DONGENG MAUNG JEUNG SUMUR KARAMAT
Mangle, no 2450, 14-20 Nopember 2013
Ingin membaca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik saja DI SINI
Anjog ka anu dituju kira wanci tunggang
gunung. Soré aya ku éndah. Panonpoé sumorot norobos dangdaunan. Cahayana
saperti kaén kasumba ngajajar niruk lemah. Cahaya anu narémpél dina dangdaunan
patinggurilap diulinkeun angin.
Ieu meureun tempat anu disebut-sebut
dina pantun didengéng-dengéng dina dongéng téh. Tempat karamat. Tempat anu
mangtaun-taun, meureun geus ratusan taun, disusud ka gunung-gunung diaprak ka
unggal madhab. Tempat anu salawasna aya dina tungtung suku jeung pikiran kaula.
Apan hirup kaula mah tugasna ngan néangan ieu tempat. Tempat karamat anu acan
kungsi aya anu nimukeun. Tegesna mah meureun, acan kungsi aya anu ngabéwarakeun
kakaramatan ieu tempat kalayan tepat ka balaréa. Lantaran unggal anu nimukeun
ieu tempat, saterusna mah sasab di jerona.
Kereteg haté bet cumantél ka dieu basa
uprak-apruk nété akar ngeumbing jangkar ka leuweung geledegan ieu. Duka
sabaraha poé, bulan, boa mangtaun-taun, uprak-aprak ngubek leuweung. Tungtungna
kereteg haté téh bet ngemplong, tenang, ambekan ogé hararampang, basa hiji soré
anjog ka tempat ieu.
Henteu lega saenyana tempatna mah. Henteu
aya tanda-tanda husus. Para kasepuhan anu kungsi ngadongéngkeun henteu
nétélakeun ciri-cirina. Anéh, kaula ogé bet henteu hayang nanyakeunana. Pikiran
bet yakin, ciri-ciri téh henteu perlu ditatanyakeun.
Da geuning saenyana, barang anjog mah ka
tempat ieu, haté langsung ngarasakeun. Tenang jeung hararampang basa dampal
suku mimiti ngaliwat tangkal kamper anu ngajajar lir gapura. Hawa aya ku seger,
sumarambah kana urat-urat panglembutna dina sakujur awak, terus ngamalir nepi
kana tungtung rambut jeung dampal suku. Capé anu mangtaun-taun narapel siga
daki lir anu muluduh sapada harita.
Tempat karamat téh legana mah ngan
saukuran dua kali lapang badminton. Tatangkalan sagedé beuteung munding
ngajajar lir soldadu anu ngabaris. Akar ngagarantung sagedé-gedé pigeulang
leungeun. Dangdaunan saperti payung anu dianyam tina dahan-dahan
sabudeureunana. Di handap, amparan jukut aya ku rapih, héjo seger, jangkungna
rata lir buludru. Haté bet teu hayang tumanya, saha anu ngaraksa-ngariksa
tempat ieu? Da saperti ka tempat-tempat karamat lainna, alam ogé ngarumat
mariksa.
Diuk téh di juru, handapeun tangkal loa
sagedé beuteung gajah. Tungkul. Reureuh sakedapan. Tapi geuning haté bet jadi
rus-ras, ngarakacak henteu puguh ku naon sababna. Reureuh ogé rarasaan téh jadi
henteu perlu. Lalampahan mangtaun-taun téh henteu karasa capéna. Anu puguh mah
awak seger lir dimandian ku cai wening ti saréwu cinyusu. Ngan haté bet rus-ras
henteu puguh rarasaan.
“Di tengah tempat karamat téh, aya hiji
sumur, sumur anu geus lukutan bakat ku kakolotanana,” ceuk saurang kasepuhan di
hiji kabuyutan. “Tah éta sumur karamat téh, sumur anu jadi panto ka dunya anu
anyar.”
**
Sumur karamat téh aya di tengah amparan buludru jukut. Sisi-sisina
diwatesan ku taneuh porang anu warnana héjo poék kapulas lukut. Warna kolot
semu baseuh anu sanggup ngeleterkeun ieu haté. Tatangkalan anu rapet
ngawatesan, akar anu ngagarantung, kakara karasa lir anu nyidem simpé. Meureun
geus mangabad-abad maranéhna layeut jeung simpé. Boa simpé téh maranéhna téa.
Panonpoé duka iraha nyabutan cahayana, da sadar-sadar hieum nuruban ieu tempat.
Sajongjonan kaula teu ngiceup neuteup
sumur. Sumur anu duka iraha mimiti kanyahoanana. Da tadi mah basa anjog, basa
sup ka ieu tempat, sumur téh acan aya, henteu katangen. Boa sumur téh ayana
lain di dunya nyata, dunya sapopoé kaula. Lamun kitu pantes loba anu
upruk-aprak nyusud sumur karamat ieu kalah sasab ka sumur-sumur anu dijagaan
jampé pamaké jurig nyiliwuri.
Jajantung mimiti ratug. Tapi ieu awak
hideng nangtung, suku hideng ngaléngkah. Cai sumur aya ku wening. Lir eunteung.
Henteu endag saeutik-eutik acan. Aya ku éndah ngeunteung di dieu. Kaéndahan anu
terus sumarambah kana sakujur awak. Rus-ras ka mana boa. Rus-ras ka lalampahan
anu kaliwat. Bet gumeter ieu haté, nyalangkrung cisoca tunggara. Apan saenyana,
sapanjang hirupna, jalma mah guguyangan dina lautan kasedih.
Ti jero cai sumur téh aya anu mucunghul.
Ampir tijengkang kaula ningalina. Maung lodaya tanggah bari neuteup seukeut
niruk jajantung. Muriding sabulu-bulu. Tapi lain muriding ku sieun. Da haté mah
yakin, maung anu ngagerem némbongkeun sihung jeung simana téh, henteu
pikasieuneun. Boa maung sagedé anak sapi téh ngajak cacarita.
Maung téh ngalanggéor ka jero sumur.
Sadetik sanggeus maung ngaleungit, patingpucunghul sasatoan lainna. Kelenci,
gajah, bagong, kijang, oray sanca, banténg, jerapah, sabangsaning manuk,
monyét, kuda, jeung sato séjénna. Maranéhna ngabaris lir anu keur karnaval,
taranggah ka kaula, gugupay ku sabeulah sukuna.
Sugema ieu haté ningalina. Sugema
nyaksian karnaval anéh anu boa moal kungsi aya di mana waé ogé. Biwir hideng
imut. Tapi teu sabaraha lila kaula ampir tijengkang kadua kalina. Sora maung
ngagerem ngenagkeun tembok sumur. Sasatoan anu keur karnaval téh paburencay
bari patingjarerit. Maung mucunghul deui. Enya, ayeuna mah teuteup jeung
geremna méotkeun haté. Maung téh lir anu kalimpudan amarah. Sabulu-bulu cararengkat.
Suku nyorodcod. Jajantung ratug leuwih ti anu tadi. Kumaha lamun maung téh
ngagajleng ka dieu, mangkaning ti tadi meusmeus tanggah meusmeus tanggah siga
anu ngintip jeung ngira-ngira jangkungna sumur.
“Aing enya maung anu amarah!” Si maung
tutunjuk ku kukuna. Suku kaula hideng mundur saléngkah.
“Aing saksina yen jelema mawa
musibah...!” ceuk maung deui.
Dina eunteung cai sumur patingpucunghul
maung séjénna, puluhan atawa ratusan meureun jumlahna. Maranéhna arulin, ocon,
moro sato mangsana. Teu lila datang rombongan manusa manggul bedil jeung
tombak.
“Manusa nombak jeung némbakan kolot
aing, dulur-dulur aing, sobat-sobat aing!” ceuk maung téh. “Keur aing
saparakanca, moro téh jalan hirup. Aing saparakanca ngarogahala keur dahar.
Tapi manusa henteu! Maranéhna mergasa, nyiksa, lantaran sanggup. Loba dulur
aing dipaéhan, disisit diarah kulit, awak sabeuleugeunjeurna mah cul waé di
tengah leuweung. Manusa ngarogahala keur némbongkeun kamampuhna.”
Si maung téh neuteup seukeut ka kaula.
Neuteup anu ceuceub, pinuh amarah. Tuur leuleus sapada harita.
“Ti harita, aing téh amarah, dengdam.
Dipergasa saha waé anu kapanggih!”
Dina eunteung cai sumur patingpucunghul
deui sasatoan anu lalumpatan ka ditu ka dieu, bari patingjarerit,
patinglalengis, patingkocéak. Maung téh ngagerem, ngudag, nekuk, ngerekeb, saha
waé anu deukeut jeung manéhna. Saurang jalma ngababatang bari tina tikorona
ulawéran getih tapak sihung maung. Kuda anu adug-adugan terusna mah ngudupruk
sabada beuheungna dikokos maung. Puluhan sato séjénna paéh sabada ditekuk
maung. Unggal poé kajadian siga kitu lumangsung. Unggal waktu hirup
diintip-intip ku pati.
Terus mucunghul gajah anu tulaléna
nununjuk ka kaula. Pok téh gajah nerangkeun, “Lantaran saha waé ogé henteu aya
anu sanggup ngeureunkeun talajak maung, nya sakabéh sato di ieu leuweung
karumpul bari terus mupakat. Maranéhna bakal séba hiji nyawa unggal poé asal
maung henteu ngamuk. Maung satuju. Unggal poé, enya ogé henteu lapar, maung
bisa ngamalirkeun dengdamna. Sato anu henteu kapilih jadi séba bisa ngarénghap
enya ogé ukur sapoéeun.”
Terus mucunghul kelenci bari pok
nerangkeun, “Nepi ka hiji poé séba téh nunjuk ka uing. Tangtu waé uing
geumpeur, sieun, sedih. Saha anu henteu ngarakacak basa nyaho umur ukur
sababaraha rénghapan deui?”
Kelenci téh ngambekan rada lila. Pokna,
“Pitulung Alloh téh datang basa léngkah geumpeur sapanjang jalan ka sayang
maung, uing manggihan hiji sumur. Uing ngeunteung salila-lila. Cipanon murubut
teu kaampeuh. Tapi sanggeus ngeunteung mah haté téh jadi tenang. Ceuk haté,
maung téh maéhan lain keur baranghakan, atuh lamun kitu mah maung téh sato
pikarunyaeun anu katideresa, enya katideresa ku amarahna, ku napsuna. Rarasaan
uing harita, ieu sumur téh jadi panto unggal batin anu katideresa.”
Kelenci neruskeun léngkahna, séba diri,
nepungan maung. Saacan maung ngarogahala dirina, kelenci téh miheulaan nyarita.
“Hampura juragan maung, uing datang
telat,” ceuk kelenci.
Maung ngagerem ambek. “Enya, naha sia
datang telat? Ampir waé aing ngamuk deui!”
“Kieu dongéngna anu matak uing telat
téh. Da puguh awak téh ngan sagedé kieu, bisi juragan maung henteu seubeuh
ngahakan uing, nya uing téh datang duaan jeung adi uing. Tapi di satengahing
jalan kami dipegat. Adi uing jadi korban.”
“Dicegat saha? Saha anu wani-wani maok
séba keur aing?”
“Bangsat anu megat téh nyaéta... hiji
maung anu gagah perkosa saperti anjeun.”
Maung anu sakujur awak jeung jiwana geus
kalimpudan ku amarah jeung dengdam téh henteu kungsi mikir deui. Sanggeus
ngadéngé carita kelenci samodél kitu, maung ngagerem, cakarna nguwak-ngawik
tatangkalan anu aya di sakurilingna. Manéhna kahina. Bener-bener kahina! Kelenci
mundur sababaraha léngkah, jajantungna beuki ratug. Tapi manéhna yakin, nasibna
ngan ditangtayungan ku pikiran jeung haté anu tenang.
“Maung bangsat téh nekuk adi uing, terus
digusur ka jero sumur....”
“Tunjukeun di mana sumurna! Ku aing
diudag nepi ka mana waé ogé éta bangsat téh.”
Kelenci ngaléngkah ngadégdég. Tapi
terusna mah tenang deui. Di hareupeun sumur tempat tadi manéhna ngeunteung
jeung murubutkeun cimata kelenci téh eureun.
“Tah, ka jero sumur éta adi uing téh
digusurna,” ceuk kelenci.
Maung téh noong ka jero sumur. Terus
ngagerem némbongkeun amarahna basa katempo ku manéhna aya maung di jero sumur.
Maung di jero sumur téh ngabales ngagerem, da puguh apan kalangkangna. Si maung
beuki ambek, komo basa manéhna nempo kelenci teu walakaya siga dikerekeb maung
di jero sumur. Puguh mah kalangkang kelenci anu ogé milu noong. Henteu mikir
deui da puguh awak jeung jiwana kalimpudan amarah, maung téh ngagerem beuki
kerep némbongkon hunteu jeung sihungna. Lantaran maung di jero sumur ogé
ngagerem siga anu ambek, ngan gajleng wé maung anu pinuh ku amarah téh
ngarontok.
Sasatoan séjénna anu ngarintip kalakuan
kelenci, kalaluar tina rungkun-rungkun jeung tatangkalan tempat ngintipna.
Maranéhna surak, terus narangkeup kelenci.
Gajah tanggah ka kaula. Pokna téh, “Tah
kitu dongéng maung anu dikawasa ku amarah jeung napsu teh. Da puguh maung téh
pamingpin di ieu leuweung, amarahna téh jadi bencana pikeun sato séjénna.
Sanggeus maung téh ngarontok amarahna, kasalahanana, napsuna, maung téh jadi
sato anu wijaksana, jadi pamingpin anu dipikacinta.”
Sakabéh sato di eunteung cai sumur téh
saterusna mah ngaleungit. Simpé ngarayap kana dingding sumur, terus kana jujukutan,
kana tatangkalan, tungtungna sumélékét kana urat jeung pori-pori anu aya dina
awak kaula. Simpé sumélékét kana haté pangjerona. *1
**
Ti jero eunteung cai sumur mucunghul
titik cahaya. Titik cahaya téh ngambang, sagedé siki pedes. Terus ngagedéan jadi
sagedé bal pingpong, sagedé bal ténis, sagedé bal sépak, sagedé baskom, sagedé
liang sumur. Cahaya téh mudal, siga anu ngarayap ngaliwatan dingding sumur,
terus mancawura narémpel dina dangdaunan, dahan-dahan jeung régang, jujukutan.
Sakuriling tempat karamat téh disipuh cahaya. Ti jero sumur, bareng jeung
cahaya anu terus mudal, kaluar jalma-jalma anu aya ku éndah éta pameunteuna. Maranéhna
ngibing ngageuing-geuing, ngahariring ngingetkeun éling. Terus maranéhna
gugupay. Saha atuh maranéhna téh?
“Jleng atuh, Jalu... Hayu urang
teuteuleuman di sumur ieu. Jleng atuh... sangkan hidep ngarasakeun éndahna
hirup,” pokna téh rampak, sorana nyulusup kana kalbu. Oh, meureun maranéhna téh
anu ngalalana kapincut sasakala ieu sumur bari terus brus teuleum di jerona.
Da geuning haté kaula ogé henteu kuat
hayang ngajleng, kokojayan, teuteuleuman, di cai sumur anu ngagenyas matak
seger matak bageur. Haté téh siga anu manggihan tempatna bumetah. Tempat anu
mangtaun-taun, boa saumur hirup kaula, leungit tina implengan.
“Jleng atuh, Jalu... sangkan hidep
ngarasakeun éndahna hirup,” ceuk maranéhna deui.
Kaula mundur dua léngkah, najan haté mah
kumejot, sajleng-jlengeun ka jero sumur. Kaula gogodeg. Apan tugas kaula mah
lain ngalalana nunutur raratan sumur karamat ieu, terus kokojayan,
teuteuleuman, nyenangkan diri di jerona. Enya ogé ieu haté mimiti surti naha
salila ieu utusan anu ngalalana nutur-nutur raratan sumur karamat ieu henteu
mulang deui ka alam nyata.
Kaula mah meureun acan waktuna saperti
maranéhna. Acan waktuna pikeun kokojayan, teuteuleuman, nyenangkeun diri di
sumur eunteung ieu. Kaula masih boga tugas pikeun nepikeun kumaha éndahna
dongéng maung anu ngarontok nekuk amarahna, kasalahanana, napsuna, di sumur
karamat ieu, ka singsaha waé anu sadar diri di alam nyata.
**
“Dongéng Maung jeung Sumur Karamat anu
kawentar mangabad-abad, dituliskeun dina kitab-kitab, diajarkeun para kasepuhan
di kabuyutan, ngan sakitu?”
“Henteu lepat, mung sakitu anu
kapendak.”
“Dongéng sajatining hirup téh saukur
dongéng budak borok hulu?”
“Timbalan, Pangersa. Sapertos kitu
ayana, bawiraos éta téh sanés dongéng budak borok hulu, tapi dongéng manusa
mangsa déwasa.”
“Ponggawa... cangkalak éta jelema gedé
wadul téh! Embarkeun ka hambarahayat sakabéh, pabeubeurang engké bakal aya anu
dihukum gantung, nyatana jelema anu geus ngawadul ngadongéngkeun sasakali
sajatining hirup anu mangabad-abad ku urang dihormat!”
Raja barangasan
téh sosoak. Terus ngagejlig ninggalkeun riungan.
Pabeubeurangna kaula digiring ka
alun-alun. Suku dibeungbeuran atom, leungeun ditali dadung. Anu lalajo réwuan
jumlahna. Aya anu naék kana tatangkalan atawa témbok, anu dipunglu, anu ronghok
di balkon loténg sisi jalan. Basa léngkah mimiti nété jalan, ratusan atawa
meureun réwuan, pamalédog dialungkeun. Tomat buruk, endog buruk, cai
kolombéran, tai hayam, bangké beurit, jeung duka naon deui. Atuh sakujur awak
kaulu rancucut ku babauan.
Tapi haté téh bet henteu maliré anu
kararitu. Da puguh ti tadi ogé bungangang. Êndah ningali cahaya anu melengkung
lir katumbiri di langit. Cahaya anu jadi jalan pikeun jalma-jalam anu ngibing
jeung ngahariring. Cahaya anu jadi jalan karnaval maung jeung balad-baladna.
Maranéhna gugupay, ngajakan gancang-gancang kaula ngajleng ngagabung jeung
maranéhna.
“Jleng
atuh, Jalu... sangkan hidep ngarasakeun éndahna hirup.”
Euleuh, geuning liang tali gantungan téh
ayeuna mah siga liang sumur anu mudalkeun cahaya.
**
“Saenyana judul dongéngna naon? Naha
sasakala Maung jeung Sumur Karamat, atawa Karajaan Anu Paburantak?” ceuk budak
dugul anu pogot ngadéngékeun dongéng.
Tukang dongéng téh imut. Pokna téh,
“Judulna mah meunang naon waé. Ngan saeunggeus hukuman gantung téa
dilaksanakeun, mangabad-abad henteu aya anu sanggup nyurahan sasakala
sajatining hirup anu dipusti-pusti téa. Karajaan anu ngaramatkeun éta sasakala,
angger paburantak. Usum hujan banjir di mana-mana, usum halodo kalaparan da
tatangkalan gararing. Walungan, sawah, situ, jadi tempat pamiceunan limbah
jeung runtah. Gunung-gunung garundul. Abdi nagara, eksekutif jeung legislatif,
korupsi jeung kolusi bébéakan. Unggal proyek di instansina dipotong nepi ka
50%. Bangsat kai di gunung-gunung, bangsat hasil tambang, bangsat kakayaan
laut, diarantep da puguh nyogok. Hamba rahayatna loba anu jadi babu di
mancanagara, atawa koréh-koréh cok di tempat runtah. Rajana, tah rajana....”
****
Tanjungsari, 2013
Catatan:
*1. Dongéng maung anu ngarontok amarahna,
kasalahanana, dicutat tina kisah Jalaludin Rumi anu ditulis deui ku Abdul
Rahman Azzam dina buku Untaian Kisah Menawan dari Matsnawi Rumi (The Kingdom of
Joy).
0 Response to "DONGENG MAUNG JEUNG SUMUR KARAMAT"
Posting Komentar