BISMAYUDA


Mangle 19-2-2016 MUAT no 2568, 10-16 Maret 2016
Ingin membaca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik saja DI SINI

Basa karérét anu maju ka tengah tegal Kurusétra téh Srikandi, Resi Bisma imut. Anjeunna peureum sakedapan. Najan kitu, Srikandi anu nangtung dina karéta perang katingali teuneung jeung ludeungna. Rambutna ririaban diulinkeun angin anu mawa bau hangru, jerit prajurit, patingbelentrang pakarang, ketirna bitotama, hariwangna perang, ka tempat-tempat anu jauh. “Cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa,” gerentes Resi Bisma.
Harita téh Baratayuda Jayabinangun keur meujeuhna campuh. Resi Bisma anu jadi senapati perang ti pihak Kurawa masih ngagem wangunan perang Heulang Ngalayang. Enya lebah jangjang kénca mah prajurit Kurawa téh rada paburantak. Bima ngamuk. Sakali ngaheumbatkeun gada Lukitasari, belasan prajurit ngaracleng bari ngocéak. Komo deui Setyaki ngabantuan di gigireunana anu ogé ngabubat-babit gada Wesikuning.
Atuh prajurit Kurawa anu diluluguan ku Jayadrata jeung adi-adina Duryudana, mundur katawuran. Durmuka, Citrawarman, Kanabayu, Jayawikatha, Subahu, Citraksa, Citraksi, boa aya anu perlaya. Laju Bima jeung Setyaki rada ngaheunggeu lantaran Resi Bisma mentangkeun gondéwa ka lebah dinya. Enya panah Bargawastra téh henteu matak bobor karahayuan pikeun Bima jeung Setyaki mah. Tapi rosana tanaga éta panah nyababkeun dua lulugu prajurit Pandawa téh ngacleng sababaraha méter. Apal ti mana asalna panah anu ngarentetkeun niat Bima jeung Setyaki pikeun leuwih maju.
Sedeng di bagian tengah, wangunan perang Heulang Ngalayang Kurawa leuwih unggul. Ari kituna, saha atuh anu bisa ngayonan Resi Bisma anu jadi lulugu utama. Drestajumena, adina Srikandi, puguh deui lain lawan anu imbang. Tadi isuk basa perang dimimitian deui, wangunan perang Capit Hurang anu diluluguan ku Drestajumena katétéran di bagian tengah. Matak Batara Kresna langsung miwarang Arjuna pikeun ngabantuan Drestajumena. Panah Bargawastra anu basa dipentangkeun ka langit ngajirim rébuan jamparing, diancurkeun ku panah Arjuna. Lamun Arjuna henteu gancang mantuan, boa wangunan perang Capit Hurang téh saukur tinggal capitna.
Enya ogé kitu, Baratayuda poé ayeuna henteu sacampuh poé-poé kamari basa Senapati utama ti pihak Pandawa nyaéta Resi Séta. Dibantua ku adi-adina, Utara jeung Wratsangka, Resi Séta téh lawan anu saimbang pikeun Resi Bisma. Puguh atuh duanana resep ngulik silat ti leuleutik, ngaguru élmu ti bubudak, tatapa nguatkeun raga taya laasna, mujasmedi meredih asih Gusti geus jadi ciri dina ati. Matak alam karasa héabna basa ajian Narantaka Rési Séta neumbrag panah Bargawastra Rési Bisma.
“Tapi perang téh henteu karasa nanaon dibanding perang anu campuh geus mang alam-alam, dina diri,” gerentes Resi Bisma. “Baratayuda mah kakara popoéan umurna, apan perang dina diri mah geus naunan, geus baal lamun dina tatu mah.”
Ras Resi Bisma inget ka indung-bapana, Prabu Sentanu jeung Ibu Setyawati. Oh, ka jaman leuwih béh ditu malah, basa Prabu Sentanu, raja Astina anu beurat beunghar, kapentang asmara ku kageulisan Dewi Gangga, puteri ti Kahiyangan.
“Panglamar anjeun ditampi ku ati anu beresih, tapi aya saratna,” ceuk Dewi Gangga. “Unggal orok anu lahir tina pertikahan urang, barang brol téh kedah teras dipalidkeun ka walungan Gangga.”
“Bagja anjeun mah, Rama Prabu, tiasa ngumbar cinta sakarepna,” gerentes Resi Bisma. “Apan dugi ka dalapan orok harita anu dipalidkeun. Basa orok kasalapan, rasa cinta ogé nyababkeun Rama Prabu pisah sareng Ibu Dewi Gangga. Nyaah ka orok lamun seug kudu dipalidkeun dina umpalan walungan Gangga.”
Harita Prabu Sentanu milarian anu sanggup nyusuan orokna anu dingaranan Dewabrata. Tapi teu aya anu sanggup da orok téh nyusu taya eureunna, matak begung anu nyusuanna. Nya pendak sareng Setyawati anu sanggup ngarépéhkeun Dewabrata.
“Sim abdi nampi ditikah, tapi ku sarat,” saur Setyawati. “Abdi hoyong janten praméswari. Hartosna, anu baris ngawasa di Astina engké kedah turunan sim abdi.”
Prabu Sentanu kapaksa nyatujuan. Nya lahir Citranggada jeung Wicitrawirya. Dewabrata mah apan acan apal nanaon harita. Sanggeus sawawa, basa Prabu Sentanu niat undur tina karatuan, Dewabrata kakara apal kana jangji kolot-kolotna. Nyaah ka rama, lamun cidra tina jangji naon kasebutna, komo niat undur tina karatuan téh apan pikeun ngadeg pandita. Dewabrata ngéléhan enya ogé dirina anu hak nyakrawati di Astina. Anu diistréna jadi raja Astina téh Citranggada.
Malah aya leuwihna, basa aya rasa kasieun engkéna bakal aya rebutan kakawasaan antara turunan Dewabrata jeung Citranggada, Dewabrata ngéléhan deui waé. Harita sumpah Brahmacahya téh diucapkeunana. Sumpah anu matak ngageunjleungkeun jagat pramudita. Nya harita Dewabrata meunang lalandian Bisma, hartina anu ngageunjleungkeun. Bisma sumpah moal nikah saumur hirupna.
Ti harita perang dina dirina lumangsung, henteu aya eureunna. Antara nyaah ka anu jadi ibu-ramana, rasa kaduhung ngagugunung, jeung rasa anu hayang baruntak. Ibu kawalonna, Setyawati alias Durgandini téa, apan sakitu ambisiusna. Basa Citranggada jeung Wicitrawirya perlaya, apan lain dirina anu dipilih nyakrawati di Astina. Padahal apan dirina anu masih aya turunan getih Astina mah. Ngan justru henteu aya pakaitna jeung getih Setyawati. Matakna anu dipilih téh Abiyasa. Enya ogé Abiyasa henteu aya turunan Astina. Enya ogé Abiyasa mah geus teu mikir-mikir haliah dunya. Komo nyakrawati hiji nagara. Da Abiasa mah leuwih resep ngaji diri di pasantren Retawu, Saptaarga, nuturkeun Resi Palasara bapana. Ari hubunganana jeung Setyawati, apan saacan ngajodo ka Prabu Sentanu téh, Setyawati kungsi dipihukum Resi Palasara nepi ka lahir Abiasa.
Harita ogé Bisma téh hayang baruntak. Karunya ka Abiasa anu kaganggu ngaji dirina, karunya ka dirina anu kudu terus ngéléhan, karunya ka ibu Setyawatina anu beuki dijejewét ambisi. Ah, tapi henteu sabaraha perang dina dirina harita mah. Anu leuwih parna mah basa Bisma ngaboyong tilu urang putri ti karajaan Kasi. Amba, Ambika, jeung Ambalika. Ambika jeung Ambalika mah da tadina ogé keur jodo adi-adina. Tapi Amba, apan bet meulit ka dirina.
Amba mah ngabogaan nasib anu mandiri. Saacan Bisma milu saémbara, Amba téh geus milih Raja Samba. Tapi Raja Samba téh terusna serah bongkokan ka Bisma. Basa dipasrahkeun ka Wicitrawirya, Amba téh terus terang. Atuh Wicitrawirya ogé nolak. Amba terus dianteurkeun ka Raja Samba, tapi ogé ditolak. Raja Samba ngarasa henteu hak ngaboyong Amba da ngarasa éléh ku Bisma. Atuh Amba terusna mah nunutur Bisma. Malah mah terusna bogoh jeung nyaah sanggeus asruk-asrukan mileuweungan duaan.
Bohong lamun Bisma ngarasa euweuh rasa ka Amba. Harita Bisma ngarasa kumaha beuratna nyepeng pageuh jangji brahmacahya. Ampir-ampiran dirina bobor karahayuan. Enya Amba téh geulis. Soca jeung teuteupna matak deungdeuleueeun. Halimpu haréwosna matak dédéngéeun. Tapi lain éta anu ampir-ampiran ngaruntagkeun Bisma mah. Bisma ampir henteu kuat basa ningali ngagukgukna, ngageurina Amba, asa diteungteuinganan ku dirina.
“Jungjunan panutan abdi, kedah kumaha deui atuh ngabuktoskeun kanyaah sareng kadeudeuh kanggo Salira,” ceuk Amba bari ngagukguk. “Najan kitu, abdi tos moal incah balilahan. Rasa sareng haté abdi mah kanggo Salira.”
“Hampura Amba. Lamun seug henteu katalian ku sumpah....”
“Salira ulah ewed upami abdi nunutur ka Salira.”
Éta anu matak ngabingungkeun Bisma. Matak hiji waktu mah kapaksa nodongkeun gondéwa ka Amba, nyingsieunan ngarah henteu nunutur deui. Kitu ogé bari jariji Bisma téh ngageter. Basa késang ngabaseuhan sela-sela jarijina, basa bingung ngulayaban dina dirina, jamparing téh leupas, ngabelesat nubles Amba. Reup poé ngadadak angkeub. Bisma ngagukguk kanyenyerian bari mangku Amba. Harita, ngan harita-haritana, Bisma ngarasakeun nyaah jeung deudeuh ka hiji awéwé anu nyasaak dirina sapanjang hirupna.
Basa Srikandi jadi senapati utama ngaluluguan prajurit Pandawa, terus mentangkeun gondéwa dilelempeng ka dirina, Bisma imut. Puguh lain Srikandi salaku incuna anu katingali ku Bisma mah. Amba anu imut ngabagéakeun, ranggah hayang ditangkeup, anu aya dina implengan Bisma mah. Basa panah Pasopati anu ngabelesur niruk dada Bisma, reg waktu téh siga anu eureun. Baratayuda Jayabinangun reureuh sakedapan. Arjuna ngajleng tina karéta perang. Yudistira jeung Bima ngaboro. Duryudana, Dursasana, katut adi-adina lalumpatan.
Waktuna lekasan perang dina diri Bisma.  

Pamulihan, 19 Pebruari 2016     

        

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BISMAYUDA"

Posting Komentar