeteyep nyampeurkeun anu ngajanteng. Kuring kudu
rido nyamur jadi maranéhna heula. Lulugu anu diteregos téh ngalieuk. Haté
ratug. Sieun kapanggih modal.
“Bangsat naon saleresna manéhna téh,
Pa?” pok téh rada ngadégdég.
“Ah, bangsat sagala wé. Tapi goblogna
téh, henteu daék ngaku!”
Reuwas. Ngagebegna ogé sataker kebek.
“Ngalakukeun dosa sagala tah si
kasebelan téh! Tapi mumul tobat!”
Kahayang mah kuring ngudupruk. Leuleus
haté téh lir kapas kaibunan. Apal kuring téh saha ari lulugu anu diteregos téh.
Apal kana sorana, kana geter sorana, kana amarahna. Kuring amitan, api-api rék
nyusul deui anu diporo. Léngkah téh lalaunan, dipaksakeun, bakat ku leuleus.
Ti harita kuring apruk-aprukan. Ka ditu
ka dieu henteu puguh anu dijugjug henteu atra anu diseja. Tungtungna ngudupruk
dina tutunggul Indung. “Ema, kedah ka
mana abdi buron upami anu ngungudag diri sorangan? Hirup salawasna diudag-udag
mangréwu kahoncéwang....[1]”
***
Pamulihan, Februari 2015 / Agustus 2015
0 Response to "RONDA"
Posting Komentar