MANIK ANGKERAN


Mangle no 2518, 12-18 Maret 2015) 

Jaman baheula, di karajaan Daha, aya brahmana anu sakti mandraguna. Ngaranna Sidi Mantra. Lantaran taat kana tetekon agamana, Sanghyang Widi ngahadiahan harta banda jeung mojang geulis. Sanggeus mangtaun-taun laki-rabi, nya boga budak anu ngaranna Manik Angkeran.
Manik angkeran téh budak anu pinter, calakan, ogé gagah. Awakna bangbang, kéwés-pantes. Kasép. Hanjakalna, sanggeus rumaja Manik Angkeran kabawakeun ku sobat-sobatna, resep kana ngadu. Ngadu sintir, ngadu hayam, maén kartu; geus ngabaju.
Béak duit, béak banda, Manik Angkeran mimiti unjak-anjuk ka ditu ka dieu. Tungtungna raweuy hutang, diudag-udag anu nagih. Geus kitu mah Manik Angkeran balaka ka bapana.
“Ku Bapa ditulungan, tapi tong sakali-kali deui,” ceuk Sidi Mantra.
“Nuhun Bapa, nuhun,” témbal Manik Angkeran bari ngarawu leungeun bapana. “Putra moal sakali-kali deui.”
Sidi Mantra terus menekung ka Hyang Agung, mujasmédi bari puasa. Nya aya piunjuk ka lebet manahna. “Di kawah gunung Agung aya harta karun anu dijaga ku naga. Pénta wé ka Naga Besukih saeutik, mo burung dibéré,” ceuk anu ngaharéwos bari henteu katingali téh.
Isukna Sidi Mantra miang ka gunung Agung. Sagala halangan-rintangan sanggup diperuhkeun ku kasaktianana. Anjog ka sisi kawah, uluk salam ka Naga Besukih bari nakol loncéng. Terusna mah Sidi Mantra ngabalakakeun pamaksudanana.
“Ku kaula dibéré salembar sisit, muga anak anjeun eureun tina uda-aduna,” ceuk Naga Besukih. Sisitna terus molonyon salambar. Salambar emas murni anu hargana mahal kacida. Di handapeun sisit aya berlian anu patinggurilap. Sanggeus nganuhunkeun mah Sidi Mantra gura-giru balik.
Manik Angkeran kacida atohna. Salambar emas tina sisit naga téh salain cukup mayar hutang-hutangna, ogé masih nyésa loba. Lantaran idek liher waé di témpat ngadu, ogé sobat-sobatna tukang ngadu, nya Manik Angkeran nyobaan deui. Hartana béak deui. Terus unjak-anjuk deui. Sanggeus hutang ka ditu ka dieu manéhna kakara reuwas. Tungtungna mah bébéja ka bapana.
“Bapa moal nulungan anu kadua kalina,” ceuk Sidi Mantra. “Da éta mah salah manéh, bet henteu pengkuh, éléh ku panggoda euwah-euwah.”
Manik Angkeran mangwajarkeun kana panolak bapana. Tapi manéhna kungsi ngadangu yén harta karun anu dipénta ku bapana téh aya di kawah gunung Agung. Isukna, sanggeus maok loncéng bapana, ber Manik Angkeran ka gunung Agung.
Manik Angkeran téh enya pinter jeung calakan. Tapi apan sagala élmu panemu ti bapana henteu hatam diulik. Sakabéh élmu bapana saukur taram-taram. Enya ogé kitu, ari nyanghareupan halangan-rintangan kayaning rampog kampung jeung rembetna tatangkalan mah, manéhna masih sanggup.
Sanggeus nepi ka sisi kawah Manik Angkeran sila. Loncéng téh ditakol, sorana ngoncrang, ngaweuhan ka sakuriling kawah. Ti hiji guha ngahéos angin, lol  téh naga anu gedéna lima kalieun tangkal kalapa. Manik Angkeran tangtu waé ngagebeg ningali Naga Besukih.
“Aya perlu naon anjeun ka dieu?” ceuk Naga Besukih, sorana handaruan, matak keueung.
“Kaula téh Manik Angkeran, putrana Sidi Mantra.” Manik Angkeran balaka. “Kaula téh bet kalalanjoan ku ngadu. Tulungan kaula, sakali deui waé. Kaula téh perlu keur naur hutang.”
Henteu loba mikir Naga Besukih téh. Paménta Manik Angkeran dicumponan. “Asal anjeun eureun tina uda-aduna,” ceuk Naga Besukih. Manik Angkeran satuju.
Basa salambar sisit Naga Besukih molonyon, Manik Angkeran hookeun ningali berlian patinggurilap. Sanggeus méré salambar sisitna anu mangrupa emas murni, Naga Besukih asup deui ka guhana. Tah, harita, basa Naga Besukih malik, euwah-euwah nyusup deui kana haté Manik Angkeran. Manéhna hayang ngapimilik berlian anu patinggurilap di handapeun sisit Naga Besukih.
Basa Naga Besukih ngaléor ka guha, buntutna disabet ku Manik Angkeran. Tangtu waé Naga Besukih reuwas. Getih ulawéran tina buntutna. Manik Angkeran diobrot. Tapi enya ogé Manik Angkeran henteu hatam ngalap élmu bapana, ari sakadar kabur tina udagan Naga Besukih mah manéhna sanggup.
Ari Naga Besukih lain saukur naga biasa. Manéhna kaleungitan udaganana. Tapi basa nimu tapak Manik Angkeran, éta tapak téh dilétak. Harita kénéh Manik Angkeran anu keur ngabelesat kabur ngudupruk taya tangan pangawasa. Terusna mah nyawa Manik Angkeran henteu bisa ditulungan deui.
Sidi Mantra tangtu waé sedih ngadangu béja budak hiji-hijina paragat nyawa. Manéhna ngadatangan Naga Besukih. Sidi Mantra ngahelas melas-melis sangkan anakna dihirupkeun deui.
“Bisa dihirupkeun deui da acan waktuna,” ceuk Naga Besukih. “Tapi ieu buntut kaula pangnyageurkeun.”
Sidi Mantra ngawatek sakabéh élmu-panemu, jangjawokan, jeung pangabisana. Enya wé buntut Naga Besukih téh nyambung deui. Atuh imbalanana, Manik Angkeran ogé dihirupkeun deui ku Naga Besukih.
Manik Angkeran sungkem kana lahunan bapana. Pok deui manéhna ménta dihampura ka bapa jeung Naga Besukih.
“Dihampura manéh ku Bapa,” ceuk Sidi Mantra. “Tapi urang henteu bisa reureujeungan deui. Sok anjeun ngamimitian deui hieup. Di ditu, di tempat anu misah.”
Tina iteuk anu dicabut ku Sidi Mantra ngaburial cai, beuki lila beuki gedé. Terusna cai anu ngaburial téh jadi walungan, terus ngahiji jeung laut. Jadi selat anu misahkeun Sidi Mantra jeung Manik Angkeran, misahkeun pulo Bali jeung Jawa. Ayeuna éta selat téh katelahna Selat Bali. ***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MANIK ANGKERAN"

Posting Komentar