KEMBANG

Kembang eros mah mangkakna teh ti ngawitan carangcang tihang, ngabageakeun ka nu ngambah kahirupan. Ari kembang sedep malem mah nyambuangkeun seungitna sabada reupreupan. Tarate mah geuning mangkak endah teh tengah wengi ngarencangan bulan purnama. Cenah, iraha oge waktosna, kahirupan mah endah sareng seungit, sapertos kekembangan. Ari urang, enya urang, iraha bade mangkak sareng nyambuangkeun seungit?

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KEMBANG"

Posting Komentar