KEMBANG HUI
Mangle, no 2461, 30 Januari – 5 Februari 2014
Tempat paling kawentar di
kampung kuring nyaéta Tanjakan Panjang. Jalan sapanjang ampir sakilo meter téh
netek, henteu diselang ku datar saeutik ogé. Tong boro anu badarat, dalah rombongan
sepéda-gunung anu biasana Sabtu-Minggu ngajajal kamampuhna, tara aya anu kuat
bangblas. Pasti waé diselang ku reureuh sababaraha menit mah. Maranéhna murak
bebekelanana, atawa sakadar nginum ngaleungitkeun hanaang jeung rénghap anu
ngahégak.
Reureuh di Tanjakan Panjang saenyana
genah. Tanjakan Panjang kaasup lébar keur ukuran jalan kampung, ampir opat
méter. Tilu taun kaliwat, basa harénghéng pemilihan bupati, sapanjang Tanjakan
Panjang diaspal. Sisi belah katuhu diwatesan ku tatangkalan garedé. Dapuran
awi, séngon, surian, alpuket, di punclutna aya tangkal bungur nu ngarunggunuk
ngabedega lir danawa. Urang kampung di sabudeureun Tanjakan Panjang nyieun
bangku-bangku pangreureuhan tina awi. Sisi belah kénca mah pakebonan. Hui jeung
sampeu ditumpangsarikeun. Di kampung kuring hui taya usumna, da unggal waktu
pakebonan téh dipelak hui. Enya ogé halodo entak-entakan, hih da kajeun masang
paralon ti sirah cai di gunung.
Kampung kuring, Ciwening, aya
di tutugan gunung Bésér. Hujan ampir turun unggal waktu. Enya ogé halodo
entak-entakan, sababaraha poé mah sok aya girimis. Lantaran kitu meureun
Ciwening téh karasana jadi kampung anu ngungun. Isuk-isuk pepedut nyaput
pakebonan, nyéos panonpoé anu kakara karasa haneut dina kulit karijut
katirisan. Pasosoré panonpoé gancang surup sanggeus tunggang gunung. Enya,
lamun girimis mépés poé, rasa ngungun téh lir anu némpél dina pameunteu
Ciwening.
Ah, meureun saukur pangrasa
kuring wungkul. Rarasaan kuring basa
hiji isuk ngaliwat ka Tanjakan Panjang, dianteur bapa. Kuring ngagandong
rangsel jeung ngajingjing kantong plastik, bapa munglu karung eusi hui. Bapa
nganteur kuring ka sisi jalan raya, megat mobil anu ka stasion karéta api,
karéta api anu bakal mawa kuring ka Bandung.
Di tempat pangreureureuhan
kuring eureun. Lain, lain capé, da biasana ogé ari turun mah tara reureuh. Tapi
lantaran patani geus nyarampak di pakebonan. Puguh areuy hui geus waktuna
dibalikeun. Kembang hui cul-cel warna wungu, matak waas. Barudak satepak
lalumpatan basa nempo kuring.
“Téh Nining, badé ka mana, Téh?”
cenah rada cadél, pating gorowok. “Ilaha uihna? Nyandak oleh-oleh, nya? Buku
dongéng deui nya, dongéng anu lamé.”
Kuring unggeuk. Barudak téh
nyalampeurkeun, harayang ditangkeup kabéh.
“Mugia hasil, Néng. Ibi mah mung
tiasa ngadoa,” ceuk Bi Inem ngawakilan anu séjén. Bi Karti, Ceu Mumun, Kang
Rukman, Mang Êma, unggeuk basa kuring sasalaman amitan. Saréréa ogé ngabaretem,
siga anu bareurat ngomong. Sarua jeung kuring. Lamun pok téh sieun lain girimis
anu turun, tapi cimata anu henteu katahan.
Harita kuring ninggalkeun
Ciwening anu haleungheum, sahaleungheum haté kuring. Ngan kembang hui, kembang
hui warna wungu, anu cul-cel salega pakebonan, anu ngabeberah haté. Enya, hégar
téh, sumanget téh, éndah téh, masih aya, narémpél dina kembang hui.
***
Tutugan gunung Bésér lir anu
disupata ku alam anu éndah. Sirah cai patingburial di ditu di dieu. Pancuran
cur-cor, caina ngagenclang hérang. Ngaran gunung Bésér ogé apan lantaran éta.
Hawana seger. Alam éndah matak betah anu natamu.
Keur leutik kuring ngarasa
alam éndah téh berekah. Ulin di Ciwening asa taya bosenna. Moro manuk puyuh,
sosorodotan maké upih jambé, papanganténan anu panganténna dirias untunan
kembang hui jeung kembang jukut, ngojay di wahangan anu enya ogé leutik caina
hérang ngagenclang, nguseup beunteur atawa nyair hurang, jeung loba deui
kaulinan séjénna.
Tapi sabada sakola di kota,
salila genep taun, SMP nepi ka SMK, kuring ngarasa éndah jeung suburna gunung
Bésér téh supata. Kebon hui, sampeu, jukut gagajahan, enya masih lega. Tapi
rarasaan téh suku henteu bébas ngaléngkah, henteu sabébas keur budak. Ka ditu
ka dieu asa mingkin loba tanah-tanah anu dipatok, dipager kawat atawa ditémbok.
Tanah-tanah éta téh geus dibeuli ku urang kota ti Jakarta, Bandung, atawa kota
séjénna. Tanah anu baheula mah hargana ngan tilu ratus rébu sabata, dina waktu
genep taun jadi dua juta sabata.
Loba patani anu tadina
pepelakan di tanah sorangan, terusna mah jadi purah melak wungkul. Duit ladang
jujualanana dipaké ngongkosan budak-incu gawé ka kota atawa ka mancanagara. Ku
urang kota, tanah anu geus dibeuli téa aya anu dijieun tempat wisata; penginapan,
outbond, playing fox, kolam renang, pemancingan. Tanah anu aya sirah cai gedé
dijieun perusahaan air-mineral.
Sababaraha urang lembur
jaradi pagawé di tempat wisata jeung perusahaan air-mineral téa, pangpangna
barudak. Tapi karéréanana mah, sanggeus lulus SD téh, barudak terus ka kebon
ngabantuan kolot-kolotna. Bosen pepelakan, terus naréang gawé ka kota atawa ka
mancanagara. Keur ongkos ka kota jeung ka mancanagara éta lolobana tanah
dijual.
Kuring budak Ciwening anu
kamilikan sakola nepi ka SMK. Ceuk kuring, supata téh mimitina tina kabodoan.
Matakna sanggeus mulang deui ka Ciwening, kuring ngadegkeun sakola Taman
Kanak-Kanak, ngajar maca-nulis patani anu buta huruf, ngumpulkeun ibu-ibu pikeun
diajar nyieun kiripik, keremes, dodol, jeung ngawadahanana anu leuwih beresih
jeung rapih, pikeun ngamangpaatkeun sésa kebon anu salila ieu loba kapiceun. Kuring
biasa lar-sup ka kantor désa, instansi pamaréntah di kabupatén, kantor LSM,
atawa ngamangpaatkeun rombongan mahasiswa anu keur kerja lapangan.
Tangtu waé kuring henteu
sosoranganan. Babaturan di Ciwening, pangpangna anu kamilikan sakola rada
luhur, ngarojong kana gawé kuring. Utamana mah pangrojong ti Kang Dadang, ketua
Karang Taruna, anu kamilikan sakola bisa nepi ka perguruan tinggi, anu ti keur
kuring di SMK kénéh jadi bébéné haté pangbeberah manah. Kang Dadang téh putrana
kepala désa manten. Kebonna lega, sawahna lega, balongna réa, pabrik héler waé
di sababaraha tempat. Rarasaan mah asa henteu kungsi capé matéakeun pangabisa
ngabantu urang Ciwening sangkan hirupna leuwih hurip. Resep jeung bagja waé anu
aya. Komo basa hiji peuting, bada Magrib, kulawarga Kang Dadang namu ka imah,
ngalamar kuring. Bapa, ema, amang, uwa, dulur-dulur anu séjén jeung tatangga
mani nararangkeup ka kuring, ngilu bagja jeung gumbira.
Tapi acan ogé sabulan sabada
ngalamar, kulawargana Kang Dadang ngutus tatanggana pikeun ngabolaykeun
tunangan. Apa, ema, amang, uwa, dulur-dulur anu séjén jeung tatangga anu geus
tatahar pikeun hajat, tangtu waé hanjelu. Komo kuring anu boga lalakonna.
Utusan kulawarga Kang Dadang henteu ngadadarkeun naon alesanana bet mutuskeun
tunangan. Dua minggu ti harita Kang Dadang diwisuda, saminggu tas diwisuda aya
béja Kang Dadang tunangan jeung budak pengusaha air mineral. Cenah ceuk gosip,
kolotna Kang Dadang ka saha ka saha nyarita; kitu pantesna, anu beunghar mah
ngajodona kudu ka anu beunghar deui. Sedeng kuring apan sakieu kaayaanana,
sakola nepi ka SMK ogé maksakeun bakat ku hayang. Cenah ogé, bulan hareup
pengusaha air mineral téh rék hajat gegedéan, tatanggapanna ogé sagala aya,
ngawinkeun budakna ka Kang Dadang.
Kitu mimitina, nepi ka hiji peuting kuring
nyuuh dina lahunan ema, bari pok nepikeun niat anu henteu kabayangkeun saméméhna.
“Nining hoyong daptar TKI, Ma, ka luar negri. Sapertos Téh Isoh, Téh Marni, Téh
Dédéh, Kang Darman,” ceuk kuring. Ema, ogé Apa anu calik henteu tebih, neuteup
kuring mani anteb. Ema ngarawu kuring, nangkeup, ngusapan rambut. Isukna,
sabada solat Subuh, Apa nyaur. “Minggu kamari saenyana aya anu nawar tanah
urang anu di sisi Tanjakan Panjang, lima puluh juta. Sigana lamun Apa ménta
ditambahan lima juta deui ogé masih wanieun,” saur Apa.
Kuring tungkul. Tanah tilu
puluh bata téh hiji-hijina kagungan Apa.
***
Daptar jadi TKI pikeun gawé
di luar negri nyatana henteu sagampang anu dibayangkeun. Aya daptar tunggu,
latihan itu latihan ieu, kursus basa, jeung réa deui. Pikeun kuring anu
pikiranana keur baluweng, tangtu waé matak beurat. Da kahayang mah harita kénéh
ngabelenyeng ka luar negri. Ka mana waé berangkatna mah. Amerika, Arab Saudi,
Malaysia, Koréa, Jepang, atawa nagara mana waé ogé henteu masalah.
Waktu téh asa ngarayap.
Latihan, kursus, daptar tunggu, asa jadi panghalang. Nyatana kahéséan éta ogé
anu nyalametkeun kuring. Salila di Bandung kuring nganjrek di bumina Bi Karsih,
adi Apa anu tos welasan taun ngumbara di Bandung. Anu disebut bumi téh wangunan
opat ka opat métér, patétéép di gang leutik di Cicadas. Mangkaning Bi Karsih
sareng Mang Asip gaduh putra tilu. Atuh waktuna saré, barudak ngagalolér di
tengah imah, di hareupeun télévisi 14 inc.
Lantaran kesel nungguan
kursus jeung daptar tunggu téa di agén tenaga kerja, kuring unggeuk basa
ditawaran gawé ngajaga warnét. Tangtu waé bari nungguan langganan warnét loba
hal anyar anu bisa diulik, pangpangna ngeunaan dunya internét. Gaul dina
facebook, tweeter, diajar ngarancang jeung ngeusian blog, surfing ka wéb-wéb anu
mingkin matak pikatajieun, geuning dunya téh lega, leggaaa... pisan. Kuring
ngobrol jeung urang Malaysia, Singapura, Jepang, Eropa, Timut Tengah, bari
ngalalancar basa Inggris jeung basa Arab anu dikursuskeun. Teu karasa ampir
sataun kuring nungguan daptar tunggu bari gawé di warnét téh. Tah harita,
sabada ngobrol jeung urang Jepang, ideu téh ngaliwat dina pikiran terus
digedékeun haté. Ideu téh ngaganggu waktu saré kuring da jadi mindeng nyileuk.
Nepi ka hiji poé mah, sabada solat Magrib, pok wé dibéjakeun ka Bi Karsih
sareng Mang Asip.
“Bi, Mang, Nining badé uih
enjing,” ceuk kuring. Bi Karsih katingali kerung. “Sapertosna mah moal cios
janten TKI ka Arabsaudi téh. Nining badé di Ciwening waé, ngokolakeun usaha di
Ciwening. Nuhun kana sadaya kasaéan Ibi sareng Emang.”
Mimitina Bi Karsih sareng Mang
Asip seueur naros. Tapi sabada diterangkeun yén kuring aya karep pikeun ngokolakeun
poténsi Ciwening jeung kampung di sabudeureunana dina pertanian, pangpangna
hui, aranjeunna ngarojong. “Hui ti lembur urang téh bénten sareng hui anu
dipelak di mana waé ogé. Urang Jepang, Malaysia, Singapura, anu kantos ngaraosan
hui Ciwening di Bali, maranéhna deudeuieun. Maranéhna ka abdi nyungkeun
dikintun conto, upami nyugemakeun pastina ogé malésér. Nining téh hoyong ngical
poténsi urang sapertos hui téa, sanés harga diri urang.”
“Ibi jeung Emang ogé saenyana
mah geus lila hayang mulang, Ning. Geuning gawé belasan taun di kota ogé
hasilna mah ngan bisa ngontrak imah sagedé kieu,” saur Bi Karsih. “Ibi mah teu
ngarti naon anu ku Nining diucapkeun, tapi Ibi ngadoa mugia anu ku Nining
dicita-citakeun singtinekanan.”
Peutingna kuring teu saré
sakerejep ogé. Anu kabayangkeun téh upluk-aplakna kebon hui, kembangna anu
cul-cel warna wungu disaput pepedut warna bodas anu beuki ngipisan. Panonpoé
henteu saukur nyorotkeun haneut, tapi ogé patinggurilapna ciibun basa katebak
angin ngahiliwir. Isuk-isuk di Ciwening aya ku éndah.
Kakara ayeuna kasawang,
horéng Ciwening téh nyimpen poténsi anu tanpa watesan. Hui anu upama diopen
ngaluarkeun peueut (apan disebutna ogé ‘si madu’ hui ti Ciwening mah), kawentar
henteu waé di kota-kota di Indonesia, urang mancanagara ogé henteu saeutik anu
kataji sabada ngasaan di Bali atawa Batam. Cenah, hui anu rasana amis legit
siga hui Ciwening henteu bisa dihasilkeun di nagara mana waé ogé. Urang Jepang
kungsi datang ka Ciwening, mawa binihna, nalungtik taneuhna, caina, tapi sabada
dipelak di nagarana mah hasilna tetep béda, henteu saamis jeung salegit anu
dipelak di Ciwening.
Dua puluh taun jadi urang
Ciwening, kakara ayeuna ningali poténsi hui pikeun asup ka pasar internasional.
Komo upama pasar apaleun, urang Ciwening mah leuwih percaya kana gemuk kompos
jieunan sorangan daripada gemuk kimia ti pabrik. Komo upama pasar apaleun,
kadaharan saperti kiripik, keremes, dodol, ngan saeutik ngagunakeun bahan gula
jeung bungbu, lantaran huina ogé rasana amis.
Apa, Ema, dulur-dulur anu
séjén katut tatangga, ngabagéakeun basa
kuring datang. Sanggeus tatamu marulang, Apa neuteup kuring. “Iraha Apa kudu
ngaleupaskeun kebon téa?” saurna halon, siga anu beurat ngucapkeunana. Ku
kuring dirawu pananganana.
“Henteu nanaon, da geus
sakuduna kitu,” saur Apa deui bari ngusapan rambut kuring. “Geus waktuna Nining
mandiri, mikirkeun keur diri sorangan. Salila sataun ogé ditinggalkeun, ku Apa
mah karasana Ciwening téh kaleungitan Nining. Itu ieu pada nanya, cenah pada
kangen ka Nining. Tapi henteu nanaon, da geus kitu kuduna, kitu kodrat alamna.”
“Nining moal ka manana, Pa,
moal ngantunkeun Ciwening. Cita-cita Nining mah ngokolakeun Ciwening,
ngokolakeun poténsina, tangtos waé sareng sadayana urang Ciwening. Nining mah ngan peryogi
komputer pikeun modalna.”
Ema nangkeup, nyeungceurikan
kuring. “Moal cios ka Arab téh, Bageur?” saur Ema bari rambisak. “Ema ogé teu
rido saenyana.”
“Ka Arab mah kedah atuh, Ma.
Ema sareng Apa ogé kedah ka Arab, engké ari munggal haji. Atuh ka nagara anu
sanésna, Nining ngajam hiji waktos mah bakal ka ditu. Tapi sanés jadi babu,
jadi pembantu rumah tangga. Nining mah ka mancanagara téh salaku pedagang,
atawa nganteur adi-adi ti Ciwening anu sarakola di ditu.”
Ema imut. Cai wening maseuhan
pipina.
“Ema mah teu ngarti naon anu
diucapkeun Nining. Tapi Ema ningali anu éndah dina pameunteu jeung soca anjeun,
Bageur.”
****
Tanjungsari, 28 Desember
2013
0 Response to "KEMBANG HUI"
Posting Komentar